Minggu, 27 September 2009

Sajarah

Sumedang Larang
Sumedang Larang nyaeta hiji karajaan Islam nu kungsi ngadeg di Jawa Kulon, Indonésia, nu mangrupakeun bukti sajarah sumebarna agama Islam di Jawa Kulon. Ieu karajaan teu kawentar kawas Demak, Mataram, Banten sarta Cirebon dina pustaka sajarah karajaan-karajaan Islam di Indonésia. Tapi, ayana karajaan ieu mangrupa bukti sajarah anu pohara kuat pangaruhna dina sumebarna Islam di Jawa Kulon sakumaha anu dipigawé ku Karajaan Cirebon sarta Kasultanan Banten.
Sajarah

Karajaan Sumedang Larang (ayeuna Kabupaten Sumedang) nyaeta salah sahiji tina sakitu lobana karajaan Sunda nu aya di propinsi Jawa Barat, Indonesia. Lian ti eta dipikawanoh oge karajaan Sunda sejenna saperti Karajaan Pajajaran nu oge masih aya tumalina nu kacida raketna jeung karajaan saacanna (Karajaan Galuh), ngan ayana karajaan Pajajaran ieu panungtunganana di Pakuan (Bogor) sabab ayana serangan aliansi karajaan-karajaan Cirebon, Banten jeung Demak (Jawa Tengah). Ti saprak harita, Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan anu ngabogaan otonomi lega pikeun nangtukeun nasibna sorangan.

Asal ngaran

Karajaan Sumedang Larang asalna ti karajaan Islam Sunda-Pajajaran anu diadegkeun ti saprak abad ka-6 Masehi ku Prabu Adji Bodas dumasar kana paréntah Prabu Suryadewata saméméh Karaton Galuh dipindahkeun ka Pajajaran, Bogor. Sairing jeung robahna jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman sawatara parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Tembong Agung (Tembong hartina katingali sarta Agung hartina luhur) dipingpin ku Prabu Guru Adji Bodas dina abad ka 6. Saterusna dina mangsa jaman Prabu Tadjimalela, diganti jadi Himbar Buana, anu harti nyaangan alam, sarta saterusna diganti deui jadi Sumedang Larang (Sumedang asalna ti Insun Medal/ Insun Medangan anu harti kuring dilahirkeun, sarta Larang hartina hiji hal anu euweuh tandinganana).





Pamaréntahan berdaulat

Ratu Pucuk Umun sarta Pangeran Santri

Dina panengah abad ka-16, Ratu Pucuk Umun, saurang wanoja turunan raja-raja Sumedang kuna anu mangrupa saurang Sunda muslimah; nikah ka Pangeran Santri (1505-1579 M) anu boga gelar Ki Gédéng Sumedang sarta maréntah Sumedang Larang bari nyebarkeun ajaran Islam di wewengkon éta. Pangeran Santri nyaéta incu ti Syekh Maulana Abdurahman (Sunan Panjunan) sarta buyut ti Syekh Datuk Kahfi, saurang ajengan turunan Arab Hadramaut anu asalna ti Mekkah sarta nyebarkeun ageman Islam di sagala rupa penjuru wewengkon di karajaan Sunda. Nikahna Pangeran Santri jeng Ratu Pucuk Umun ieu ngababarkeun Prabu Geusan Ulun atawa dipikawanoh minangka Prabu Angkawijaya.

Prabu Geusan Ulun

Prabu Geusan Ulun (1580-1608 M) dinobatkeun pikeun ngagantikeun kakawasaan bapana, Pangeran Santri. Anjeunna netepkeun Kutamaya minangka ibukota karajaan Sumedang Larang, anu tempatna di bagian kulon dayeuh. Wewengkon kakawasaanana ngawengku Kuningan, Bandung, Garut, Tasik, Sukabumi (Parahiangan) kajaba Galuh (Ciamis). Karajaan Sumedang dina mangsa Prabu Geusan Ulun ngalaman kamajuan anu pesat dina widang sosial, budaya, ageman, militer sarta pulitik pamaréntahan. Sanggeus wafat dina warsih 1608, putera kandungna, Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata/Rangga Gempol I atawa anu dipikawanoh kalawan Raden Aria Suradiwangsa ngagantikeun kapamingpinan bapana.

Pamaréntahan di sahandapeun Mataram

Dipati Rangga Gempol

Dina waktu Rangga Gempol nyekel kapamingpinan, dina warsih 1620 M Sumedang Larang dijadikeunana wewengkon kakawasaan Karajaan Mataram di sahandapeun Sultan Agung, sarta statusna minangka 'karajaan' dirobah jadi 'kabupatén'. Hal ieu dipigawé ku manéhna minangka usaha ngajadikeun wewengkon Sumedang minangka wewengkon pertahanan Mataram tina serangan Karajaan Banten sarta Walanda, anu keur ngalaman konflik jeung Mataram. Sultan Agung saterusna mikeun paréntah ka Rangga Gempol reujeung pasukanana pikeun mingpin serangan ka Sampang, Madura. Sedengkeun pamaréntahan pikeun samentara dibikeun ka adina, Dipati Rangga Gede.

Dipati Rangga Gede

Nalika satengah kakuatan militer kabupatén Sumedang Larang diinditkeun ka Madura nurutkeun titah Sultan Agung, datang pasukan Karajan Banten pikeun nyerang. Alatan Rangga Gede henteu sanggup nahan serangan pasukan Banten, manéhna ahirna kabur. Kaéléh ieu nyababkeun ambekna Sultan Agung ku kituna manéhna nahan Dipati Rangga Gede, sarta pamaréntahan saterusna dibikeun ka Dipati Ukur.

Dipati Ukur

Sakali deui, Dipati Ukur diparentah ku Sultan Agung pikeun babarengan jeung pasukan Mataram narajang sarta ngarebut pertahanan Walanda di Batavia (Jakarta) anu dina ahirna gagal. Kaéléh pasukan Dipati Ukur ieu henteu dilaporkeun geura-giru ka Sultan Agung, diiberkeun yén manéhna kabur tina pertanggungjawabanana sarta ahirna katangkep dina panyumputanana dumasar kana beja mata-mata Sultan Agung anu ngawasa di wewengkon Parahiangan.


Babagean wewengkon karajaan

Sanggeus béak mangsa hukumanana, Dipati Rangga Gede dibere kakawasaan pikeun balik deui maréntah di Sumedang. Sedengkeun wewengkon Parahiangan di luar Sumedang sarta Galuh (Ciamis), ku Mataram dibagi jadi tilu bagian:
Kahiji, Kabupatén Bandung, anu dipingpin ku Tumenggung Wirangunangun,
Kadua, Kabupatén Parakanmuncang anu dimpimpin ku Tanubaya, sarta
Katilu, kabupatén Sukapura anu dipingpin ku Tumenggung Wiradegdaha/ R. Wirawangsa.

Titilar budaya

Nepi ka kiwari, Sumedang masih boga status kabupatén, minangka sésa titilar konflik pulitik anu réa diintervensi ku Karajaan Mataram dina mangsa éta. Sedengkeun artefak sajarah mangrupa pusaka perang, atribut karajaan, pakakas raja-raja sarta naskah kuna titilar Karajaan Sumedang Larang masih bisa ditempo sacara umum di Musieum Prabu Geusan Ulun, Sumedang tempatna pas di kidul alun-alun dayeuh Sumedang, ngahiji jeung Gedong Srimanganti sarta wangunan pamaréntah

Sajarah

Sajarah Cianjur
Sajarah Cianjur mangrupakeun carita sajarah nu bisa dijujut dumasar kana sababaraha sumber, sabagean diantarana mangrupakeun carita nu mangrupakeun hasil tina panalungtikan sajarah, sabagean deui mangrupakeun carita rahayat nu sumebar di wewengkon Cianjur jeung wewengkon lianna di Tatar Sunda, ngeunaan asal muasal jeung kamekaran Cianjur baheula, nepikeun ka kiwari.

Jujutan sajarah

Taun 1529

Talaga direbut ku Cirebon ti nagara Pajajaran, dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ti harita rahayat Talaga loba nu ngagem agama Islam, tapi raja-rajana mah ngagem kénéh agama karuhunna, nya éta agama Hindu. Anapon raja-rajana téh nya éta:
Prabu Siliwangi
Mundingsari
Mundingsari Leutik
Pucuk Umum
Sunan Parunggangsa
Sunan Wanapri
Sunan Ciburang

Sunan Ciburang boga anak Aria Wangsa Goparana. Aria Wangsa Goparana téh nu mimiti asup islam diantara kulawargana. Ku sabab teu disatujuan ku nu jadi kolot, kapaksa Aria Wangsa Goparana ninggalkeun karaton Talaga tuluy indit ka Sagarahérang. Di dieu Aria Wangsa Goparana ngadegkeun nagari (sansk = Desa, Bld = negorij).

Ku sabab Talaga direbut ku Cirebon ti taun 1529, rahayat Talaga disebut ogé disebutna rahayat Cirebon. Ku kituna, daérah Sagarahérang rahayatna disebut rahayat Cirebon. Aria Wangsa Goparana tilar dunya dina tungtung abad ka ka-17, dimakamkeun di kampung Nangkabeurit, kacamatan Sagarahérang, kabupatén Purwakarta. Turunanana nya éta:
Djayasasana,
Wiradwangsa,
Candramanggala,
Santaan Kumbang,
Yudanagara,
Nawig Candradirana,
Santaan Yudanagara, jeung
Nyi Murti.

Aria Wangsa Goparana satuluyna nurunkeun katurunan nu mibanda gelar Wira Tanu jeung Wira Tanu Datar sarta rundayanana. Anakna nu ka-hiji, Djayasasana, sanggeusna sawawa ninggalkeun Sagarahérang ka Cijagang. Taya katerangan nu leuwih écés perkara pindahna Djayasasana. Tapi aya sababaraha data nu bisa dipaké pikeun ngira-ngira waktu pindahna Djayasasana, diantarana:

“Suatu cerita rakyat, yang diolah oleh Walbeehm, mengatakan bahwa atas perintah seorang raja dari Mataram batas sebelah barat harus dijaga terhadap banten (demikian juga Van Rees), yang menempatkannya pada masa Tegalwangi. Cerita lain dari Holle, mengatakan bahwa ketika sensus oleh Puspawangsa ternyata ada 1100 cacah dibawah pimpinan Wira Tanu, 200 diantaranya diperintahkan oleh Mataram pergi ke Cianjur untuk menjaga batas, dibawah pimpinan dari Cirebon.”

Katerangan di luhur dipairan ku de Haan kalayan alesan yén Cianjur harita mah can aya, aya dina sajarah sotéh taun 1678, nya éta dina surat bupati sumedang ka VOC (D.20 Januari 1678)[3]. Pamanggih de Haan kurang leuwih jiga kieu:

“Pemberian tahu yang pertama kali tentang Cianjur adalah D.20 Januari 1678 dalam surat bupati Sumedang: Mereka dari Cirebon telah menduduki pegunungan Cimapag dan pegunungan Cianjur…….”

Satuluyna de Haan nétélakeun:

“(………..adalah tidak mungkin bahwa disini yang dimaksud adalah didirikannya Cianjur, dimana tidak perlu dipikirkan sebagai kolonialisasi dari Ibu Kotanya, Cirebon.)”

Atra di dieu yén pamanggih de Haan museur kana dipakéna ngaran Cianjur. Ceuk pamanggih de Haan mah dipakéna ngaran Cianjur téh gurunggusuh teuing harita mah. Cianjur can aya dina sajarah. Tapi sok sanajan ngaran Cianjur can dipaké, lain hartina yén dina kanyataan Cianjur téh acan ngadeg. Bisa waé cianjur téh geus aya, ngan nu kacatet data sajarah beunang Walanda mah dina D.20 Januari 1678.

Nu perlu diperhatikeun ogé, yén de Haan teu méré pairan ngeunaan sensus nu dilaksanakeun ku Puspawangsa. Kunaon ieu sénsus téh dianggap penting? Ku sabab ku ayana sénsus Puspawangsa ka masarakat nu dipingpin ku Djayasasana, ngabuktikeun yén rahayat Djayasasana geus aya jeung matuh di; sebut waé daérah “X”, nalika dilaksanakeun sénsus. Jeung ieu sénsus téh diayakeun kurang leuwih taun 1655 di daérah “X”. Sakumaha de Haan nétélakeun:

“Ini mengingatkan perhitungan Puspawangsa tadi telah berlangsung setelah ada periode tenteram yang cukup di bawah Sunan Tegal Wangi:…………….terjadi pada masa Wiradadaha I.”

Dina katerangan di luhur, dé Haan ogé ngahaminan ayana kolonisasi rahayat Djayasasana, samalah numutkeun de Haan, meureun kolonisasi nu dimaksud téh lain ti Cirebon. Sunan Tegal Wangi nyepeng kakawasaan ti 1645-1677 jeung Wiradadaha I taun 1614 – 1674. Atuh saupama kitu mah sénsus Puspawangsa téh mémang lumangsung di daérah “X” dina taun + 1655.

Bisa dicindekkeun yén Djayasasana geus matuh di daérah “X” ti saméméh taun dilaksanakeunna sénsus taun 1655. hasil sénsus Puspawangsa nuduhkeun aya 1100 urang atawa + 300 umpi, mangrupa hiji kumpulan masarakat anu dina basa walanda disebutna volkgemeenschap kalayan Djayasasana minangka pingpinanana. Saréngséna diitung ku Puspawangsa, 200 rahayat Djayasasana diparéntah ku Mataram ngajagaan wates kulon. Senapatina Djayasasana. Ti harita Djayasasana disebut Wira Tanu, nu mibanda harti senapati. Rahayat (cacah)-na disebut ogé cacah Wira Tanu.

“Daérah “X” aya di antara Cisadané jeung Citarum, nu ku Jan Pieterszoon Coen mah asup yurisdiksi Batavia, sok sanajan anggapanna ngan sapihak. Ku kituna, daérah “X” jadi bagian pikeun nahan serangan ka Batavia. Daérah “X” téh asup kénéh kana wengkuan kakawasaan Mataram, ngan kusabab tempatna pangjauhna ti Puseur Dayeuh Mataram, kakawasaan Mataram téh ngan karasa hawar-hawar. Katurug-turug nalika daérah “X” dina taun 1652 dipasrahkeun hak pakaina ka VOC, antukna kakawasaan Mataram beuki nyirorot baé. Préténsi Mataram ka daérah “X” nyirorot pisan nepika level 0 nalika taun 1677, ku sabab dumasar kana kontrak Mataram jeung VOC tanggal 25 Februari 1677.

Terus kumaha atuh jeung rahayat Wira Tanu anu tadi kasabit-sabit salila kurang leuwih 30 taun nya éta antara taun 1655 - 1584? Ku lantaran kakawasaan Mataram nyirorot, Pasualan-pasualan sosial saperti bencana alam, wabah kasakit, jeung utamana perang téh teu karandapan nepika rahayat Wira Tanu bisa mekar. Jumlah rahayatna nambahan + jadi 2000 urang. Wira Tanu disebut ogé Dalem (wld = regent) dumasar kana jumlah masarakat nu dipingpinna. Éta hal ditétélakeun dina D. 24 Januari 1680, jadi saméméhna ogé Wira Tanu téh geus mingpin “regentschap” (satuan wilayah satingkat pedaleman atawa kabupatén).

Eusi D. 24 Januari 1680 nya éta saperti kieu:

“………medebrengende een brieffje of javaanse lontor door gemelte javanen te lande van den regent Aria Wira Tanoe uyt de negorye Tsitanjor,……..” anu pihartieunana kira-kira saperti kieu:

(……….mawa surat lontar Jawa ku urang Jawa ti regent Aria Wira Tanu ti negorij Cianjur).

Aya sababaraha catetan penting tina katerangan di luhur:

1. Nu dimaksud negorij téh nya éta tempat mukim, ku kituna regenschap téh salasahiji negorij. Jadi regentschap téh mangrupa negorij, sedeng negorij téh can tangtu regentschap. Begorij bisa mangrupa babakan atawa kampung. Ku kituna saupama aya negorij di jero negorij urang sebut waé sub-negorij atawa “onder negorij.”

2. Tina poin nu ka-hiji bisa dicindekkeun yén “negorye Tsitsanjor” mibanda harti “regentschap” Cianjur. Teu mungkin sub negorij Cianjur kusabab:

3. Wira Tanu nganjrekna di Cikundul (sub-negorij), lain di Cianjur.

4. Sub negorij mah Cianjur mah dipingpinna ku “Kingwey” (Ki ngabehi) Santaparana anu gugur dina perang ngalawan Banten (D.24 Januari 1980)

Perlu ditandeskeun, yén mangsa harita kakawasaan wira Tanu diangkat sacara sosial ku masarakatna, jadi moal aya bungkeuleukan surat kaputusana, upamana ti piha VOC atawa Mataram. Kakawasaan Wira Tanu harita ngawengku +14 Negorij nu biasa disebut umbul atawa cutak. Ku kituna, turunan Wira Tanu nu ka hiji (Wira Tanu II) satuluyna jadi ahli waris dalem anu ka-dua, tapi anu mimiti dina mangsa kakawasaan VOC sacara de facto jeung de jure Walanda taun 1691 – 1707.

Rundayan Aria Wira Tanu

Dalem Aria Wira Tanu tilar dunya antara taun 1681 – 1706, boga turunan 10 urang, nya éta:
Dalem Anom (Aria Natamanggala) gelar dalem di dieu teu ngandung harti “Regent”, ukur ngaran hungkul;
Dalem Aria Martayuda (Dalem Sarampad);
Dalem Aria Tirta (di Karawang);
Dalem Aria Wiramanggala (Dalem Cikondang);
Dalem Aria Wiramanggala, “Regent” ka-hiji nu dikukuhkeun ku Walanda (VOC), disebut ogé dalem Tarikolot;
Dalem Aria Suradiwangsa (Dalem Panembong);
Nyai Mas Kaluntar (Makamna di Dukuh Caringin)
Nyai Mas Karangan (Makamna di Bayabang)
Nyai Mas Djenggot (Makamna teu kapaluruh)
Nyai Mas Bogem (Makamna teu kapaluruh)

Nurutkeun carita rahayat Cianjur mah, aya kénéh turunan Wira Tanu (I) ti garwa nu lain manusa tapi “Jin Islam”, nya éta:
Radén Suriakancana, nu ngahiang di Gunung Gedé[4]
Nyai Mas Indang Kancana alias Indang Sukaesih alias Nyai Mas Kara nu ngahiang di Gunung Ceremai
Radén Andaka Wirusajagad (anu numutkeun naskah Dalem Pancaniti lain putera, tapi puteri nu ngaranna Nyai Indang Radja Mantri), nu ngahiang di Gunung Karawang.
Puterana nu ka-lima, Aria Wiramanggala (Aria Wira Tanu II) nganjrek di Tarikolot Cikalong (R. 4 April 1686) jeung di Cibalagung (R. 6 Mei 1686), anu sok disebut Pasir Wira Tanu. Pangaresep Wira Tanu II téh nya éta tatanén.

Aria Wira Tanu II mindahkeun Puseur Dayeuh Cianjur ti Cikalong ka Pamoyanan

Taun 1691

Aria Wira Tanu II ninggalkeun Cikalong. Pindahna téh ka daérah saparat susukan Cianjur, néangan jeung muka lahan pikeun rahayatna. Ieu tempat téh dingaranan kampung Pamoyanan, anu kaasup kana sub-negorij Cianjur. Ku Wira Tanu II kampung Pamoyanan téh dijieun Puseur Dayeuh Cianjur. Kunaon bet dipindahkeun? Aya sababaraha kamungkinan,

Ayana patemon jeung Adolf Winckler anu dina éta patemon Aria Wira Tanu II ngusulkeun sangkan 2 urang lurah jeung 43 cacah dipulangkeun deui ka Wira Tanu II nu dicokot ku Angga Laksana, Umbul Cilaku. Angga Laksana ngawidian. Ku sabab kitu, Aria Wira Tanu hayang ngandeg mandiri, kusabab di Cikalong ayawali pamaréntahanti Cirebon (Aria Sacakusumah), Aria Wira Tanu II ngarasa kurang bébas; Kadatangan Bartel van der Valck, juru ukur VOC anu geus ngukur-ngukur wates wilayah padaleman, atawa; Ayana wangsit saperti diterangkeun tina naskah Kusumaningrat (Dalem Pancaniti) anu kacindekkan eusina kurang leuwih saperti kieu:

Nalika Wira Tanu (II) tatanén di bukit (anu nepika ayeuna dingaranan Pasir Wira Tanu), kadatangan Jin Puteri anu geus rémpo unjukan ka Wira Tanu (II) “Béjakeun ka lanceuk Andika, Dalem Natamanggala (Dalem Anom) , lamun hayang karaharjaan jeung kadigjayaan, sakuduna manéhna ngadegkeun karajaan di belah kidul-kulon ti Cibalagung, deukeut walungan Cianjur, éta mangrupa tempat nu hadé pikeun ngadegkeun karajaan. Di dinya aya pangupakan Badak Putih jeung hadé pisan, saupama éta pangupakan téh diperenahkeun di tengah-tengah Padaleman (Imah)”. Saréngséna kitu, tuluy jin téh ngaleungit. Teu lila torojol lanceukna datang, laju dicaritakeun ku Aria Wira Tanu II ka Dalem Anom naon anu cikénéh karandapan. Satuluyna Dalem Anom nyarita “ Kuring taya niat pikeun indit ti dieu: di dieu kuring ngarasa bagja. “ satuluyna Wira Tanu II ménta widi ka lanceukna pikeun néangan tempat di deukeut susukan Cianjur, geusan ngadegkeun karajaan. Lanceukna nyatujuan. Antukna Wira Tanu II pindah ka Pamoyanan anu satuluyna jadi Puseur dayeuh “Regenschap” Cianjur.

Nu jadi patalékan téh naha bener kadatangan jin saperti anu dicaritakeun di luhur, atawa nu dimaksud jin téh Bartel van der Valck?

Dalem Aria Wira Tanu Datar III mindahkeun puseur dayeuh ti Pamoyanan ka Kampung Cianjur

Taun 1707

Dalem Aria Wira Tanu II tilar dunya (R. 12 April 1707), digantikeun ku putra sulungna Astramanggala anu diangkat jadi “Regent” ku VOC kalayan gelar Wira Tanu III atawa Dalem Dicondre. Sanggeusna diangkat, Wira Tanu III pindah ti kampung Pamoyanan ka kampung Cianjur, anu kaayaanana mangsa haritra leuwih maju tinimbang Pamoyanan. Sok sanajan jarak dua kampung éta diwilang deukeut, tapi kahalang kénéh ku leuweung jeung walungan. Ku kituna, nu ngadegkeun kota Cianjur téh lain Wira Tanu II, tapi Wira Tanu III. Konsekuensi séjénna yén kota Cianjur téh dijieun Puseur dayeuh taun 1707. perlu diperhatikeun ogé yén Wira Tanu III lain ngadegkeun cianjur minangka Padaleman atawa Sub-negorij, kusabab dina katerangan saméméhna sub-négorij téh geus ngadeg ti saméméh taun 1680 kénéh, tapi Aria Wira Tanu III ngan saukur mindahkeun puseur dayeuh ti Pamoyanan ka kampung Cianjur. Ieu hal téh lumangsung nalika VOC geus ngajajah Cianjur sacara ‘de facto’ jeung ‘de jure’. Nu matak Aria Wira Tanu III mah diangkat ku VOC, sedengkeun Aria Wira Tanu II mah ukur dikukuhkeun hungkul.

Wira Tanu III punjul dina ngalegaan kultur kopi jeung ngalegaan kabupatén jeung kawijakan. Aya sababaraha catetan nalika jaman kakawasaan Aria wira Tanu III.
Wira Tanu III sering ngajukeun préténsi ka Walanda ngeunaan wates wilayah nu sabenerna kaasup wilayah kabupatian anu séjén.
Rahayat Cianjur ngawangun gapura gedé sarupa béntang pikeun kahormatan Wira Tanu III. Belanda ngarasa kasieunan ku éta hal.
Wira Tanu III kungsi ngajukeun gelar “Pangéran Aria Depatty Amancoerat Indator” (Pangeran Aria Dipati Amangkurat Di Datar), nu ngandung harti yén Wira Tanu III nyaruakeun dirina jeung Amangkurat I. Ngan gelar anu dimaksud teu dicumponan ku VOC. Anu dikabulkeun téh ngan “Datar”-na hungkul, nepi ka gelarna jadi Aria Wira Tanu Datar. Kusabab ditarimana éta gelar téh sanggeusna Wira Tanu III tilar dunya, anu maké éta gelar téh ti Wira Tanu Datar IV nepika Wira Tanu Datar VI.
Wira Tanu III ménta ka VOC supaya Citarum dijadikeun wates Cianjur. Ieu hal téh ngandung harti, yén satengahna Bandung jeung Karawang, sarta saparapat ti Parakanmuncang bakal asup ka wewengkon Cianjur.
Wira Tanu III keukeuh sangkan wates Cianjur jeung Kampung Baru, Karawang, Bandung jeung Parakanmuncang ditangtukeun. Ieu hal téh bakal ngabalukarkeun daérah tatangga bakal ngurangan. Dina taun 1724 sabagian wilayah Kampung Baru jeung Sagara Kidul asup ka Cianjur; Jampang mah geus ti heula asup ka Cianjur (1715)

Wira Tanu III tilar dunya dina taun 1726 alatan dicondre, kusabab kitu Wira Tanu III sok disebut Dalem Dicondre.[5]

Kakawasaan Wira Tanu di Cianjur nya éta nepika Wira Tanu Datar VI atawa Dalem Enoh anu jadi Wira Tanu Datar pamungkas anu jadi bupati di Cianjur.

Tina sababaraha katerangan di luhur, tétéla réa patalina carita rahayat jeung pamanggih ahli sajarah téh. Sok sanajan teu bisa dipastikeun, tapi carita rahayat diperlukeun pikeun babandingan dina nyieun kacindekkan sajarah.

Sajarah Cianjur identik jeung Babad Cikundul, ieu hal dilantarankeun nganjrek jeung dimakamkeunana Aria Wira Tanu I nya éta di Cikundul. Kusabab kitu sering Anu satuluyna ngalahirkeun carita-carita rahayat téh urang Cikundul anu sacara geografis deukeut wewengkonna. Saperti carita populer ngeunaan putera ka-hiji Aria Wira Tanu I tina puteri jin nya éta Éyang Suriakancana anu nepika ayeuna dipupusti urang Cianjur, nepika unggal 17 Agustus sok aya pawai Kuda Kosong anu ceuk béja mah cenah nu numpakanna téh nya éta rohna éyang Suriakancana anu ngageugeuh Gunung gedé jeung Gunung mananggél.
Wawacan, mangrupa salasahiji tradisi tinulis ménak Sunda, kaasup di Cianjur. Salasahijina nyaéta [[[Kusumaningrat]] (Dalem Pancaniti) anu nulis wawacan ngeunaan Babad Cikundul.
Nara sumberna Ujang Ahmad, umur 70 taun.
Sistim arsip nu dipaké harita ku Walanda nu disebut “Dagregister” atawa sok disingget “D” nu hartina catetan poéan. Ieu catetan téh dikokolakeun ku VOC dina bénténgna di Batavia. Ieu sistim arsip téh mibanda kahéngkéran, kusabab sistem nulisna harita lain dilakonan ku cara kelompok, tapi campur, anu balukarna hiji Dagregister bisa ngawengku sababaraha kajadian anu waktuna béda.
Sumber ti nu ku urang Cianjur biasa disebut Éyang Suriakancana anu ngageugeuh Gunung Gedé jeung Mananggél. Sok diayakeun acara ritual pikeun ngahormat Éyang Suryakancana unggal 17 Agustus nu disebut ‘Kuda kosong’
Aya sababaraha versi saéstuna mah dicondrena Wira Tanu III téh, samalah aya nu matalikeun jeung kultur kopi jeung aya ogé anu matalikeun jeung pasualan wanoja ti Cikembar nu geus boga beubeureuh

Sajarah

Karajaan Sunda
Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda oge ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putera mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa ku Selat Sunda.

Sajarah

Saméméh ngadeg salaku karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin ka Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua, Sobakancana, kawin ka Dapuntahyang Sri Janayasa, nu salajengna ngadegkeun karajaan Sriwijaya. Nalika Linggawarman pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun (612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh nu mandiri. Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka Sunda, sedengkeun Tarumanagara dirobah jadi bawahanana. Anjeunna diwastu/dijenengkeun raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 519 Saka (kira 18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).

Karajaan 'kembar' Sunda jeung Galuh, nu diwatesan ku walungan Citarum.

Karajaan kembar

Putra Tarusbawa nu cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri, Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi ka gaduh putra hiji, Rahyang Tamperan. Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan Sunda ragrag ka Sanjaya, nu dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh ti Rahyang Purbasora (nu ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang Séna). Ku kituna, dina leungeun Sanjaya, Sunda jeung Galuh ngahiji deui. Pikeun neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga), taun 732 Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di Keling, Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti ku putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.

Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759.

Ti Déwi Kancanasari, turunan Demunawan ti Saunggalah, Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan Medang, nu salajengna neruskeun kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783) maké gelar Prabhu Hulukujang. Kusabab putrana istri, Rakryan Medang ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna, Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi (ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795). Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé putraan istri, mangka kakawasaan Sunda lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) nu ngawasa salila 24 taun (795-819). Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah ka putrana Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus (kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka pupusna taun 891.

Sapupusna Rakryan Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti Galuh, Arya Kadatwan. Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda, anjeunna ditelasan (895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana, Rakryan Windusakti. Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan Kamuninggading (913). Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu taun, sabab lajeng direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri ngawasa salila 28 taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung, taun 942. Neruskeun dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku alona (putra Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Ti Limburkancana, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa (964-973). Ku sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka adi beuteungna, Rakryan Jayagiri (973-989).

Rakryan Jayagiri ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang (989-1012), diteraskeun ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti Déwasanghyang, kakawasaan diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak, Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh ti Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).

Ti Sri Jayabhupati, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja (1042-1064), lajeng ku incu minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi diteraskeun ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku putuna, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175). Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila 122 taun (1175-1297). Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12 taun, tapi lajeng mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.

Sapupusna Dharmasiksa, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal, Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303). Prabhu Ragasuci lajeng digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa salila dalapan taun (1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata (1311-1333). Kusabab putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka minantuna, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350). Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung kakawasaanana perlaya di Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab nalika kajadian di Bubat, putrana -- Niskalawastukancana -- alit kénéh, kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng k Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).

Prasasti Kawali di Kabuyutan Astana Gedé, Kawali, Ciamis.

Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.

Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).

Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja). Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.

Raja-raja Karajaan Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
Rakeyan Banga (739 - 766)
Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
Munding Ganawirya (964 - 973)
Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
Brajawisésa (989 - 1012)
Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
Prabu Linggadéwata (1311-1333)
Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
Prabu Bunisora (1357-1371)
Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
Prabu Susuktunggal (1475-1482)
Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
Prabu Surawisésa (1521-1535)
Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
Prabu Sakti (1543-1551)
Prabu Nilakéndra (1551-1567)
Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Hubungan jeung Éropah

Karajaan Sunda geus lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah. Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis. Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti karajaan Sunda.
Babasan Paribasa

taya tangan pangawasa: jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga;

aya nu dianjing cai: aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu disebut anjing cai téa.

peureum kadeuleu beunta karasa: ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh;

samar polah samar rasa: henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak;

seungit angin-anginan: seungit pisan meleber ka mana-mana;

satungtung deuleu: ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan;

ciri sabumi cara sadésa: masing-masing tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua;

kudu bisa pindah cai pindah tampian: kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;

henteu terus jeung haté: henteu saenyana, ngan ukur omong baé;

silih jenggut jeung nu gundul: ménta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga;

legok tapak genténg kadék: réa pangalaman jeung kanyaho;

désa maca cara nagara mawa tata: ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda;

heureut deuleu pondok léngkah: ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok;

ngabéjaan bulu tuur: ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun;

puraga tamba kadengda: ngajalankeun paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan; digawé asal baé;

leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, il. Ilang tanpa karana;

poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin): poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan;

ulah leutik haté: ulah sieun atawa putus pangharepan;

kabur pangacian: sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget;

muncang labuh ka puhu: jalma nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna. Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan;

garo singsat: samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun garo singsat mah awéwé;

nuturkeun indung suku: leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan;

dahar soré henteu isuk: ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina carita atawa dongéng;

dug hulu pet nyawa: digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu cukup;

sisit kadal: sial

tanda wisnu: tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot;

nepi ka kaurugan taneuh beureum: nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan;

teu uyahan: henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana henteu merenah;

sakecap kadua gobang: ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit bawang;

geus euweuh pangabetah: geus henteu aya nu matak betah;

ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek) : dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké;

gandrung kapirangrung: kaayaan jalma anu kaédanan;

heurin ku létah: rék nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah rék nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur;

kawas hayam keur endogan : élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu;

satru kabuyutan: musuh tuturunan, atawa musuh gerot;

tunggal sakocoran: masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki;

sawan geureuh: gagal ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan tapi henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka budak.

jadi lalab rumbah: jadi bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”;

luncat mulang: gajlig tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu;

ngembang kadu: olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.

asa aing uyah kidul: asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul cenah kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut séjénna;

ditincak hulu: dihina lain lumayan;

mangduakeun : nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu séjén;

kumaha geletuk batuna, kecebur caina: kumaha béhna, kumaha kajadianana baé;

pondok jodo panjang baraya: sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna;

sapu nyéré pegat simpay: pileuleuyan, kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék lunta jauh atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung deui. Sapu nyéré téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat, pasti nyeréna mancawura;

ambek nyedek tanaga midek: rék ngalawan tapi henteu walakaya;

julig ati: goréng haté, hianat;

teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun: wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo;

kajeun kendor dapon ngagémbol: papatah nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil;

dedeg sampé rupa hadé: ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe;

ngalambang sari: awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain muhrim; jinah;

dikojayan: ditulungan tina karurubed

jelema andar-andar: jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan;

nyiduh ka langit: méré naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana;

ngahudang timburu: nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu katalian ku katresna.

ka bau-bau sungut: omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana;

garo-garo teu ateul: gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona téh tukangeun ceuli;

kurang saeundan: rada gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun jadi geugeus atawa gédéng.

kawas kapuk kaibunan: ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya pangawasa;

asa runtag bumi alam: asa lebur kiamat;

taya dunya kinasihan: henteu ngorétkeun naon baé. “Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya kinasihan, naon baé gé moal dikorétkeun.”

randa béngsrat: randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik;

pohara dagdag-dédégna: ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana;

lébér wawanén: gedé kawani, henteu boga kasieun;

teu rék gedag bulu salambar: henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.

kawas sisaru jadi: jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana;

murang-maring: ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna;

teu boga pikir rangkepan: bolostrong, sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu nimbang-nimbang piakibateunana;

ngadék sacékna, nilas saplasna: jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu dipindingan atawa dirasiahkeun;

ditéték nepi ka bubuk leutikna: diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun;

neukteuk méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus: ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan;

murah congcot hambur bacot: béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari nyarékan téh;

nganyar-nganyari: robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da nimbulkeun masalah;

tambuh laku: laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.

Babasan Paribasa - Bagian 2
ampih, ngampih: asup ka enggon, saré. Kecap “ampih” dina “ngampihan” hartina nyimpen, neundeun. “Kira-kira jam tilu, kakara ngarampih” (Si Bedog Panjang);

anak teges : anak sorangan, lain anak téré atawa anak pulung. “Padahal Winarya téh anak teges bapa téréna, anu sakuduna leuwih dipikanyaaah batan manéhna” (Si Bedog Panjang);

beureum beungut : warna beungeut jadi beureum ku sabab getih naék, biasana ku lantaran kawirangan, ngarasa éra. “Demang Dongkol beureum beungeutna” (Pangéran Konél);

congo angin sabalikna tina puhu angin: palebah tungtung angin. Lamun angin ka wétankeun, congona aya pangwétanna, sabalikna puhu angin aya di pangkulonna. Lamun urang aya di puhu angin, sasatoan anu kaliwatan ku éta angin baris nyahoeun yén aya jelema. Sabalikna lamun urang aya dina congo angin, urang moal kanyahoan. “Untung manéhna aya dina congo angin” (Si Bedog Panjang);

dipikolot: dianggap kolot ku lingkunganana, sanajan umurna sahandapeun.”Éta meureun duméh Junus téh budakna simpatik, di kelasna pinter turug-turug dipikolot jeung dipikaresep ku babaturanana” (Si Bedog Panjang);

haneut moyan: waktu poyan karasa haneut lamun urang cicing di luareun wangunan kira-kira pukul 08.00 — 09.00 isuk. Dina basa Sunda haneut poyan dijadikeun ciri waktu. “Bring arindit muru wanci haneut poyan aya di leuweung.” (Si Bedog Panjang);

hayang ngarebut payung: hayang ngarebut kalungguhan atawa kapangkatan sabab di “jaman normal” mah, gegedén téh sok dipaparin payung luyu jeung pangkatna. “Malah émutan abdi Dalem nu mawi pun Jamu ngulik élmu kawedukan, kabedasan ogé moal lepat deui tangtos pribadosna gaduh niat hayang ngarebut payung,” (Pangéran Kornél);

lébér wawanén: pinuh ku kawani, henteu aya kasieun, ludeungan. “Malah nu ngalantarankeun maranéhanana sosobatan ogé saenyana mah lantaran saadat téa, pada teuneung pada ludeung, pada sarua lébér wawanén” (Si Bedog Panjang); “Manahoréng manéhna téh jelema loba pangalamanana, seukeut uteukna bari jeung lébér wawanén deuih.” (Rajapati); “Nu matak pantes ku urang Indian ogé, nu bisa ngarubuhkeun Grizzly mah dianggap lébér wawanén luar biasa.” (Rajapati);

leungiteun tapak: leungiteun susudan. Nu ngudag leungiteun buronanana. “Duka, rupina mah nyamar sangkan anu ngudag-ngudag leungiteun tapak.” (Si Bedog Panjang);

matak muringkak atawa muriding bulu punduk: matak sieun, matak keueung, sabab lamun ngarasa sieun bulu punduk sok harudang. “Sora-sora nu kadéngé mutuh matak keueung, matak tingpuringkak bulu punduk” (Si Bedog Panjang);

meungpeun carang: pura-pura henteu nyaho, sanajan saenyana mah terang. Cara anu meungpeun tapi ramona dicarangkeun, jadi bisa nangénan nanaon anu saenyana kajadian. Meungpeun téh nutupan beungeut ku dua dampal leungeun anu dibébérkeun nepi ka téténjoan kahalangan. “Guru-guru bangsa urang mah kabéh ogé geus aruningaeun, tapi mareungpeun carang baé (Si Bedog Panjang);

miceun salasah: miceun tapak (salah hartina tapak suku) sangkan anu ngudag salah ngajugjug. Nu maling miceun salasah ku jalan neundeun barang beunang malingna di imah atawa pakarangan batur sangkan nu boga éta imah atawa pakarangan anu disangka malingna. “Moal salah ieu téh siasat bapana, pikeun miceun salasah, atawa bisa jadi aya maksud supaya Sunarya dirogahala ku Si Bedog Panjang” (Si Bedog Panjang);

mubur bodas atawa ngabubur beureum ngabubur bodas: salametan nyieun bubur béas diuyahan saeutik (nu beureum digulakawungan) tandaning ngarasa atoh ku lantaran geus salamet tina pancabaya atawa ku sabab geus ngahontal anu dipikahayang. “Jelema sapangeusi cangkinganana ngan sirik teu mubur bodas bawaning ku aratoh éta Demang dipocot lantaran méh sarérea pada ngarasa teu ngeunah dikapalaan ku manéhna téh (Pangeran Kornél);

ngarah pati: rék maéhan, rék ngala patina. “Teu msutahil mun maranéhanana baris ngararah pati ka urang” (Si Bedog Panjang);

pahatu lalis: biasana budak anu geus henteu indung henteu bapa, nunggelis, hirup nyorangan henteu aya tempat nyalindung. “Duh, Ya, urang téh pahatu lalis ayeuna mah, Akang soténan, da Yaya mah réa kenéh pamili di Lémbang” (Si Bedog Panjang); “Ku margi abdi Dalem ngaraos pahatu lalis, lajeng ngabujeng ka Limbangan, ka pun aki.” (Pangéran Kornél);

sada gelap salésér: sora guludug anu ruruntuyan anu matak kagét jeung sieun, biasana dilarapkeun ka jalma anu ngarasaeun kagét ku lantaran ngadéngé omongan anu henteu disangka pisan tur matak wirang malah ngabahayakeun ka dirina. “Éta lahiran kadéngéna sada gelap salésér baé, tina henteu nyana Kangjeng Dalem bakal kitu dawuhanana” (Pangéran Kornél);

seuri maur: seuri bari semu nyeri jeung éra, seuri kapaksa. “Mang Murnasim seuri maur” (Si Bedog Panjang);

sisit kadal: goréng milik, sakapeung disebut goréng sisit. Jigana keur urang Sunda mah sisit téh nangtukeun kadar. “Mun nyaho pikaresepeun kieu mah meureun maksa baréto téh, moal mikeun digantian ku Adi Sunarya. Ah, dasar sisit kadal!” (Si Bedog Panjang); “Dasar awak aing mah sisit kadal!” si Abdul ngomong sorangan bari ngasur-ngasur suluh.” (Rasiah Geulang Rantay);

teu aya nu dikilungan: teu aya anu disumputkeun, sagala rupana dicaritakeun sajalantrahna. “Ku manéhna henteu aya nu dikilungan” (Si Bedog Panjang)
PANTUN

Pantun atawa carita Pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang “juru Pantun” nu oge maenkeun kacapi.

Sajarah Pantun
Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Cateten pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian taun 1518 nu nyebutjuen ngeunaan carita Pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku :prepantun”, juru pantun tea. Pantun nu oge kawilang kuna nyaeta Pantun Bogor nu dicaritakrun ku Ki Buyut Rambeng.
Kamekaran seni pantun salajeungna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajenna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciiung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Dengdeng Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan,jsb. Di Kanekes nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun teh dalit pisan, Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langensari Kolot, Langensari ngora,Jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Uce. Sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar teh Pantun Beton ”Wikatmana”

Pintonan
Seni Pantun dipidangkeun dina dua bentuk :
1. pikeun hiburan
2. pikeun ritual

Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, misalna ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang,kayaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katembong sakral batan tina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00.
Sacara umum, pola pintona pantun bisa diudar di susunan kieu :
1. Nyadiakeun sasajen
2. Ngukus menyan
3. Rajah pamunah
4. Carita di bubuka nepi ka panutup
5. Ditutup ku rajah pamungkas

Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak aheng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun teh mangrupa campuran eta dua jaman. Najan aya istigfar (Islam), istilah-istilah sarupaning ”Dewata”, :Pohaci”. Para Karuhun”, ”Buyut”, jsb.
Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru Pantun nu aya keneh teh geus kari sababaraha urang.

Pamirig
Waditra nu sok mirig pintonan pantun teh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanekes kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung, nepi ka kacapi siter. Laras (tangga Nada) nu sok dipake mirig carita pantun nyaeta laras pelog, tapi loba oge nu make laras salendro.


Daftar Carita Pantun
1. Ciung Wanara
2. Lutung Kasarung
3. Mundinglaya Di Kusumah
4. Aria Munding Jamparing
5. Banyakcatra
6. Badak Singa
7. Bima Manggala
8. Badak Sangorah
9. Bima Wayang
10. Budak manjor
11. Budug Basu/Sri Badana/Sulanjana
12. Bujang Pangalasan
13. Burung Baok
14. Buyut Orenyeng
15. Dalima Wayang
16. Demung Kalagan
17. Deugdeug pati Jaya Perang/Raden Deudeug Pati Jaya Perang/Prabu Sandap Pakuan
18. Gajah Lumantung
19. Gantangan Wangi
20. Hatur Wangi
21. Jaka Susuruh
22. Jalu Mantang
23. Jaya Mangkurat
24. Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
25. Kidang Panandri
26. Kidang pananjung
27. Kuda Gamdar
28. Kuda Lalaen
29. Kuda Malela
30. Kuda Wangi
31. Langla Larang
32. Langga Sari
33. Langgon Sari
34. Layung Kumendung
35. Liman Jaya Mantri
36. Lutung Leutik/Ratu Bungsu Kamajaya
37. Malang Sari
38. Manggung Kusuma
39. Matang Jaya
40. Munding jalingan
41. Munding Kawangi
42. Munding Liman
43. Munding Kawati
44. Munding Mintra
45. Munding Sari Jaya Mantri
46. Munding Wangi
47. Nyi Sumur Bandung
48. Paksi Keling / Wentang Gading
49. Panambang Sari
50. Panggung Karaton
51. Parenggong Jaya
52. Raden Mangprang di Kusumah
53. Raden Tanjung
54. Raden Tegal
55. Rangga Sawung Galing
56. Rangga Gading
57. Rangga Katimpal
58. Rangga Malela
59. Rangga Sena
60. Ratu Ayu
61. Ratu Pakuan
62. Ringgit Sari
63. Sanjaya Guru
64. Siliwangi
Karinding
K
arinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, anu nyieun karinding tina palapah kawung. Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas.

Cara midangkeun
Cara midangkeun karinding ditepakan tungtungna ku curuk sahingga ngageter, terus baham jadi resonansi sora keur ngatur wirahma. Pintonan karinding ilaharna dipidangkeun ku lima urang, paling saeutik alusna ku tilu urang, hiji diantarana salaku juru kawih. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding teh dipidangkeun jeung takokak (alat musik dijeuna tina kai ipis, bentukna jiga daun).

Kagunaan
Karinding mangrupa alat keur ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina vibrasi jarum karinding nyaèta sora handap low decible, malahan mah takokak nyieun sorana tina gesekan alat jeung garis dampal leungeun, tah sora anu kaluar ngan kadenge ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari disebutna sora handap èta tèh ultrasonik.Tah keur anu ngamaènkeunana ngarah betah di sawah tèh nyaèta disorakeun ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kadang dipadukeun jeung alat musik lianna.
Cara maénkeun karinding bédana jeung alat musik jenis mouth harp lianna nyaèta ditepak, sedeng alat sejenna ditoèl, ieu ngagampangkeun dina manggihan wirahma anu loba, malah mah ketukan tina waditra karinding ieu disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula nya makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua jeung saterusna. Ku euyeubna sora nu dijieun ku karinding mah bisa nyieun sora kendang, goong, saron bonangna, karasa, atawa bass, rhytm, melodi sagala, tepi ka bisa nyieun lagu ku karindingna sorangan, ieu sabab beda dina cara nepak jeung nyieun sora dina baham leuwih hampang. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, lamun urang tos parigel dina ngulinkeun sora karinding, bakal kapanggih jeung nyieun sora keur ngomong, tapi sora anu kaluar sada sora robotik.
KINANTI
Ka Rama sareng ka Ibu
Anu ngurus ti leuleutik
Nu miara ti bubudak
Siang sinarengan wengi
Abdi teu weleh di jiad
Jadi jalmi nu utami

Ibu teh tunggul rahayu
Urang kudu wanti-wanti
Tong nganyenyeri manahna
Ke dibendon ku hyang widi
Dosa ka Ibu kia Rama
Hirup pinanggih balai

Ka sadaya dulur-dulur
Anu sami-sami hadir
Hayu urang sasarengan
Neneda ka hyang widi
Mugi-mugi sepuh urang
Di tebihkeun ti balai

Ulah hilap dulur-dulur
Nu pameget anu istri
Mun hayang hirup lugina
Kenging pahala ti gusti
Hormat ka Ibu ka Rama
Di puja jeung di pupusti
Hasan Mustapa
Haji Hasan Mustapa atawa kawentarna Panghulu Haji Hasan Mustapa (Cikajang, 3 Juni 1852 atawa 14 Sya'ban 1268 H - Bandung, 13 Januari 1930 atawa 12 Sya'ban 1348), ulama sakaligus sastrawan Sunda ahir abad ka-19/awal abad ka-20.

Babad salira

Bibit buit

Masarakat Sunda biasa nyebut Hasan Mustapa salaku Panghulu Haji Hasan Mustapa (salajengna dina ieu artikel disebut HM), sabab kalungguhanana di Bandung nyaéta salaku 'Panghulu Besar' (Hoofd Panghoeloe). Ngaran Hasan Mustapa téh paméré rama jeung akina; 'Hasan' ti bapana, sedengkeun 'Mustapa' ti akina. Ngaran bapana nyaéta Mas Sastramanggala (Haji Usman), camat kontrakan entéh Cikajang, Garut, turunan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ibuna, Nyi Mas Salpah (Éméh), téh putra Mas Kartapraja, sarua camat kontrakan entéh Cikajang, turunan Dalem Sunan Pagerjaya di Suci, Garut. Mun nilik pancakakina mah, boh ti pihak indung atawa ti ramana, HHM téh turunan priyayi. Malah mah, numutkeun silsilah bupati Sukapura, HHM téh jéntré tedak ménak, turunan bupati Sukapura.

Atikan

Kahirupan ménak Sukapura nu dalit jeung kaislaman (utamana jaman Subangmanggala putra Kangjeng Dalem Anggadipa nu diasuh ku Séh Abdul Muhyi), sigana mah mangaruhan kana diri HHM. Komo kolotna hayangeun pisan sangkan HM jadi ulama, nepi ka cenah ditirakatan puasa senén-kemis salila tilu taun. Dina umur tujuh taun, HM mimiti ancrub kana kahirupan pasantrén nalika dititipkeun ka Kiyai Hasan Basri ti Kiarakonéng, ahli Qiro’at, nu boga pamadegan yén pangajaran maca Qur’an téh mangrupakeun dasar atikan agama. Ti anjeunna, HM bisa maca Qur’an kalawan hadé.

Dina umur 8 taun, HM pernah diasupkeun ka Sakola Kabupatén ku Holle, tapi teu disatujuan ku bapana maké alesan rék dibawa ka Mekah. Tadina mah Holle keukeuh hayang HM sarua sakola jeung budak priyayi lianna, tapi antukna mah éléh da bapana keukeuh. Di Mekah anjeunna kungsi guguru ka Séh Mukri. Samulangna ka lemah cai, HM neruskeun masantrén ka Kiyai Hasan Basri, nepi ka ngolotok, hafid Qur'an. Ti dinya, HM neruskeun guguru dasar-dasar nahwu-sorop ka Rd. H. Yahya, pangsiunan panghulu Garut, teras ka Kiyai Abdul Hasan di Tanjungsari, Sumedang pikeun nyuprih élmu sorop, nahwu, jeung fiqh. Ti Sumedang, anjeunna balik deui ka Garut pikeun guguru ka Kiyai Muhammad jeung Kiyai Muhammad Ijrai. Lian ti éta, sigana mah HM ogé kungsi guguru ka Kiyai Abdul Kahar (Surabaya) jeung Kiayi Halil (Madura), ogé sababaraha kiyai asal Nusantara di Mekah, kayaning Séh Nawawi Al-Bantani, Abdullah Al-Zawawi, Hasbullah, Séh Abubakar Al-Satha.

Dina buku Aji Wiwitan, HM nyebutkeun yén anjeunna geus neuleuman genep welas rupa élmu, di antarana ushul, tasawuf, jeung tauhid. Ogé disebutkeun yén anjeunna geus neuleuman élmuna di Mekah, di antarana ka Séh Muhammad, Séh Abdulhamid, Séh Ali Rahbani, Séh Umar Sani, Séh Mustomal Apipi, Sayid Bakir, jeung Sayid Abdul Janawi. Tina kasang tukang atikanana, bisa dijinekkeun yén HHM digedékeun di lingkungan pasantrén, sarta disawawakeun di Mekah. Di Mekah téh anjeunna salila dalapan taun, sarta mulang nalika umur 30 (taun 1882). Salila di Mekah, anjeunna wawanohan jeung Snouck Hurgronje. Nalika mulang ka Garut, ramana téh geus pupus. Ti samulangna ti Mekah, anjeunna harita geus katelah kiyai/ajengan (ulama). Kusabab diajak Hurgronje, HHM lajeng ngumbara ka sababaraha tempat, nepi ka kungsi jadi panghulu di Acéh, saméméh mulang deui ka Bandung kalawan kalungguhan panghulu besar di Bandung nepi ka pangsiunna.

Karya-karyana

Lian ti kawentar ku kalungguhanana salaku Panghulu Besar, HHM téh pinter sarta luhung élmuna, boh ngeunaan agama atawa kabudayaan (hususna Sunda). Anjeunna ogé kawentar salaku pangarang nu karyana loba pisan. Ku sabab kitu, HHM téh kawentarna lain ukur di lingkungan pamaréntah, tapi ogé di masarakat jeung budayawan. Anjeunna dianggap salaku bujangga Sunda nu nepi ka kiwari can aya tandinganana. Sababaraha dangdingna dipikawanoh pisan ku masarakat, kitu ogé banyol-banyolna. Pamadegan hirupna ogé, pikeun nu resep mah, sok baé diteuleuman; sigana mah dumasar kana buku-buku nu kungsi sumebar, kayaning Balé Bandung jeung Syéh Nurjaman.

Loba nu nyangka yén HHM mimiti ngarang sanggeus balik ti Acéh, padahal Wangsaatmaja nyebutkeun yén HHM mah basa keur di Mekah gé geus kungsi nulis buku leutik dina basa Arab nu judulna Fathul Muin, medal di Mesir. Kern ogé nyebutkeun yén basa keur di Mekah téh HHM kungsi nulis buku-buku kaagamaan jeung puisi Arab nu medal di Kairo. Dumasar kana karya-karyana anu bisa kakumpulkeun, anjeunna leuwih getol nulis sanggeus jadi Panghulu Besar Bandung, sanggeus pangsiun. Malah ceuk Wangsaatmaja mah, 20 poé saméméh pupus gé HHM masih miwarang Wangsaatmaja nuliskeun pamikiranana dina buku poéanana. Karya munggaran HHM nu kanyahoan téh titimangsana taun 1899, nyaéta naskah nu judulna Aji Wiwitan Gelaran, buku jilid ka-3, sedengkeun nu panungtung judulna Aji Wiwitan Aji Saka II, buku jilid ka-14, nu numutkeun Wangsaatmaja mangrupakeun kumpulan kasauran HHM saméméh pupus. Dina mangsa 31 taun (1899 nepi ka 1930), HHM ngahasilkeun puluhan karya ngeunaan pamikiran, rarasaan, sarta pamendak anjeunna ngeunaan agama, tasawuf, filsafat, adat kabiasaan urang Sunda, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman ku anjeunna. Nu kacatet sarta bisa kakumpulkeun aya 49 buku. Ti sakabéh karya-karyana, nu matak hélok mah dangdingna nu jumlahna kira 10000 bait.

Salaku pangarang, gaya dangding HHM loba nu niron, utamana ku pangarang Sunda sanggeus perang. Sedengkeun karyana ngeunaan adat jeung kabudayaan Sunda, loba ditalungtik ku oriéntalis Walanda, malah ku Kern kungsi ditarjamahkeun kana basa Walanda. Salaku ulama nu sok nulis ngeunaan agama jeung tasawuf, HHM teu ukur dipikawanoh ku maasrakat Sunda, tapi ogé ku ulama jeung ahli tarékat Jawa, Madura, malah nepi ka Irak, Mesir, jeung Kualalumpur. Ku kituna, HHM diaku pisan jasana ku Pamaréntah, sahingga taun 1977 dileler Piagam Hadiah Seni jeung piagam panghargaan ti Pamaréntah Propinsi Daerah Tingkat I Jawa Barat taun 1965.

Sanggeus pangsiun, HHM kadang sok medar agama jeung tasawuf dina pasamoan-pasamoan informal, kadang di bumina, kadang di tempat séjén, di imah jalma nu hayang ngadéngékeun pamikiran-pamikiran anjeunna. Pasamoan ieu ku HHM sok disebut “ngawarung bandung”. Dina pasamoan éta, HHM teu kungsi ngarasa jeung teu kersa ngaguruan. Kitu ogé nu ngariung dina éta pasamoan, tara ieuh ngaku salaku murid HHM, sabab guguru mah cenah ngabalukarkeun pribadi jalma jadi teu mekar. HHM miharep sangkan unggal jalma bisa bébas neuleuman sarta ngedalkeun sagala pamanggihna, luyu jeung kamampuhna séwang-séwangan. Kusabab kitu, pedaran HHM pikeun jalma-jalma nu sok ngawarung bandung mah katampana téh sok béda-béda tapsirna. Hal ieu katiténan di antara para jamaahna, misalna antara Ajengan Bangkonol jeung Kiyai Kurdi ti Singaparna. Kasebutkeun yén sanggeus ngalenyepan ajaran agama jeung tasawuf ti HHM, Ajengan Bangkonol geuwat ngabubarkeun pasantrénna sarta nyoéhkeun bedug nu aya di masjidna, alatan ngarasa dosa geus ngajarkeun paham agama nu salah. Sedengkeun Kiyai Kurdi, sanggeus ngalenyepan pedaran nu sarua, pasantrénna kalah digedéan sahingga santrina leuwih loba.

Teu kanyahoan aliran tarékat naon anu diagem sarta diajarkeun ku anjeunna. Aya nu nyebutkeun yén anjeunna ngawasa sakabéh alirann tarékat, tapi teu milih salah sahiji ti antarana. Aya ogé nu nyebutkeun yén anjeunna ngagem aliran Satariah. Nu écés mah, karya-karya HHM mindeng nyabit-nyabit yén anjeunna resep ka al-Ghazali, misalna dina pustaka Aji Wiwitan Istilah, buku jilid ka-1 jeung Aji Wiwitan Aji saka, buku jilid ka-14.

Sacara umum, karya-karya HHM mangrupakeun kumpulan nu pajeulit ngeunaan naon-naon anu kalenyepan ku anjeunna, adu manis antara Islam, tasawuf, kabudayaan Sunda, otobiografi, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman
Gendig Karesmen

Gending Karesmén mangrupa salah sahiji kasenian Sunda anu nepi ka kiwari masih kénéh kapiara kalumangsunganna. Bisa dititénan dina sababaraha pintonan anu mindeng diayakeun di gedong-gedong kasenian, atawa di tempat séjénna. Saperti anu digelar di Taman Budaya Jawa Barat sawatara waktu katukang, Gending karesmén Pangéran Jaya Karta, Aki Nini Balangantrang, Pangéran Samudra, Ngabungbang, Si Kabayan jeung Raja Jimbul, jeung sajabana. Iraha jeung kumaha atuh sajarahna Gending Karesmén téh? SB ngahaja midangkeun sausap-saulas catetan ngeunaan Gending karesmén, dumasar kana katerangan Wahyu Wibisana, jeung sumber-sumber séjénna.



Sajarah

LAHIRNA Gending Karesmén teu leupas tina pangaruh Belanda, mangsa keur jaman penjajahan. Malah nurutkeun Wahyu Wibisana, wangunan Gending Karesmén téh kailhaman ku wanda kasenian anu jol-na ti Barat: Opera. Harita para seniman Sunda, ngayakeun torobosan anyar pikeun nyioeun kasenian anu luyu jeung kabudayaan Sunda. Nepi ka ahirna kurang leuwih 1902, aya istilah anu disebut Tunil Tembang. Ari istilah Tunil, asal kecapna tina basa Walanda. Pihartieunna téh taya lian Tunil anu ditembangkeun. Pangna nyokot tina basa Walanda, asup akal pisan, sabab anu harita jadi luluguna téh taya lian Menir Saleh, hiji guru anu percéka dina widang kasenian. Wahyu teu pati apal, lalakon naon anu harita dipintonkeun ku Menir Saléh. Tapi lamun dianalisis mah wangunanna téh nya kaasup kana wangunan tembang. Lirikna mangrupa pupuh, anu saterusna diluyukeun jeung lalakon. Sebut baé sandiwara anu ditembangkeun.

Kira taun 1924, istilah Tunil Tembang téh diganti jadi Dogér Tembang. Pang kitu téh ku sabab istilah Tunil téa, anu lain basa Sunda asli. Nya harita mimiti pisan mintonkeun Dogér Tunil Ciung Wanara, dina acara Kongres Bahasa Sunda I. Saterusna taun 1926, dina Kongrés Bahasa Sunda ka-II, dipintonkeun deui Gending Karesmén anu lalakonna Sarkam-Sarkim, karya Raden Mahyar Angga Kusumadinata jeung Dalem Cikundul, karya Raden Méméd Sastrahadiprawira.

Istilah Gending Karesmén jolna ti Raden Mahyar Angga Kusumadinata (musicoloog Sunda), anu dipaké tug nepi ka kiwari. Tapi saméméhna mah, nurutkeun Tatang Benyamin Koswara, Radén Machyar Angga Kusumadinata boga pamanggih mun yén istilah anu loyog téh nyaéta “Rinéngga Sari”, nyaéta gabungan sakur rupa-rupa kesenian, saperti Seni Karawitan (Boh karawitan Vokal, atawa karawitan Instruméntal), seni gerak, seni sastra, seni rupa ,tata lampu, tata suara, tata rias / busana, seni peran, jeung sajabana. Ti baheula sok disebut téater naskah. Hartina téater anu ngagunakeun naskah. Naskahna heula ditéangan. Laju néangan laguna. Puguh baé ari téater naskah mah, kaasup kana téater modérn, ku sabab ngagunakeun naskah téa. Béda jeung téater tradisi, anu ngandelkeun improvisasi ti sakur pamaén.

Dina taun 1930-an, aya pagelaran Gending Karesmén anu nyokot lalakon Lutung Kasarung, karya Raden Karta Brata. Nya mémang dina taun 30-an pisan, mimitina katelah pagelaran Gending Karesmén.

Nyaritakeun perkara Gending Karesmén Dalem Cikundul, ceuk Wahyu Wibisana, wangun naskahna tembang atawa pupuh. Jadi prak-prakanana, Nangtukeun heula pupuh naon nu rék dipaké, satuluyna dilaguan. Atawa sebut baé ngarumpakaan lagu. Kacida bédana jeung Gending Karesmén Sarkam-Sarkim, karya Raden Mahyar Angga Kusumadinata, anu wangunanna téh lain mangrupa tembang atawa pupuh, tapi mangrupa kawih. Béda pisan oriéntasi antara Radén Méméd sareng radén mahyar téh. Ari Radén Méméd mah nuluykeun tradisi Menir Saléh. Sabalikna Radén Mahyar nyokot lagu nu geuis nyampak dina sinden.

Kabéhdieunakeun, RTH Sunarya ogé kungsi ngagarap Gending karesmén. Tapi eusina téh Henteu ngan saukur lagu. RTA Sunarya mah nyempalkeun dialohg. Da puguh ceuk pamanggihna ogé, lamun Gending Karesmén hayoh baé maké lagu, tinangtu bakal bosen.

Wahyu Wibisana kakara taun 1960-an mimitina ngagarap Gending Karesmén. Ecésna taun 1962, Wahyu mintonkeun Gending Karesmén Mundinglaya Saba Langit di Bandung. Disusul taun 1964, ngagarap deui Gending Karesmén anu lalakonna Inten Déwata di Garut. Tuluy ngagelar Gending Karesmén dina lalakon Galunggung Ngadeg Tumenggung di Tasik Malaya. Saméméhna mah boga karep rék mintonkeun Gending Karesmén Aki Nini Balangantrang di Ciamis dina taun 1965. Hanjakal pisan, harita téh keur mahabuna G 30 S/PKI. Dina taun éta, Mang Koko ngagarap Gending karesmén Mang Koko menyebut Gending Karesmen, kalayan istilahna dirobah jadi Drama Swara. Anu nilik kana prinsipna mah sarua pisan jeung Gending Karesmen, nyaéta pintonan Drama anu dialogna dinyanyikan/dilagukeun

Dina taun 1967, Wahyu Wibisana nyieun naskah Gending Karesmén anu lalakonna Aki Nini Balangantrang. Satuluyna dipasrahkeun ka Mang Koko, pikeun dipigawé laguna, sarta dilagukeun ku para pamaénna. Ari naskahna Aki Nini Balangantrang, loba nyokot tradisi baheula, winangun pupuh. Aya bagian nu lebet kawih, atawa lebet ruimpaka nu kedah dilagukeun.

Basa dipentaskeun di Taman Budaya Jawa Barat sawatara waktu katukang, Aki Nini Balangantrang henteu sagemblengna digelar. Lalakon dipintonkeun téh sebut baé dibobok tengah. Ti mimiti nalika Ciung wanara dipalidkeun kana kandaga, teras kapendak ku Aki Nini balangantrang. Ceuk Wahyu, naskah Aki Nini Balangantrang henteu mangrupa winangun pupuh. Estuning mangrupa sajak, anu saterasna disanggi ku Mang Koko.

Upama Wahyu nitenan lagu-lagu Mang koko anu henteu lebet kana Gending Karesmén, katingali aya wanda anu has dina unggal lagu. Saperti lagu Reumis Beureum Dina Eurih, kacida bédana jeung lagu Samoja. Boga wanda séwang-séwangan. Teu béda jeung Ismail Marzuki. Saperti lagu ‘Sepasang mata bola’, kacida bédana jeung lagu ‘Melati di Tapal batas’. Lebah dinya diantara kaistiméwaan Mang Koko. Ceuk Wahyu kénéh, Mang Koko mah lamun nyanggi lagu téh sok diluyukeun jeung teks rumpakana. Saperti upama nyaritakeun Bulan Purnama, Mang Koko mah bisa pisan mawa suasana laguna, nepi ka bisa katingali jeung karasa. Hartina, ceuk Wahyu, Mang Koko mah nyieun lagu téh, henteu pararadu, komo dapon henteu mah. Tapi sok neuleuman heula eusining rumpakana. Dilenyepan heula kalayan daria. Malah aya kalana sok ngahajakeun konsultasi heula jeung Wahyu, lamun rék nyanggi rumpaka meunang Wahyu Wibisana. Teu anéh upama nepi ka kiwari, karya Mang Koko tetep bisa ngakar di masarakat. Boh karya Gending Karesmén atawa lagu-lagu lepasna. Sebut baé ‘Kembang Tanjung Panineungan’. Upama téa mah éta rumpaka sajak henteu disanggi ku Mang Koko, can tangtu bisa ngakar nepi ka kiwari. Puguh baé antara nu ngarang rumpaka jeung nu nyanggi, sarua pentingna. Pada-pada nangtukeun kana kualitas hiji karya.
ANGKLUNG

Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.

Rupa-rupa angklung

Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, dan Culadi Dengdang.

Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.

Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng
Badéng téh mangruipakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh.

Buncis
Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung)

Jumat, 04 September 2009

Raden Machjar Angga Koesoemadinata
Raden Machjar Angga Koesoemadinata (sering ogé diseratkeun Kusumadinata, Kusumahdinata, kusumah dinata, Anggakusumadinata; langkung dikenal ku nami Pak Machjar atawa Pak Mahyar, lahir di Sumedang, 7 Désémber 1902, wafat di Bandung, 9 April 1979) téh seniman sinareng musikolog Sunda. Anjeunna dikenal sebagai pangarang lagu-lagu Sunda, pangatik nu ngakhususkeun anjeun kana ngamajukan pamgatikan seni-sowanten Sunda, panalungtik kalayan ahli téori musik Sunda, anu nyiptakeun kanayagan (sistim notasi nada) Sunda da mi na ti la sinareng nu pamendak sistem 17 tangga nada Sunda.

Biografi
Pa Machjar nu di masyarakat Jawa Barat langkung dikenal seniman pencipta lagu-lagu Sunda sayaktosna mah pangatik sinareng pakar musikologi, hususna etnomusikologi anu nitenan pelog sareng salendro. Pangaweruh anjeunna perkawis seni karawitan pelog sareng salendro téh kékéngingan ti waktos murangkalih kénéh dumeh guguru ka sabaraha urang juru tembang sinareng nayaga, di antawisna diajar rebab ka para nayaga ulung Pak Etjen Basara, Pak Sura sareng Pak Natadiredjo, diajar gamelan ka Pak Sai dan Pak Idi, kalayan diajar tembang ka Pak Oetje juru pantun kakoncara di Bandung.

Ngawitan Pak Machjar kenal kana metoda sains sinareng elmu fisika sinareng elmu musik barat ogé waktos ajeunna janten murid di sakola guru (Kweekschool sareng Hogere Kweekschool). Ku ngadasarkeun kana élmu musik barat sareng élmu fisika anu tos kalintang jero diteuleumanana, anjeunna ngayakeun pangukuran sareng panalungtikan frekuensi soanten-soanten nu aya dina rancatan gamelan sareng lagu-lagu anu dikawihkeun atanapi aun digentrakeun dina rebab. Dina tahun 1923 (masih kénéh di bangku sakola) anjeunna parantos nyiptakan serat kanayagan (notasi nada) da mi na ti la, kalayan nyerat buku teori seni soanten Sunda anu dijudulan ‘Elmuning Kawih Sunda’. Saparantosna namatkan HKS sareng ditempatkeun janten guru di HIS Sumedang (1924-1932), anjeunna neraskeun panalungtikanana perkawis téori seni raras.

Anu janten titik balik penting dina karierna ajeunna salaku panalungtik téh paamprokna sareng Mr. Jaap Kunst, ahli etnomusikologi Walanda, di antawis tahun 1927-1929, nu nuju ngayakeun panalungtikan seni soanten di sakuriling kapuloan Nusantara. Tah didieu téh kajantenan ayana saling nukeur élmu, antawis élmu musik ti Jaap Kunst sareng élmu gamelan atanapi pelog-salendro ti Pa Machjar. Tah dina danget ieu pisan anjeunna neuleuman langkung jero deui perkawis konsép keléter soanten sinareng cara ngukurna nganggo instrumén anu ngalibatkeun konvérsi matematikna kana sakala musik nu nganggo nilai logaritma, konsep interval cents ti Ellis (1884) sinareng Hornbostel (1920) kalayan music rule ti Reiner.

Tahun 1933,anjeunna ditugaskan ngawengku sisim pangatikan seni soanten di sadaya sakola-sakola pribumi di Jawa Kulon kalayan nganggo sistim da mi na ti la. Dina jaman pendudukan Jepang (1942-1945) anjeunna ngawulang di sakola guru, saterasna ti taun 1945 dugi ka 1947 anjeunna janten guru élmu alam, sajarah sareng basa Inggris di (SMP/SMA) Bandung. Saparantosna éta ajeunna diangkat janten kapala kantor Pendidikan (koordinator Pendidikan Rendah) di Sumedang (1947-1950) anu salajengna ditugaskeun kana pangatikan seni-soanten di sakola-sakola handap sareng menengah Jawa Kulon di Bandung (1950-1952). Salajengna anjeunna janten staf ahli di Jawatan Kebudayaan Jawa Kulon di Bandung. Salajengna deui di taun 1958 (dugi ka 1959), anjeunna diangkat janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung. Salian ti éta ajeunna téh oge janten dosen luar biasa kanggo ngawulang élmu akustik sareng gamelan Sunda di Konservatori Karawitan Surakarta (1953-1959).

Anjeunna téh nikah sareng Ibu Saminah salah sawios lulusan nu pangheulana di sakola guru isteri Van Deventer di Salatiga. Aranjeunna dikarunia ku 10 urang barudak, mung waé hanjakalna téh teu aya nu ngagugulung kasenian, nganging seseueurna icikibung dina bidang élmu pangaweruh alam; Machjeu Koesoemadinata (alm), Kama Kusumadinata (alm, ahli volkanologi di Diréktorat Vulkanologi, Departemén Pertambangan), Ny Karlina Sudarsono (alm), dr. Soetedja Koesoemadinata (alm), Prof. Dr. R. Prajatna Koesoemadinata (guru besar emiritus dina élmu geologi ITB), Dr. Santosa Koesoemadinata (pangsiunan panalungtiki biologi di Departemen Pertanian), dr. Rarasati Djajakusumah (alm), Prof. Dr. Roekmiati Tjokronegoro, (gurubesar dina élmu kimia di Universitas Padjadjaran), Muhamad Sabar Koesoemadinata (ahli Geologi Kwarter di Pusat Penelitian dan Pengembangan Geologi), sinareng Ir. Margana Koesoemadinata (alm, ahli akustik di LIPI nusalajengna di KLH). Nya aranjeunna teh sempat ngadegkeun Yayasan Daminatila usaha supados ngalestarikeunn karya-karya sareng pamendak hasil panalungtikan Pa Machjar.

Pamendak sinareng Hasil Karya

Salaku seniman pangarang lagu, Pa Machjar nyiptakan lagu-lagu Sunda sapertos Lemah Cai, Dewi Sartika, Sinom Puspasari, atanapi ngadangding lagu-lagu Sunda traditional kalayan nyeratkeunnana nganggo notasi da mi na ti la. Salaku seniman anjeunna oge ngadangding sandiwara kalayan ngamimitian Gending Karesmen (opera Sunda) nu disebat anjeunna Rinenggasari sinareng karya-karyana di antawisna Sarkam Sarkim (1926), Permana Permana Sari (1930), Sekar Mayang (1935), Trésnawati (1959) sareng Iblis Mindo Wahyu (1968).

Salaku ahli teori musik, hususna di bidang Pelog sareng Salendro, anjeunna ngaformulasikan sistim notasi da mi na ti la kanggo lagu-lagu Sunda, nalungtik kalayan nyerat perkawis téori seni raras dan gamelan di antawisna Ringkesan Pangawikan Rinengga Swara (1950), Ilmu Seni Raras (1969) sinareng oge buku lagu-lagu Sunda. Babarengan sareng Mr. Jaap Kunst anjeunna ogeh seueur ngahasilkeun tulisan (publikasi) perkawis téori musik gamelan. Dina antawis hasil panalungtikan sinareng pangciptaan dari Pa Machyar teh gamelan éksperimental nganggo 9-tangga nada (1937) kanggo pelog sareng gamelan 10-tangga nada kanggo salendro (1938), mung wae kaduana teh laleungitan waktu jaman (1942-45). Lian ti nyiptakeun gamelan monumental Ki Pembayun, anjeunna oge nyiptakeun gitar akustik 17 tangga nada.

Sumbangan anjeunna pangageungna téh ayana dina hasil panalungtikan anu saleres-leresna sifatna ilmiah anu nuju ka universalitas (unified theory) seni soanten nyaéta teori 17 tangga nada Sunda (1950) di mana hiji oktaf diwengku ku 17 interval nu sami di 70 10/17 cents, ti mana tiap nada setiap laras (tangga nada) Sunda téh tiasa dicandak. Ieu model téh sifatna universal kumargi ngagaduhan nada-nada anu lengkep pisan sareng tiasa digentrakeun kanggo ngiringkeun lagu-lagu dina mangrupi-rupi tangga nada.

Dina panalungtikanna anjeunna ngagunakan alat ukur keleter soanten monochord anu di damelna dibantu ku tukang kecapi sareng nayaga ulung Pak Idi. Ieu alat téh dijangkepan ku skala keleter (frekuensi) nu ku alpukahna Mr. Jaap Kunst kenging ti laboratorium musikologi di Europa. Unggal-unggal monochord téh badé dianggo sateu-acanna anjeunna ngakalibrasikeun heula kana garpuh soanten anu keleterna tos baku (660 hz). Ieu alat téh nyatana cekap akurat, dugi ka dianggo oge ku pakar-pakar musikologi sepertos Prof. Collin McPhee ti Amerika Serikat sareng C. Campagne, direktur sakola musik di Bandung. Alat monochord ieu téh mangrupi alat utami Pa Machjar nu dicacandak ka mana-mana waktos ajeunna ngayakeun panalungtikan perkawis Pelog Salendro dugi ka pupusna.



Ki Pembayun

Ku alpukahna kalayan bantuan ti Industri Pariwisata P.D. Provinsi Jawa Barat, anu disesepuhan ku R.A. Sjukur Dharma Kesuma, di taun 1969 Pa Machjar nyiptakan gamelan anu dinamian ‘Ki Pembayun’ (hartosna si cikal) sareng nu mangrupikeun gamelan pangageungna nu pernah aya di Indonesia. Ieu gamelan téh diwangun kanggo ngawujudkeun kependakna teorinya sistim 17 tangga nada. Sanés waé Laras Salendro, Madénda, degung, Kobongan Mataraman, waé anu tiasa digentrakeun dina ieu gamelan téh, nanging lagu-lagu nu tangga nada musik Barat ogé tiasa dimaénkan ngaggo ieu gamelan téh.

Peupeuriheun gamelan Ki Pembayun téh hésé dimaénkeunana kumargi mangrupi hal anu teu umum sareng meryogikeun waktos nu lami kanggo latihanana, nanging kanggo bahan kajian mah ku ayana ieu gamelan téh penting pisan. Na da teu sakedik para panalungtik ti nagara lain nu kagum ku munculna ieu gamelan téh. Nurutkeun ahli etnomusikologi Andrew Weintraub (2001), munculna gamelan sorog nu ayeuna ayeuna mekar, pada dasarna mah mangrupikeun pangaruh ti gamelan Ki Pembayun. Mung wae hanjakal pisan gamelan Ki Pembayun teh saterasna mah leungit raib. Hiji-hijina patilasan anu ayeuna aya keneh teh tiasa jantén mung potrét sareng gentra ieu gamelan anu masih tiasa kajeprét sareng direkam ku Dr. Margaret Kartomi, profesor musik di Monash University, Australia.

Panghargaan
Di antawis panghargaan-panghargaan anu ditampi ajeunna téh mangrupi penghargaan pang luhurna di bidang budaya; nyaéta Piagam Anugrah Seni, salaku ahli sareng pangweku teori Karawitan Sunda ti Menteri Pendidikan dan Kebudayaan (17 Agustus 1969), panghargaan pencipta lagu rampak sekar Ibu Dewi Sartika (4 Desember 1975), sinareng panghargaan ti Ikatan Seniman Sunda (9 Mei 1959).

Selasa, 18 Agustus 2009

SISINDIRAN

NASKAH SISINDIRAN


Nini : nu narongton… lain nini mah heran..lieur nini mah..
Boga incu hiji-hijina ku hese dipapatahanana

Nu ngahiung kueh putu
Ditanggung nguriling kampung
Bingung mikiran nu jadi incu
Matak pusing menta ampun

Baong teh dibeakaeun ku sorangan

Nu salah mah akina….ngogo teuing kanu jadi incu..jadi we sagala kahayangna teu
beunang di hulag, kudu wae dillaksanakeun.
Lamun geus kieu ..tutungna sili salahkeun. Kuring nyalahkeun si aki si aki nyalahkeun
Kuring..nyaan lieur…bakat ku lieur ieu dunya meni asa muter….(nini ngagoyang,bari
puputeran)

TEU KUNGSI LILA JOL SI AKI, AKI MOLOHOK NINGALI NINI JOGET BARI NYEKELAN SIRAH.

Aki : Eulueh – euleuh itu nini nini tujuh mulud keur nanaonan…, ieuh nini ( nepak taktak si
nini) sadar ieuh..sadar…kunaon ari maneh …siga nu kasurupan jurig jarian kitu..

kini-kini reuejung bangbung
mujaer dina susukan
sinini jiga nu burung
boa teler kasurupan

sadar ieuh nini sadar…(nepak deui taktak si nini, bari tuluy diburaan ku cai)

Nini : (sinini reuwaseun, tuluy molotot ka si aki, ambek)
Ih..siah na kabina-bina teuing teu pupuguh ngadon ngabura (bari ngajiwir ceuli si aki)

Aki ; Ih nyeri atuh nini-nyeri ( si aki nyengir nyerieun)
Hampura nini sugan the kasurupan tadimah, matak ku kuring di bura..

Nini : Kasurupan-kasurupan…ngahaja nya ..ngewa siah ka kami….teu jiga bareto kami keur
ngora..meni teu menang ku batur…sakalieun aya ucing ngadeukeutan ge sok dibabuk
bari tipopolotot…na ari ayeuna….

Baheula di samping hideung
Ayeuna di batik deui
Baheula dipikatineung
Ayeuna rek nganyenyeri

Teu rido siah kami mah ( nini ceurik lolongseran, si aki buru-buru ngupahan)

KEUR KITU TOROJOL HIJI BUDAK AWEWE, NGAGAYA BARI NGOBROL MAKE HP. SI AKI JEUNG NINI CURINGHAK NINGGALI BUDAK AWEWE TADI.

Nini : ti mana bageur ameng the mani kamalinaan wayah kieu nembe uih, nini mah hariwang
bisi ku ma onam, mangkaning ma onam mah galak.

BA : Ih..nini mah na make hariwang sagala..make sieun ku ma onam…kapan ma onamna ge
Teu aya didieu ayeuna mah….janten TKW ka malasyia.

Ieuh nini dangukeun geura ……
Paribasa di kabaya
Disamping bari di bendo
Biasa nini anak muda
Shoping gitu lho………

Nini : Sop emping sop emping we pagawean the…tuh ku nini disadiakeun di dapur lain sop
emping..tapi sop buntut.

Aki : Lain sop emping atuh nini….tapi sop…..em..ping…nya cu…

BA ; Ah aki jeung nini mah sabelas du belas…..duanana ku…per…..alias kurang pergaulan…

Nini : meunggeus ah.. tong ngomong bae…. Cing ayeuna nini rek nanya…ari nyaneh
lulus heunteu sakola the….era siah lamun teu lulusmah, mangkaning di SMP pasundan
mah budak na ge palalinter, balalageur, euweuh nu carekeun…cing coba jawab.

Aki : pasti lulus atuh nini incu akimah..luluslah…nya cu..

BA : Ih ari nini..na teu acan terang..kitu…nya tos pasti atuh nini..abdi..mah….

Aki :..Lulus nya ceuk kuring ge.. ( joget atoh )

Nini : mangke heula tong waka atuh..can tamat nyaritana…cing sok tuluykeun…lulus
heunteu ?

BA : Ih ari nini numawi nini..(teu pupuguh kalahceurik)…abdi teu lu…lus…..(ceurik
lolongseran)

Aki : alah siah incu aki leulues….incu aki leuleus….

NINI AMBEK NYALAHKEUN KA AKI, LEUNGEUN KENCANA NGEJEWER CEULI AKI TAPI AKI RIKAT NYEPENGAN LEUNGEUN NINI, LEUNGEUN KATUHU NINI REK NGAJEWER CEULI AKI RIKAT AKI NYEPENGAN DEUI LEUNGEUN NINI, TUTUNGNA DUANANA JADI PACEUKELCEUKEL LEUNGEUN.

Gagak Lumayung

Dangdanggula

1. Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit "dongeng Karuhun", nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saestu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan.

2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, reh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah eta teh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu perceka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat.

3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun saé. Hak hukumna bener Wujud, bebeneran purwaning Kawit, Kawit babatan Asal, Kama-Kami-Kamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka parawargi, nyanggakeun saterasna.

4. Kieu kawit ujar ki Musanip, nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu, nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah teu aya tandingna, Radén Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah Kiansantang.

5. Kakoncara harita sa-Jawi, Majapait sadérékna kalah ku Radén Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya nu wantun ngunghak, ka Radén Lumayung, malah danget harita mah, ku ramana dijenengkeun Sénapati, Pahlawan Pajajaran.

6. Waktos éta Radén runtik galih, tina margi keukeuh hoyong terang, getih salirana tulén, teu acan terang saumur, ti aalit gé can ningali, na kumaha rupina, weléh tacan weruh, gaduh raos panasaran, tina margi pakarang taya nu mahi, bakating ku gagahna.

7. Mangsa éta di sa-Pulo Jawi, tacan aya Islam nu sumebar, Agamana Hindu kénéh, nya kitu Gagak Lumayung, harita téh ujub sareng dir, raosna panggagahna, suwung anu pamuk, n-tung anjeunna anu gagah, anumawi can terang getih pribadi, dugi ka medal sumpah.

8. "Saumur gé moal rék rarabi, mun can nyaho ka getih sorangan." Éta kitu saurna téh, lami-lami teras ngangluh, gulangguling siang lan wengi, damelna gulinggasah, galih teu kaasuh, keukeuh manah panasaran, lajeng baé ngadeuheus ka rama Aji, ku rama dipariksa.

9. Ayeuna téh ama rék meredih, kudu walon anu sabenerna, kusabab béda pasemon, naon nu dianggo ngangluh, bilih hoyong Putri nu geulis, da moal matak susah. Pajajaran mamur, moal kurang mojang lenjang, nu gareulis kapan di dieu ngabaris, nu ginding gé gedongna.

10. Nu lalucu Putri nu maranis, kantun milih rék ka putra saha, lamun di dieu geus poos, geura milih putra Ratu, nu caraket anu tarebih, putra Raja talukan, kénging Radén tarung, pék pilih ka putra saha?" Kiansantang ka ramana nyembah tadim, kinanti nu balaka.

Kawih M.Koko

Angkrék Japati
Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.
Angin Priangan
Seungit angin priangan
ngusapan embun-embunan
duh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.
Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutan
duh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.
Bulan Langlayang Peuting
[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2
[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusaati
ka wétan muru bijil balebat.] x 2
Dina Jandela
Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.
Hareupeun Kaca
Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.
Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.
Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.
Hariring Nu Kungsi Nyanding
Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.
Imut Malati
Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti
Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh
Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihna
ku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.
Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosna
ku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.
Kembang Impian
Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening
Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.
Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.
Kembang Tanjung Panineungan
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan
Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan
Longkéwang
[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.
Malati di Gunung Guntur
Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.
Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.
Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.
Purnama Urang Nu Boga
Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji
Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.
Sagagang Kembang Ros
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinan
na dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Salam Manis
Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salawasna nyanding
nyaring ngahariring
Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salilana nganteng
anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
duh, dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
Salempay Sutra
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.
Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Hiji tawis soca duh salempay sutra jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.
S a m o j a
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglang
angin rintih dina ati, aduh.
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.
Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungit
rék lebeng mo deui datang.
Sariak Layung
Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineung
eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh
Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.
Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.
Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.
Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.
Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deu