Minggu, 26 Desember 2010

Sajarah Basa Sunda

Basa Sunda ti mangsa ka mangsa ngalaman kamekaran jeung parobahan boh dina pungsina kitu deui dina wanguna. Di handap ieu mangrupakeun pedaran ngeunaan kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa:
Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa.
Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna) saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti atawa nu aya dina karya sastrana:
• Transkripsi prasasti Ciaruteun titinggal Purnawarman
Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam
nu hartina: ieu (tapak) dua sampéan airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan.

• Transkripsi prasasti Pasirmuara di Cibungbulang, titinggal karajaan Sunda
ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda
nu hartina: ieu téh ucapan Rakeyan Juru Pengambat dina taun saka 458 nu nétélakeun yén pamaréntahan daérah dipulihkeun ku Raja Sunda.

• Transkripsi prasasti Astana Gede titinggal karajaan Sunda di Kawali
nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul
nu hartina: ieu nu tapa di Kawali téh nyaéta tapana nu mulya lir déwa. Gusti nu bagja, Raja Wastu nu ngéréh di kota Kawali, nu parantos mapaés Karaton Surawisésa nu ngadamel kakalén sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayunna aya nu kersa midamel kasaéan sangkan punjul sajagat.


Mangsa II (1600-1800 Maséhi)
Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa, basa Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar Sunda geus jlug jleg pasantrén, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna "undak usuk basa" kana basa Sunda téh, nu mangrupa pangaruh tina basa Jawa (contono dina naskah Wawacan Sulanjana).

Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).
Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).

Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).

PRASASTI KAWALI

PRASASTI KAWALI I

Nihan tapak walar nu siya mulia
Tapak inya Prabu Raja Wastu
Mangadeg di Kuta Kawali
Nu mahayu na kadatuan Surawisesa
Nu marigi sakuliling dayeuh
Nu najur sakala desa

Aya ma nu pandeuri
Pakena gawe rahayu
Pakeun heubeul jaya dina buana


PRASASTI KAWALI II

Aya ma
Nu ngeusi inya Kawali ini
Pakena kerta raharja
Pakeun nanjejur nu juritan

PRASASTI BATUTULIS

Wang na pun
Iti sakakala Prabu Ratu
Purane pun
Diwasti diya wingaran
Prebu Guru Dewata Prana
Diwastu diya dingaran
Sri Baduga Maharaja Ratu Haji
Di Pakwan Pajajaran
Sri sang Ratu Dewatu pun
Nya nu nyusuk na Pakwan
Diya anak Rahiyang Dewa Niskala
Sang sida mokta di Guna Tiga
Incu Rahiyang Niskala Wastu Kancana
Sang sada mokta ka Nusa Larang
Y siya nu nyiyan sakakala gugunungan
Ngabalay nyiyan samida
Nyiyan Sang Hiyang Talaga Rna Mahawijaya
Ya siya pun
I Saka panca pandawa ngeban bumi

(Transkripsi Hasan Djafar,1991