Rabu, 22 Juli 2009

Lalakon Kuring


Resep kana kakawihan ti keur SD keneh, masih keneh kagambar dina ingeutan harita taun 1978 kuring asup ka kelas hiji SD, ari di sakola jaman harita mah osok keneh barudak teh samemeh prung di ajar sok ngadon diwuruk kakawihan heula mun teu salah kawihna teh karya M. Koko nu judulna "Nyengcelengan" jigana eta lagu teh pikeun kuring pribadi nyerep pisan kana hate.. da enya atuh nepi ka ayeuna kuring masih keneh ingeut kana rumpakana, ngan meureun ku lantaran masih keneh bolon can aya kahayang pikeun diajar nu bener kana kakawihan kerek dibere resep wungkul.Taun 84 kuring asup ka SMP, tetela di SMP jaman harita nu ngaranna seni Sunda teh kacida pisan digedekeunnana, ti dinya karesep jeung kacinta kuring kana seni Sunda beuki nambahan jeung ayeuna mah dibarengan hayang diajar sagala, ngan kuring masih keneh bingung kasaha nya kudu ngaguru. Tilu taun di SMP anggeur can aya kabisa naon-naon. Kakara bisa diajar teh sanggeus kuring kalaur ti sakola kaguruan, bubuhan sanggeus kalauar sakola loba waktu kosong pikeun kuring.
Ingeut keneh mimiti teh diajar kacapi teh ka urang Sumedang, (eta ge dituduhkeun ku lanceuk). Unggal poe ngarenghik kakolot sangkan dibiayaan pikeun waragad diajar kacapi, nu gedena Rp. 50.000. (jaman harita mah aya hargaan keneh duit sakitu teh)
Saminggu dua kali kuring indit ka Sumedang pikeun diajar kacapi, tetela ngan kuat sabulan diajar teh (lolobana mah teu indit, duitna dipake ulin).
Ari nu jadi kolotmah teu apalan kuring remen teu indit teh disangkana mah eny we diajar. Hiji waktu nu jadi kolot teh nanyakeun " geus bisa kumaha diajar kacapi teh ?" kuring kacida bingungna kudu ngajawab kumaha da memeng can bisa naon-naon kerek bisa pangkat Catrik we wungkul. Utek muter neangan piakalan...(nyambung)

Dramatisasi puisi

KI SUNDA : QUO VADIS
Karya Rosyid E Abby

Sora 1 : Milang lengkah ti mangsa ka mangsa
Ngitung umur waktu demi waktu
Ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari
Kisunda cenah leungiteun dangiang
Leungiteun tapak
Leungiteun lacak
Nu aya ukur kari ngaran
Ukur kari ngaran

Rampak : ki sunda, quo vadis ....................
Ki sunda, qou vadis ...................
Ki sunda qou vadis.....................

Sora 2 : Sakseni tuh langit nu paul, sakabehna paul
Atra walatra dipapaes ngeplak bodasna mega
Sakseni tuh tanah angar nu kari saheureut
Digedengeun ku imah-imah beton
Ngajungkiring mapaesan dayeuh bandung
Di gedengeunana deui vila-vila alagreng
Masieup lemah sarakan

Sora 3 ; Kisunda nu timangsa kamangsa pinuh dangiang
Geus dicatet na lambaran sajarah
Geus dicutat dina lambaran lontar
Ti jaman raja raja bihari
Tug tepi ka jaman konglomrat kiwari
Tetela masih keneh poekeun
Ngararampa jalan sorangeun

Sora 4 : Barudak seunggah ulin di buruan
Da buruanna ngan sacangkewok
Barudak seunggah rek ulin mangsa bulan keur bengras
Ucing sumput ditema bancakan jeung bebentengan
Atawa oray-orayan reujeung slepdur
Da di puser-puser pertokoan
Sadia kaulinan ti kulon :
Tamiya, video games, games wacth
Mahabu dimana-mana
Sora 1 ; Laju,
Ki sunda dimana ?
Dangiangna kumaha ?

Sora 2 : Geus leungiteun dangiang cenah ki sunda teh

Rampak : ( Ah, piraku )

Sora 3 ; geus leungiteun tapak cenah Ki sunda teh

Rampak : ( Ah, maenya )

Sora 4 : Geus leungiteun lacak cebah ki sunda teh

Rampak : ( Ah, pamohalan )


Sora 1 : Ki sunda,
Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun
Ieu kuring balung kadeudeuh
Nu nganteung na lelembutan
Ieu kuring geutih kaasih nu ngamalir saawak-awak
Rek dimana nya kudu ngarereb
Rek kumaha nya pilampaheun

Sora 5 : Geus,
Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung bentang
Da langit feus nyakseni
Getih hangru jeung bugang nu patulayah
Ukur jadi saksi jaman nu wisu
Ngabigeu

Sora 5 : Tuh !
Bulan jeung bentang mah ukur papaes
Mangsa hate keur lindeuk ku katungara cinta
Teu, teu kudu deui nyarita perkara :
Langit nu lenglang, bulan nu bengras, atawa
Bentang nu baranang
Da saksi jaman rea keneh nu kudu dipalire dipirosea
(nyambung)

Rabu, 15 Juli 2009

Si Jalak Harupat

Oto Iskandar Dinata - Si Jalak Harupat
Si Jalak Harupat Tumbal Kamerdekaan
Nurutkeun saujaring carita, sababaraha poe sabada proklamasi, Oto Iskandar Di Nata kantos sasauran kieu "Upama Indonesia Merdeka meunang ditebus ku hiji anak Indonesia, kuring geus nyadiakeun diri jadi kandidat munggaran pikeun eta pangorbanan!", naha ieu teh tekad pangabdian patriot bangsa atawa ucapan hiji anak manusa kana nasibna nu bakal tumiba?

Prof. Taufik nyutat pamendak Bung Karno presiden munggaran RI, anu nyebatkeun, Revolusi teh boga logika sorangan, malah boga sopan santun sorangan. Revolusi mah henteu wawuheun kana kecap nganuhunkeun, teu wanoheun kana mulang tarima. Revolusi bisa "ngamangsa anak-anakna" oge durhaka ka indungna.
Dina mangsa awal revolusi, panyeluk "bersiap" ngandung sarewu ma'na kakerasan. Oto Iskandar Di Nata numutkeun Prof. Taufik saterusna, lain angka, tapi anjeunna teh salahsaurang pamaen utama babak klimaks teater kahirupan bangsa, dina waktu revolusi nasional geus henteu bisa balik deui ka tempat asal. Beuki deukeut eta teater ngahontal klimaksna, beuki intens peranan anu dilalakonkeunana.
Dina detik-detik "jangji kamerdekaan" diucapkeun ku pamarentahan tentara pendudukan Jepang, R. Oto Iskandar di Nata geus ngiring dina rupa-rupa upaya nataharkeun kamerdekaan bangsa. Anjeunna diangkat jadi salah saurang anggota Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI), anggota Komisi UUD nu diketuaan ku Sukarno, anjeunna oge ngiring kana proses nyusun UUD 1945. Waktu BPUPKI dibubarkeun, anjeunna dipilih jadi Panitiya Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI).
Tapi PPKI numutkeun Prof. Taufik Abdullah henteu kaburu nataharkeun kamerdekaan, ngan kaburu ngabewarakeun kamerdekaan jeung natahareun pamarentahan hiji nagara nasional. Tah, dina poe-poe anu kacida rengkengna, dina waktu para anggota PPKI dipentes kudu nangtukeun Presiden jeung Wakil Presiden. Soanten Pa Oto meupeus kasimpean, tanpa ragu- ragu anjeunna nyalonkeun Ir.Sukarno jeung Hatta. Tanpa ragu-ragu, PPKI oge narimana ku sora anu gembleng. Tepi ka ahirna Bung Karno kaselir jadi presiden RI anu munggaran, kitu deui Bung Hatta jadi Wapres anu munggaran di ieu republik.
Heuleut sababaraha minggu ti harita, Oto Iskandar di Nata geus naratas ngadegna Badan Keamanan Rakyat (BKR), nu mangrupa cikal-bakal TNI, teu kungsi lami anjeunna dijungjung lungguh jadi Mentri Negara RI.
Sajeroning kitu, Jepang nu eleh perang ngunek-ngunek keneh, ngabahayakeun. Kitu deui musuh anyar, tentara Sekutu nu diluluguan ku Inggris, jadi ancaman. Walanda di dieu ngabonceng. Harita aparatur nagara tacan ajeg, atuh datangna Sekutu/Walanda teh nimbulkeun bancang pakewuh. Dina kaayaan anu kusut tur kucrut saperti kitu, sanajan sumanget kamerdekaan bisa keneh dikadalian, Oto Iskandar di Nata ngereles ical teuing ka mana turta henteu kantos mulih deui tug tepi ka kiwari. Lain ngantunkeun para putra anu asuheun keneh sareng kulawargana wungkul, Oto Iskandar di Nata oge ngantunkeun bangsana anu kudu terus berjuang nyorang lalampahan panjang geusan ngahontal kamerdekaan jeung hak-hakna.
Tapi anjeunna lain hiji angka tina jumlah maranehanana anu dimangsa ku revolusi. Anjeunna teh pribadi anu sawadina dipieling jeung dipatri dina ingetan, anjeunna teh conto tina tranformasi perjuangan bangsa. Tina guru jadi pejuang pulitik, tina insan anu ngagem garis pulitik kooperator, jadi tokoh revolusioner. Tina inohong nu gerak dina suasana kadaerahan jadi hiji nasionalis anu kentel. Kitu Prof. Taufik Abdullah mairan biografi Si Jalak Harupat Oto Iskandar di Nata nu disusun ku Dr. Nina Herlina Lubis M.S.
Ti Boedi Oetomo ka Paguyuban Pasundan
Saperti anu geus pada terang, jaman sakola keneh di HKS (Hoogere Kwekkschool) di Purworejo Jawa Tengah, taun 1917-1920 , R. Oto Iskandar di Nata geus kasengsrem ku dunya pulitik. Di Purworejo ngawalan kokojayan di dunya pulitik teh. R. Oto lebet organisasi Budi Oetomo. Sabada ngawulang oge teras aktip di Boedi Oetomo. Boh jaman janten Bapa Guru di HIS (Hollandsch Inlandsche School) Banjarnegara Jateng (1920-1921), boh jaman ngawulang di HIS Negri Pakalongan (1924-1928). Taun 1921-11924 kantos ngawulang di HIS bersubsidi di Bandung.
Malah kantos kaselir janten wakil ketua Boedi Oetomo cabang Bandung. Sabada dialihkeun deui ka Pakalongan, R. Oto dipercanten jadi wakil ketua ngarangkep Komisaris Pangurus Besar Boedi Oetomo. Tepi ka ahirna dipercanten jadi anggota Dewan Kota Pakalongan ngawakilan Boedi Oetomo. Saperti anu dingkabkeun ku Dr. Nina Lubis, nya di dieu Oto Iskandar di Nata langkung laluasa ngiprah geusan ngabela bebeneran jeung merjuangkeun hak rayat leutik. Tapi kulantaran soantenna harus teuing, jadi dianggap ngabaribinan pamarentah kolonial Walanda mangsa harita. Oto sapara kanca, diantarana Darmosoegito jeung Kartosoebroto katut Fadhool ti Partey Syarikat Islam, diasupkeun kana daptar hitam pamarentah kolonial Hindia Walanda.
Atuh puguh, saban-saban aya kajadian karusuhan atawa naon wae anu dianggap baha ka pamarentah Walanda, anu dituding jadi ulon-ulonna teh, pasti Oto Iskandar di Nata sapara kanca. Upama ngayakeun ririungan sanajan lain nyaritakeun pulitik, pasti diintip-intip ku PID (Politieke Inlichtingen Dienst). Lila-lila mah eta pulisi tukang ngintip arasup ka jero rohangan milu ngariung. Eh...ahirna maranehna kasengsremeun, arasup jadi anggota Boedi Oetomo. Jadi nyahoeun peresis, anu dicaritakeun jeung disawalakeun di Boedi Oetomo mah kapentingan masarakat, lain kapentingan pribadi.
Jaman jadi anggota Dewan Kota di Pakalongan R. Oto ngabongkar kasus Bendungan Kemuning, tepi ka rayat bisa disalametkeun tina panipuan pangusaha Walanda. Tapi balukarna, Residen Pakalongan bendu, Oto diasupkeun kana daptar hitam tur diancam hukuman buang. Tapi da teu gimireun ieuh. Konflik jeung Residen teu papanjangan sabab Sang Residen kaburu dipindahkeun. Jenengan Oto Iskandar di Nata jadi leuwih sohor. Ari pangaresepna, kana olahraga maenbal. R. Oto dilkenal pamaen galandang tengah nu tanggoh kulantaran kitu jadi seueur sobat katut kanca mitrana nu disambungkeun di lapang maenbal. Diantarana sobatna teh Kepala Penjara Pakalongan. Kasempetan hade ieu dimangpaatkeun kanggo ngahatean Bapa Kapala Panjara supaya para narapidana dialajar nulis maca. Tetela ditarima. Di Pakalongan R. Oto ngadegkeun Sakola Kartini.
Pamarentah Walanda jadi ngarasa hariwang nyaksian tindak tanduk R. Oto sadidintenna. Popularitasna di masarakat dianggap ngabahayakeun, tepi ka ahirna R. Oto Iskandar di Nata dialih tugaskeun ka Batavia (Jakarta) taun 1928, jadi guru HIS Muhammadiyah bersubsidi. Karirna di Boedi Oetomo lekasan tepi ka dieu, dipungkas di Pakalongan.
Juli 1928 R. Oto Iskandar di Nata ngawitan lebet ka Paguyuban Pasundan Cabang Batavia, langsung dipercanten jadi Sekrtaris Pengurus Besar. Dina kongres Paguyuban Pasundan di Bandung taun 1929 dipilih jadi Ketua PB. Paguyuban Pasundan, tepi ka taun 1942. Ti taun eta keneh Paguyuban Pasundan sacara formal dibubarkeun ku Tentara Jepang.
Dina jaman kapamingpinan R. Oto Iskandar di Nata, Paguyuban Pasundan ngalaman melesat maju, dina sagala rupa widang garapan. Widang pulitik, sosial, ekonomi, wanita, kepemudaan. Sanajan basisna masarakat Sunda, tapi dongkangan perjuanganana mah nasional. Jadi, henteu salah upama dikategorikeun pergerakan etnonasionalis teh.
Dina mangsa kapamingpinan R. Oto Iskandar di Nata, garis perjuangan kooperatip dipetakeun ku Paguyuban Pasundan. Pangna milih garis perjuangan kooperatip, numutkeun R. Oto, lantaran bangsa pribumi mangsa harita tacan boga sarat-sarat keur hiji perjuangan non-kooperasi. Ari eta sarat-saratna teh, kudu boga kakuatan batin jeung uteuk, kakuatan duit, jeung rasa solidaritas. Sikep kooperatip teh, jalan atawa cara perjuangan lain tujuan perjuangan, saur R. Oto Isandar di Nata.
Kiprah Paguyuban Pasundan anu paling utama tur diutamakeun jaman Oto Iskandar di Nata, upaya ningkatkeun kecerdasan bangsa pribumi. Atuh dugdeg diadegkeun sakola-sakola keur pribumi. Sajaba ti pendidikan, Pa Oto jeung Paguyuban Pasundan harita, metakeun upaya ngarehabilitasi para manten tahanan, mere bantuan hukum, ngahimpun dana keur beasiswa, dana keur mantuan korban musibah jeung mere penerangan umum. Hiji-hijina jalan keur ngalawan penjajah numutkeun Pa Oto, ku cara ningkatkeun sumber daya manusa (SDM), liwat pendidikan.
Ti taun ka taun jumlah sakola anu diadegkeun ku Paguyuban Pasundan nambahan terus, leuwih-leuwih sabada eta organisasi dipingpin ku R. Oto Iskandar di Nata. Nyebar di sakuliah tatar Sunda. Nu dibere pancen ngurus sakola- sakola, di tingkat pusat diadegkeun Bale Pamulangan Pasundan. Dipatotoskeun terus diputuskeun dina Kongres Paguyuban Pasundan di Bogor taun 1931. Mimitina mah pusatna di Tasikmalaya, tapi saterusna dipindahkeun ka Bandung. Nu munggaran mingpin BPP, Ahmad Atmadja. Ti saprak ngadeg BPP, sakola-sakola Pasundan beuki nyebar jumlahna beuki loba, kitu deui guru jeung murid-muridna beuki nambahan.
Hasil perjuangan R. Oto Iskandar di Nata dina widang pendidikan pantes dipikareueus. Tepi ka ayeuna anu kabandungan beuki mekar teh widang pendidikan pisan, malah tepi ka perguruan tinggina, Universitas Pasundan kaasup perguruan tinggi nu cukup maju tur moyan di Jawa Barat.
Dina widang ekonomi, Paguyuban Pasundan dina kongresna anu ka 19 di Tasikmalaya taun 1934, geus mampuh ngadegkeun Centrale Bank Pasundan, dina wangunan NV. anu dipingpin ku Iyos Wiriiaatmadja. Pusatna di Jakarta, di daerah ngadeg cabang-cabang. Ti mangsa ka mangsa ieu bank maju terus. R. Oto Iskandar di Nata teh acining pamingpin pulitik, tapi kagungan jiwa wiraswasta, ku kituna perhatianana kana Koperasi oge ageung.
Kulantaran kitu kahirupan perkoperasian di lingkungan Paguyuban Pasundan oge mekar tur maju. Di saban cabang ngadeg koperasi tur maraju, kabeh disebutna Koperasi Pasundan. Gerakna dina widang keuangan, perdagangan, aya oge anu husus we nyadiakeun paparabotan tatanen, keur para patani. Garapan widang ekonomi sejenna anu kaasup nonjol, Lumbung Padi (Leuit Pare). Nu nalingakeunana Puseur Lumbung Pasundan. Kulantaran widang ekonomi beuki maju tur mekar, R. Oto sareng para pangurus Paguyuban Pasundan anu sejenna ngaraos peryogi ngadegkeun pingpinan pusat badan-badan nu ngageroh widang ekonomi.
Dina Kongres Paguyuban Pasundan ka 23 di Sukabumi ahirna dipatotoskeun terus diputus ngadegkeun badan di tingkat pusat nu pancenna ngageroh widang ekonomi. Eta badan disebutna Bale Ekonomi Pasundan. Aturan- aturanna oge diwincik.Ti saprak ngadeg tepi ka taun 1942 Bale Pasundan dipingpin ku Raden Soedarma Soeradiredja, anu ngarangkep jadi Wakil Ketua PB. Paguyuban Pasundan jeung Direktur Centrale Bank Pasundan.
Kana peranan kaum wanoja, R. Oto Iskandar di Nata teu lali, dina kapamingpinanana, diadegkeun pakumpulan wanoja Pasundan anu saterusna disebut Pasundan Istri (PASI). Sajaba ti kitu, ka para nonoman harepan bangsa ageung pisan kamelangna. Desember 1934 ngadeg YOP (Jeugd Organisatie Pasoendan) ketuana anu munggaran R. Adil Poeradiredja. Dina kongresna anu munggaran taun 1935 panjangna JOP ganti jadi "Jasana Obor Pasundan".
Waktu suhu pulitik karasa beuki panas mapag Perang Pasipik, Pa Kendo (Soekanda Bratamanggala), usul supaya diadegkeun hiji badan anu disebut "JOP Brigade" pikeun ngungkulan kajadian-kajadian anu henteu dipikahayang. Diantarana nu ngarojong teh Jendral AH. Nasution. Rerencepan Pa Nas mantuan ngalatih baris berbaris ka anggota JOP Brigade tepi ka waktu katohyan anjeunna ditegor ku Direktur Akademi Militer harita Letkol Altena.
Debat Sengit Di Volksraad
15 Juni 1931, R. Oto Iskandar di Nata janten anggota Volkstraad wakil ti Paguyuban Pasundan. Tilu entragan ngalalakon di Dewan Rayat anu mashur teh, 1931-1934, 1935-1938, 1939-1942. R. Oto ngagabungna kana Fraksi Nasional anu diadegkeun ku Moch. Husni Thamrin, Ketua Perkumpulan Kaum Betawi. R. Oto Iskandar di Nata kantos janten pamingpinna sajaba ti Husni Thamrin, Soekarjo Wiryopranorto jeung R. Panji Soeroso katut anu sejen-sejenna. Dina sidang Volksraad antara 1931-1932 R. Oto kapalayna nyarios ku basa Malayu supaya kahartieun ku rayat nu teu bisa basa Walanda. Tapi Ketua Sidang keukeuh menta supaya nyarita ku Basa Walanda. Kapaksa R. Oto Iskandar di Nata tumut kana aturan.
Biantarana mashur teuneung ludeung, peureus ngiritik pamarentahan Hindia Walanda. Diantarana R. Oto ngeceskeun, ciri-ciri kebangkitan bangsa-bangsa nu dijajah katingal tina timbulna gerakan kamerdekaan di mana-mana, kaasup Indonesia. Taun 1931 Oto Iskandar di Nata ngadongsok supaya Indonesia gancang dibebaskeun ku pamarentah Hindia Walanda.
"Pasundan ngaku ayana hak tiap golongan rayat Indonesia pikeun leuwih ngawewegan kabangsaan jeung kabudayaanna masing-masing. Pasundan kacida panujuna kana wacana manunggalna bangsa Indonesia", kitu diantarana biantarana anu mashur di Volksraad. Dicutat ku Ketua Umum Paguyuban Pasundan kiwari Haji A.Syafei basa mieling tepung taun Paguyuban Pasundan anu ka 88 sawatara waktu ka tukang. Salah sahiji kagiatan milangkala anu ka 88, mitembeyan ngawangun prasasti "Indonesia Menggugat", numutkeun Haji Syafei, sawirahma antara perjuangan Bung Karno dina Indonesia Menggugat jeung perjuangan Paguyuban Pasundan dekadeu tilupuluhan teh. Malah R. Oto Iskandar di Nata dina biantarana di Volksraad taun 1923, tandes pisan ngeceskeun, pones Landraad Bandung nu dikuatan ku Raad van Justisi (Pangadilan Tinggi), ka Ir.Sukarno, Gatot Mangkupradja, Maskoen katut Soepriadinata samasakali henteu saluyu jeung rasa kaadilan bangsa Indonesia.
Dina enggoning ngiritik kawijakan-kawijakan pamarentah jajahan anu jauh tina wijaksana, R. Oto Iskandar di Nata soantenna leuwih harus, leuwih teuneung jeung ludeung adu renyom debat di Volksraad. Ngajejeleh jeung mentog pamarentah jajahan tanpa tedeng aling-aling.
Ngiritikna ka pamarentah jajahan nu tumali jeung pendidikan oge kacida peureusna."Pendidikan anu lumangsung ayeuna teh, ngan keur nataharkeun klerek pabrik jeung jurutulis. Para Pangrehpraja kalakuanana ngan saukur leletak, lantaran salah ngadidikna!", adu renyom anu sengit kajadian dina pamandangan umum anu panjang, hareupeun sidang Volksraad, dewan rayat jieunan pamarentah kolonial Walanda. Dumasar kana wawanenna enggoning ngiritik pamarentah jajahan anu dianggapna telenges, bengis, dolim bari tanpa tedeng aling-aling tur ninggang dina bener, R. Oto Iskandar di Nata dileler jujuluk "Si Jalak Harupat".
Ari jalak harupat, hayam jago anu kongkorongokna harus, kuku-kukuna sareukeut, mun diadukeun salawasna unggul. Jujuluk Si Jalak Harupat nurutkeun Dr.Nina,Lubis mah asalna ti Wirasenjaya, guru HIS Pasundan Cianjur, rakana Sutisna Senjaya, redaktur munggaran suratkabar Sunda Sipatahoenan.
Perjuangan Liwat Pers
Paguyuban Pasundan anu ti taun 1926 geus narima ideologi nasionalisme, milu ngagabung kana Indonesische Eenheids Committee (Komite Persatuan Indonesia). Dina wadah organisasi ieu ngagabung jeung Sarekat Islam, Muhammadiyah, jeung nu sejen-sejenna deui, sanajan henteu mampuh ngumpulkeun sakabeh organisasi anu aya.
Terus taun 1927, Paguyuban Pasundan oge ngagabung kana federasi partey- partey gagasan Ketua PNI Bung Karno nu disebut PPPKI (Permufakatan Perhimpunan-perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia. Paguyuban Pasundan ngutus tilu wakilna di PPPKI, R. Oto Koesoema Soebrata, Bakrie Soeraatmadja, Soetisna Sendjaya (Sutsen). Taun 1932 Oto Iskandar di Nata sareng Husni Thamrin ngagentos Latuharhary sareng Dr. Soetomo janten pangurus harian PPPKI. Taun 1939 organisasi-organisasi nasionalis ngadegkeun Gabungan Politik Indonesia (GAPI) anu tujuanna hayang ngadegkeun parlemen anu gembleng keur Indonesia. Pa Oto ngiring marajian lahirna GAPI ieu.
Pa Oto sareng mitra-mitra saperjuangan terus gerak geusan ngawujudkeun hiji parlemen partikulir keur ngimbangan Volksraad anu geus leungiteun kapercayaan. Taya kacape enggoning babalapan jeung waktu,m para tokoh pergerakan teh der ngayakeun kongres anu ahirna mupus Kongres Rayat Indonesia ganti ku Majelis Rakyat Indonesia. Pancenna jadi badan perwakilann rayat Indonesia. R.Oto ngiring di rengrengan pangurus.Ti harita aksi Indonesia Berparlemen nu diperjuangkeun ku GAPI diteruskeun ku Majelis Rakyat Indonesia. Tapi memeh prung padungdung, datang manten tentara pendudukan Jepang. Strategi naon deui anu ayeuna dipetakeun ku bebenteng Sunda ngigelan jaman Dai Nipong teh?
Ari Paguyuban Pasundan saenyana geus boga suratkabar Sipatahoenan nu diterbitkeun ku Paguyuban cabang Tasikmalaya taun 1923, pingpinan Redaksina Soetisna Sendjaya. Tadina medal saminggu sakali, tapi sabada dipingpin ku Bakrie Soeraatmadja mah jadi dua kali saminggu, ti taun 1930 redaksi dibantu ku Moch Koerdie. Taun 1931 nu ngageroh ieu suratkabar teh Pangurus Besar Paguyuban Pasundan. Medalna saban poe, jadi harian, ti Tasik dipindahkeun ka Bandung, kantorna nu mimiti di Kaca-kaca wetan, taun 33 pindah ka Banceuy tepi ka ahirna di Dalem Kaum ( ayeuna Dallas). Harita mah corongna Paguyuban Pasundan Sipatahoenan teh Ti Dalem Kaum pindah ka Jl.Sumatra.
Tapi Paguyuban oge kungsi nerbitkeun suratkabar basa Malayu Sepakat, Pemredna Ir.Oekar Bratakoesoemah, redaktur palaksanana Atje Bastaman. Tapi taun 1942 mah Sipatahoenan jeung Sepakat teh dibredel ku pamarentahan Jepang. Keur gagantina, Oto Iskandar di Nata sareng Moch.Koerdie bari ditalingakeun ku Jepang nerbitkeun suratkabar corong pamarentah Jepang, ngaranna ge "Tjahaya". Direkturna Pa Oto ku anjeun. Jadi media gabungan antara Sipatahoenan- Sepakat-Nicork Express jeung Sinar Pasundan. Aya saurang wartawan Jepang ditempatkeun di Tjahaya, teu beda ti bebegig, sabab teu ngartieun basa Indonesia.
Ngajelegur bom atum ngancurkeun Nagasaki Hirosima, Jepang eleh ku Sekutu. 17 Agustus 1945 Kamerdekaan Indonesia diproklamirkeun ku Sukarno- Hatta. Tjahaya ngamuat warta penting ieu dina berita utama.
Lalanang ti Bojongsoang
Dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Desa Bojongsoang Kabupaten Bandung. Dipaparin jenengan Oto Iskandar di Nata. Putra Bapa Raden Haji Rachmat Adam sareng Ibu Raden Siti Hatidjah teh sadayana dalapan, Oto putra katilu.
Raden Haji Rachmat Adam anu memeh ibadah haji jenenganana Raden Natareja teh Lurah Desa Bojongsoang, Onderdistrik Buahbatu, Distrik Ujungberung Afdeeling / Kabupaten Bandung.
Diantawis rakana aya anu kantos jeneng Walikota Bandung, Raden Ating Atma di Nata. Di Bojongsoang tug tepi ka kiwari para kasepuhanana mah arapal peresis ka kulawarga Juragan Haji, ramana Pa Oto. Cindekna nu dikenal ku masarakat sajaba ti wedi asihna ka sasama, akur sauyunanana kulawarga Juragan Haji, eta kulawarga ti luhurna terahing ratu rembesing kusumah., tetesan andanawarih. Jadi, Oto lalanang ti Bojongsoang diasuh diageungkeun di tengah-tengah kulawarga menak Sunda. Nurutkeun Dr.Nina mah, upama terus dicrukcruk disusud ka luhurna, brasna teh teu ka mamana, nya langsung ka Sri Baduga Maharaja, luluhur Pajajaran anu kamashur.
Jaman sakola di HIS kelas tujuh Banjarnagara Jawa Tengah, Oto kapentang jamparing asih, asmara mekar di Jawa, dugi ka prukna pisan nikah sareng mojang geulis jenengan Raden Roro Soekirah, putra R. Martodiwiryo, asisten Wadana Banjarnagara. Lalanang ti Bojongsoang repok jodo sareng wanoja Banjarnagara. Gusti maparin sawelas calon generasi penerus, tujuh istri, opat pameget, cikalna nu sohor Sentot Iskandar di Nata, pejuang tan kenang pati.
Ditelasan Di Mauk?
Dina buku catetan Ibu Oto anu dicutat eusina ku Dr.Nina Lubis dieceskeun , Bapa teh angkatna ka Jakarta, sabada aya anu nelepun ti Jakarta. Kulantaran dua dinten dua wengi lebeng taya bejana, turta anu biasana nelepun ayeuna mah teu nelepun, enggal nelepun ka Jakarta, mapaykeun carogena, tapi taya anu terangeun.
Diserat dina catetan harian Ibu Soekirah " Bapa Diculik 31 Oktobver 1945" Harita Ibu nuju bobot, marurangkalih asuheun keneh pisan, ari Si cikal Sentot berjuang, Ibu Oto estuning katurug katutuh. Dugi ka brolna Si bungsu lahir masih juuh cisoca. Ibu Soekirah teu kendat emut kana kasauran carogena memeh angkat ka Jakarta, hal ieu nembe dibetuskeun ka putrana sababaraha dinten kana dintenan Ibu ngantunkeun. Numutkeun Ibu Oto, memeh angkat, Bapa kantos ngagerendeng, saurna teh " Bisa jadi Bapa teh moal mulang deui, atawa jadi korban!", kaayaan memang rengkeng, di buruan bumi Pa Oto sering katingal sajumlah pamuda tinggulandang nyurigakeun.
Ari numutkeun Pa Kendo mah, sadinten memeh ngantun Bandung ngabujeng ka Jakarta, Pa Oto kantos nepangan Pa Kendo Bratamanggala Komandan Front Bandung Utara di Lembang. Unjukan bade ka Jakarta, disaur ku Bung Karno saurna teh. Ku Pa Kendo dipuntangan sangkan ulah janten angkat, genting saurna teh. Taspi Pa Oto keukeuh angkat. Nya harita Pa Kendo mah tepang panungtung sareng Pa Oto teh. Hanjakalna, bade dikawal oge teu keresaeun saur Pa Kendo.
Plengles teu aya bejana. Bung Karno kantos marentah ka Mr.,Kasman supaya milarian R.Oto Iskandar di Nata, sabada Mentri Negara ngaleungit dua bulan lamina. Diungkabkeun ku Dr.Nina Lubis anu nyutat carita ti hiji sumber. Sukanda Bratamanggala, Komandan Front Bandung Utara teh kantos ditugaskeun ka Banten. Di Mauk, Pa Kendo nampi katerangan ti salahsaurang anggota Laskar. Pokna teh, R.,Oto jeung saurang tahanan sejenna kungsi dikerem di salahsahiji ruangan tahanan di Mauk. Saterusna R.Oto dibarawa ka basisir Mauk, di dieu ditelasan, layonna dipiceun ka laut. Anehna, layon teh teu daek wae tilelep atawa kabawa lambak jauh ka tengah, ieu mah ka sisi deui ka sisi deui kabawa ku lambak.
Dumasar kana ciri-ciri anu disebutkeun ku Si Laskar tea, dipastikeun, eta layon teh leres, layon Si Jalak Harupat, jawara pulitik, jadug pamuk ti tatar Sunda, R.Oto Iskandar di Nata. Kulantaran taun-taun harita, taun opatpuluhan katompernakeun ( 1949) masih keneh kaasup periodeu perjuangan, henteu kungsi aya beja, pamarentah nalungtik kajadian ditelasanana Pa Oto di basisir Mauk. Memang aya anu dijagragkeun ka mahkamah pangadilan, ngaranna Mudjitaba, pulisi anu dituding nelasan Pa Oto di basisir Mauk Tangerang. Mudjitaba dijagragkeun ka pangadilan sabada 14 taun Pa Oto diculik. Ceuk Mudjitaba mah aya anu nitah nelasan Pa Oto teh, duka saha-sahana mah. Kulantaran Pa Oto dituding arek masrahkeun kota Bandung ka Walanda, Laskar amarah, Pa Oto diculik dibarawa ka Mauk Tangerang, saterusna ditelasan di basisir Mauk. Layonna dialungkeun ka laut.
Jaksana harita teh Prof.Dr.Priyatna Rasyid, ari Hakim Ketuana Rafli Rasyad. Mudjitaba dipones 15 taun panjara. Ti saprak asup ka panjara taya bejana deui kumaha nasibna.
Poe naon tanggal sabaraha Pa Oto ditelasan weleh teu kapaluruh. Kulantaran kitu dina berita resmi dieceskeun, Oto Iskandar di Nata Mentri Negara Pertahanan RI, pupus 20 Desember 1945. Urang Sunda, diluluguan ku Paguyuban Pasundan ngan bisa nyandak sarat layon ti basisir Mauk anu saterusna dipendem di Pasir Pahlawan Lembang. Bandung......Pa Oto ngantunkeun wawangi arum, jenenganana dipatri dina tiap dada urang Sunda hususna anu luhur ngajenanana kana sajarah perjuangan bangsana.
[HRS, Saperti anu diungkabkeun ku DR. Nina Herlina Lubis jeung Paguyuban Pasundan].

Dongeng Sareupna

NYAI SEKAR ARUM

Aya randa geus kolot , beunghar the, imahna nya gede nya alus, bilikna oge ku gebyog ; sawahna lega , kebonna lega,mundingna rea.
Boga hayam boga meri, boga entog, boga soang, beunghar bae cenah nya, sagala rea. Eta randa boga anak awewe hiji-hijina ngaranna Nyi Sekar Arum, kakara umur tujuh taun. Kacida dipikameumeutna ku indungna da ngan hiji hijina pisan, turug – turug Nyi Sekar Arum rupana hade, budakna kayungyun, nya begeur nya singer, nya calakan.
Nyi sekar Arum mah unggal poe the, ngeletek wae ulin sorangan di pipir imahna, dadagangan atawa angeun-angeunan, tara jarambah ulin kanu jauh, Jeung teuing ku beresih deui, Nyi Sekar Arum mah. Isuk-isuk the ku emana geus dimandian, rap didangdanan sina make samping ; sarung leutik, make kabaya, tuluy bae sina ulin.
Dina hiji mangsa indung Nyi Sekar Arum gering payah, nepi ka maotna. Ayeuna mah imahna, kebonna dicekel ku pamanna, dulur indungna Nyi Sekar Arum, da Nyi Sekar Arum Leutik keneh.
Nyi Sekar Arum geus jadi budak pahatu lalis, unggal poe ngadingkut bae ceurik ingeuteun ka indungna. Ari ka bapana mah teu nyahoeun, da basa bapana hilang, manehna nyusu keneh, kakara ngorondang.
Mimitina mah ku pamanna, ari Nyi Sekar Arum ceurik the sok diupahan, pokna “ Enggeus Eulis, ulah nangis, d any nyaah mah aya Emang jeung Embi. Engke ku embi dipangmeulikeun samping alus, baju alus, suweng alus, geulang alus. Enggeus ulah sok nangis nya, da Eulis mah bageur.”
Nyi Sekar Arum ari dipapagahan ku pamanna, ku bibina the sok jep bae repeh, tuluy leos deui ulin ka pipir imahna.
Tapi ari geus lilamah pamanna jeung bibina, tara daek ngupahan, jadi barengis deui, sok ngarangketan, Ari Nyi Sekar Arum ceurik ingeuteun ka indungna, kalah sok disentak bari dicarekan.
“ Tah budak beuki ceurik the geus ngeng deui leweh. Halik nyingkah sia kaditu, gandeng !”
Mindeng Nyi Sekar Arum tara dibere dahar. Ari menta sangu ka bibina sok disentak. Atuh nepi ka dua poe luntah-lenteh, ngan sok dahar hui atah, atawa sampeu beunang ngorehan ti kebon.
Ku bibina mindeng di buburak ti pipir, kaleng-kaleng peranti ulinna dialung-alungkeun ka jarian.
Nyi Sekar Arum sieuneun, ari nenjo bbina ambek-ambekan bari ngamang-ngamangkeun gagang sapu the, sok leos bae nyingkah, ngadon ceurik di kuburan indungna. Gek diuk deukeut tutunggul, pek ngawih.
Ema-ema kuring milu,
Kuring ku Emang di satru,
Emang Embi sering bendu,
Teu kersa maparin sangu.

Ema-ema peurih peijit,
Emang teh ka kuring sengit,
Kanyaahna eunggeus leungit,
Embi mah tuing ku delit.

Ema-ema ieu kuring,
Nalangsa beurang jeung
Peuting,
Embi mah mindeng sok pusing.

Ema-ema cing tulungan,
Ieu kuring ngan sorangan,
Heunteu manggih dadaharan,
Ku Embi teu dipasihan.

Ema-ema peurih beuteung,
Ema ka dieu sakeudeung,
Da kuring ngarasa keueung,
Di imah kuirng teu ludeung.
Ngelak bae Nyi Sekar Arum ngawih. Ari geus burit kakara balik ka imahna. Ari katenjoeun kupamanna Nyi Sekar Arum kakara dating, gorowok di carekan.
“ Tah, budak epes meer the kakara puncengis, keun entong dibere nyatu, bongan mumul digawe !”
Nyi Sekar Arum teu meunang unggah ka imahna,sok dug wae sare dipipir, ngagoler dina taneuh. Isuk-isuk poek keneh oge geus korejat hudang, tuluy deui ka kuburan emana, pek deui ngawih.
Ema-ema tiris teuing,
Kuring heunteu boga samping,
Samping ku Embi
dikeumbeing,
buligir kuring sapeuting.

Ema-ema kuring tulung,
Ku Emang kuirng ditundung,
Teu meunang unggah ka imah
Emang teu aya kanyaah.

Sabot Nyi Sekar Arum keur ngelak ngawih, ujug-ujug podonghol bae aya jantung tina kuburan emana, harita keneh jantung the beukah, oerna geus marurag, geus jadi cau saturuy, geus koneng, teu lila asak cau the, cau emas malutiktrik bakeuneur naker.
Nyi Sekar Arum mimitina mah olohok bae, nenjo jantung geus jadi cau the, teu lila pok ngawih deui.Cag

Sawer

sawer nyaeta karangan tina basa nu alus nu sok dipake keur upacara adat (kabiasaan)masyrakat. sawer sok ditembangkeun, dikawihkeun atawa dideklamasikeun, hal ieu gumantung kana pungsi jeung wangunna.
Kabiasaan sawer di masyarakat Sunda ngarupakeun hiji warisan ti karuhun (kolot urang baheula). Ku sabab kitu, umurna ge geus kolot pisan. Upacara sawer raket pisan hubunganna jeung kapercayaan masyarakat dina waktu harita, kusabab kitu karuhun urang baheula biasa nerapkeun sawer keur nyomponan syarat pikeun upacara ritual (agama, sok sanajan tina bagbagan agama Islam mah teu aya).
Hal ieu bisa dibuktikeun ku ayana syarat-syarat nu mangrupa simbol atawa lambang/siloka. Dina upacara sawer sok aya pagawean ngawurkeun beas, koneng nu dipotong-potong, sereh, jeung duit kencring.
Kagiatan sawer pikeun masyarakat Sunda mangrupa salah sahiji media keur nepikeun papatah, piwuruk sarta manjatkeun do`a.jadi sawer keur masyarakat Sunda geus mangrupakeun ka ilaharan (kabiasaan)
Dumasar kana wangunna, aya sawer nu ditulis mangrupa, kawih,syair,sajak, jeung prosa.Ku kituna loba sawer nu ditulis dina wangun syair (Pupuh). Pupuh nu biasa dipake dina sawer umumna dina wangun pupuh Gede atawa Sekar Ageng (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula)
dihandap aya sababaraha hiji conto sawer :
1. Sawer Sunatan
Kalayan asma Panggeran
Nu Maha asih tu Heman
ayeuna bade ngawitan
nyawer anu disepitan

Sami-sami ngahadiran
muga-muga janten jalan
mukakeun jalan pikiran
hingga caang narawangan

para saderek sadaya
istri pameget nu mulya
nyepitan jiga teu pira
seueur jlma nu mokaha.

2. Sawer Panganten
Mungguh rumah tangga tangtu
lir kapal jero jaladri
garwa minangka layarna
caroge lir juru mudi
dilautan satujuan
sapapait samamanis

Guguru ka lauk laut
sanajan caina asin
awakna teu katepaan
mandiri dina pribadi
jadi pamungpungan asih

Bulantok

BULANTOK

“Cing Omah, mihape heula si Nyai ieuh sakeudeung. Bebenjokeun di luar. Ema asa kararagok ari nyeungeut damar bari ngais budak teh. Sieun kasundut !” cek indungna.
“Yap atuh kadieu !” omah teu kaleked kana panitah indungna.
Porosot si Nyai dipoosotkeun tina aisan indungna, dipindahkeun ka Omah, tuluy manehna kaburuan rek nagabebenjokeun adina tea.
Wanci nyedek ka magrib, titingalan caang lenglang. Layung hibar sumorot ti Beulah kulon. Ari ret katebeh wetan, bulan siga mimiti naek, buleud belenong sagede tampir, cahayana beureum.
“Uluh itu Nyai bulan mani belenong. Tuh di wetan beh luhur !” Omah nunjuk ka palebah bulan tea. Si Nyai anu ti tadi ngarenghik ceurik can repeh, ngadadak jempe. Curinghak nempo kana panuduhan lanceukna.
Bari ngeplokan bujur adina, Omah terus ngawih,
“Bulantok-bulantok,
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting,
Aya bulan sagede piring.”
‘Tuh Nyai bulan the mani asa beuki gede jeung beuki luhur bae, “ cek Omah ka adina.
“Euh-euh……,” cek si Nyai anu can pinter ngomong. Siga anu haying dipangawihkeun deui bari neutup kana bulan.
Pok Omah ngawih deui,
“Bulantok-bulantok,
Aya bulan sagede batok.
Bulanting-bulanting,
Aya bulan sagede piring…………”
Barang geus reupreupan pisan, Omah kakara asup ka imah da kaburu digeroan ku indungna ongkoh. Kudu buru-buru ngampih, ulah ulin di luar wanci sareupna, cenah.

Minggu, 12 Juli 2009

PUPUH MAGATRU
Guguritan : Tono Hartono
Laras : Pelog
Surupan : 4 = Tugu

5 4 4 3 3 3 3 4 5 1 5 4 5 4 4
Ni ni ku ring la mun seu ri ma tak lu cu

3 4 3 2 3 4 3 4 5
Nu ka ting ngal ngan gu gu si

1 5 3 4- 3 5 1 2 2 2
Wa os na mung kan tun ti lu

2 2 2 2 2 2 1 2 3
Di te ngah sa reng di si si

5 5 4 5 1 2 2 1 2 1 5
Mun gu mu jeng ka was o rok

MASKUMAMBANG

PUPUH MASKUMAMBANG
Guguritan : Tono Hartono
Laras : Medenda
Surupan : 4 = Tugu

5 4 3 4 5 4 3 4 4 3 2 2
Ku tan ki eu ra sa na hi rup nung geu lis

2 3 4 5 3 4
Teu In dung teu Ba pa

5 5 5 5 5 4 3 5 1 2
Ta ya pa mun ta ngan di ri

2 1 5 5 5 4 3 2 3 3 5
Ngan u kur rag rag ci ma ta


2. Mun ras ingeut hirup teh pahatu lalis
Di dunya nyorangan
Sok hayang panggih jeung pati
Nuturkeun Indung jeung Bapa

Sabtu, 11 Juli 2009


PROSESI PELEPASAN SISWA KELAS IX
SMP NEGERI I RANCAEKEK
JUNI 2009




Adegan ka hiji :

Narator :
Sakapeung mah ayun ambing
Ukur timang jeung hariring
Nganteur buah ati
Rap sirep sare sing tibra

Tapi hiji naluri
Nembus dayaning insani
Dimana katineung kamelang jeung atikan
Antare sumare dina diri puputon
Sangkan jaga waluya santosa

Lagu Nimang :
Neleng nengkung neleng nengkung
Geura gede geura jangkung
Geura sakola di Bandung
Geura tungtut elmu luhung

Timang timang duh hariring
Ayun ambing mangka eling
Manteng muntang ka hyang agung
Nyangga sadaya pitulung

Narator :
Anaking regepkeun ieu dongeng
Mangka eusina jadi luang pieunteungeun
Conto conto tina lajuning carita
Moal boa kasorang ku hidep jaga
Titi rintih duduga peryoga
Sing ngabatin ngawaruga
Elmu luhung kasakti diri
Sing ngabatin dina tangtungan pribadi

Lagu Nimang :
Eling eling duh anaking
Do`a Indung beurang peuting
Hirup sing pinuh panjaring
Ajeg diri ajeg tangtung

Neleng nengkung neleng nengkung
Geura gede geura nanjung
Geura riksa lemah cai
Mangka nanjung sugih mukti

Adegan ka dua :
Narator :
Daun daun anu ting arulang
Ngait kana ati namper dina sanubari
Panyawang jauh kalandeuh
Titik batin nepungkeun geuter ka deudeuh
Gurat gurat duriat ting kolebat
Dina tanjakan dina pengkolan
Jadi gambar gambar kakelar nu lawas heunteu ka guar

Anaking tempat atikan jeung didikan
Eta teh muara asih
Antara diri jeung lemah cai
Antara hidep jeung guru
Antara abdi jeung gusti
Pangancikan panineungan
Kalang pakalangan hirup
Lalakon medal jeung surup

Anaking ka asih tinu jadi guru
Moal laas kapanasan
Moal unggut kalinduan
Moal gedag kaanginan
Estu salawasna manteng
Ngait kana ati namper dina sanubari

Lagu pupuden Ati

Adegan ka tilu :
Narator :
Anaking geus kawajiban nu janten guru
Dimana hidep salah lengkah
Anjeunna wajib ngabebenah
Sangkan hidep tumaninah
Sabab geuning kaduhung tara ti payun
Hanjakal tara ti heula
Kaduhung aya ditungtung
Hanjakal datangna jaga

Anaking anjeun kudu emut
Yen hirup teh teu sakadar ngaringkang leumpang
Mapay hambalan poe antara beurang jeung peuting
Aya galura nu ngahudang urang tandang
Mapay mangsa datang anu nanjung tur gumilang
Yu nyaring kuniang hudang

Lagu Kinanti :
Eling eling aduh enung
Putra ibu anu geulis
Hidep ulah salah lengkah
Komo pangawakan istri
Teu sae ameng di jalan
Anggeur mah uih ka bumi

Hawatos nu janten sepuh
Tuh di bumi nganti nganti
Apan kanyaah sepuh mah
Langkung ka diri pribadi
Melaan nu janten anak
Tandona raga jeung pati

Adegan ka opat :
Narator :
Anaking lamun urang boga udagan jeung cita cita
Lengkah teh kudu ajeg ti ayeuna
Ngaliwatan rawayan penddikan
Elmu jeung kaparigelan
Salawasna ngeusian tangtangan jaman
Antara ayeuna jeung jaga

Lagu Karatagan Pasundan

Adegan ka lima :
Narator :
Anaking tilu taun urang babarengan
Tilu taun urang gogonjakan
Aya suka aya duka
Aya senang aya sedih
Duanana awor ngajadi hiji
Marengan lengkah urang sarerea

Anaking kiwari geus cunduk waktu
Geus tepi kana mangsana
Hidep di atik
Hidep di didik
Hidep di asah
Hidep di asuh
Kalayan pinuh ku kaasih bari jeung teu menta pamrih

Ayeuna ……………….
Bray geura buka eta surat
Geura imeutan eusina
Mangka eusina sing jadi bahan tafakureun hidep sadayana
Bapa jeung Ibu mah ukur bisa ngadu`a ti kanggangan
Bapa miwah Ibu moal bisa nulungan
Da memang geus kitu katangtuannana
Hidep kudu apal hukum dunya
Yen didunya sarwa papasangan
Aya beurang aya peuting
Aya bulan aya bentang
Aya panggih tangtu bakal aya pisah
Aya hasil aya teu hasil
Hasil atawa teu hasil
Urang kudu bisa narimakeunnana

Kalayan dikawitan ku aosan Bismillah
Bray geura buka eta surat.....................

Adegan ka genep :
Narator :
Puji sukur kanu maha Agung
Nu maha jembar tur heman
Anu parantos maparinan mangpirang pirang nikmat
Ngalangkungan bumi alam sahiji
Nu maha wening tur suci

Musik ilustrasi kacapi suling




Adegan ka tujuh :

Narator :
Nitih wanci nu mustari
Tepung taun milangkala
Mangsa lawas geus karandapan
Pungkasan lulus banglus rahayu
Seuweu siwi harepan nagri
Geus tutas tolabul ilmi
Kiwari rek diistrenan

Uwa uwa Lengser....................
Geura bageakeun uwa ............
Geura papageun uwa...............
Oge urang wilujeungkeun

Gending gudril ( lengser midang )

Adegan ka dalapan :

Narator :
Asa cikeneh ………..
Hidep diayun dihariringan
Ditimang diujang ujang
Dinengne di eneng eneng

Asa karek kamari
Hidep diwuwuh elmu pangaweruh
Sangkan jaga bisa reujeung sayaga

Sakapeung.........
Hidep disentak, disintreuk
Diusap di asep asep
Di elus di eulis eulis
Taya lian……..
Eta teh tawis kanyaah, kaasih jeung
Kadeudeuh tinu jadi Indung jeung Bapa
Bapa teu suka lamun hidep salah lengkah
Ibu teu rido lamun hidep jadi bodo

Kiwari.......
Geuning hidep teh geus sakitu gedena
Pangarti geus kaeusian
Elmu geus kasakuan
Geus waktuna kasep, geulis
Hidep lumaku
Sok sanajan urang kudu papisah
Lagu ayun ambing :
Ari ari ayun
Ari ayun geulis ayun ambing
Diayun mah diayun ayun ku samping
Ibu ngahariring hariring pinuh pangjaring

Geulis anak ibu
Nu kasep puputon kalbu
Sing boga wibawa
Ngabela ka nagarana

Lamun jadi jalma
Kudu hade ka sasama
Ulah sok kumaki
Bisi cilaka nya diri

Adegan ka salapan :

Narator :
Kasep geulis anaking
Geus hiji kawajiban keur hidep sarerea
Ngahormat nu jadi indung jeung bapa
Kapan indung tunggul rahayu
Bapa tangkalna darajat
Saha wae jalmana nu teu ngahormat nu jadi Indung jeung Bapa
Hirupna moal panggih jeung karahayuan
Oge moal menang darajat

Kasep geulis anaking.....
Prak hidep geura sungkem ka nu janten bapak miwah ibu guru
Sabab hidep sadayana moal bisa jiga ayeuna lamun teu aya aranjeunna
Ku alatan jasa aranjeunna
Hidep kiwari jadi ngarti

Kasep geulis anaking.....
Pek geura neda pangampura ka aranjeunna....
Geura pundut pidu`ana.....

Ilustrasi musik kacapi suling




Kunosari :
Bismillah ngawitan ngidung
Sumalindung ka illahi
Ka Allah nu maha heman
Seja numutkeun talari
Budaya karuhun sunda
Neda ridoning Illahi

Kidung :
Kiwari cunduk di waktu
Wancining rido Illahi
Putra teh sumeja ngaras
Ngabakti lahir lan batin
Ngawasuh dampal sampean
Ibu Bapa wiwit lahir

Kinanti Layar :
Duh ibu abdi hapunten
Rumaos abdi tamelar ka ibu kirang sumujud
Nu heman ka diri abdi
Di asuh pinuh ka asih
Di jaga di dama-dama

Teja Mantri :
Sim abdi nyanggakeun sembah tawis
Panghormat pangbakti
Ka Bapa nu saleh soleh
Nu asih ti awit lahir
Ngarumat siang jeung wengi
Abdi teh seja sumujud
Mugi kersa ngahaksami
Ti lahir dugi ka batin
Neda widi bade ngaras
Mugi bapa ngawidian
Carita Ratu Inten Dewata

Ditulis ku Rochajat Harun
Senen, 06 Oktober 2008
Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan Timbanganten.
Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.
Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara, pating solengkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh asa capé da nanjak.
Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler:
“Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.
Garut, akhir September 2008.
MANG KOKO

Kasohorna mah Mang Koko.
Kolot budak nyarebut Mang Koko.
Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara.
Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917.
Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985.
Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti
Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang.

Pendidikanna HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu di ulik ti bubudak.
Padamelanna ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaeta ngawitan di Bale Pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan,
De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu salajengna janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung (1961-1973), Dosen Luar Biasa di Asti Bandung.

Bakat senina ngocor ti ramana nu akhli mamaos Ciawian & Cianjuran, diajar nyalira ti seniman akhli karawitan Sunda nu kondang sareng ngulik tina buku-buku karangan R. Mahyar Anggakusumadinata/musicoloog. Anjeuna nu ngadegkeun sareng janten pupuhu perkumpulan seni Jenaka Sunda "Kanca Indihiang" (1946), Taman Murangkalih (1948), Taman Cangkurileung (1950), Taman Setiaputra (1950), Kliningan Ganda Mekar (1950), Gamelan Mundinglaya (1951) sareng Taman Bincarung (1958).

Nu ngadegkeun sareng Ketua Umum Yayasan Cangkurileung/Pusat (1959), Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI) Bandung (1971), Oge kantos nerbitkeun majalah Kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Lagu-lagu sanggian Mang Koko tetela dipikaresep ku sarerea. Nepi ka ayeuna lagu-laguna masih keneh dihaleuangkeun, ti mimiti lagu-lagu jaman "Kanca Indihiang" nepi ka lagu-lagu sanggian ka ayeunakeun.

Mang Koko lain semet ngahaleuangkeun wungkul, tapi karya-karyana dibukukeun, nu sumebar ka sakuliah Tatar Sunda, malah ka sakuliah Indonesia. Buku-buku karyana diantawisna nyaeta Resep Mamaos (Ganaco 1948), Cangkurileung (3 jilid /Mitra Buana 1952), Ganda Mekar (Tarate 1970), Bincarung (Tarate 1970), Pangajaran Kacapi (Balebat 1973), Seni Swara Sunda (MB 1984), Sekar Mayang (MB 1984), Layeutan Swara (YCP 1984), Bentang Sulintang (MB 1989), jrrd.

Sajaba ti eta Mang Koko geus nyusun drama swara jeung gending karesmen, diantawisna : Gondang Pangwangunan, Bapa Satar, Adu Asih, Pahlawan Samudra, Gondang Samagaha, Pilih Kanda, Berekat Katitih Mahal, Sekar Catur, Sempal Guyon, Saha ?, Ngatrok, Kareta Api, Istri Tampikan, Si Kabayan, Si Kabayan Jeung Raja Jimbul, Aki Nini Balangantrang, Pangeran Jayakarta, Nyai Dasimah, jrrd.

Pikeun jasa-jasana Mang Koko dileler piagam "Anugerah Seni" Wijayakusumah ku Pamarentah Pusat/ Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Jakarta taun 1971, minangka panghargaan kana usahana salaku "Pembaharu Dalam Bidang Seni Karawitan Sunda".

Upami palay terang langkung paos sareng leres mah, panginten tiasa ditaroskeun ka Kang Tatang Benyamin putrana Mang Koko mantan kelas III Pal SMA Negeri No.1 Dago-Bdg, mun teu lepat mah sobat saalmamater Kang Djatnika sareng Kang Arofah Bachtiar sami-sami ahli seni Sunda.

Salah sahiji yasana Mang Koko/Wahyu Wibisana, petikan tina Drama Swara "Aki Nini Balangantrang",

Bray Siang

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Ti dieu nya pangapungan
Ka dieu nya pangeunteupan
Ku rayat kuring diatik
Keur rayat kuring nya jurit
Geus mangsana gulung tangan
Nagih nagara titipan ........

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Rek nangtung dina tangtungan
Rek napak 'na tatapakan
Nya asih tanpa wangenan
Ka bumi kembang katresna'an
Tanah mulya tuturunan
Pasti dibela tohtohan ...

KACAPI

Kacapi merupakan alat petik asli Indonesia yang serumpun dengan alat petik serupa yang terdapat di Asia tenggara dan Asia Timur (Thai, Birma, Vietnam, Cina, Korea dan Jepang
Di Indonesia kacapi terdapat pada suku batak, sunda, Jawa, dayak, bugis, toraja, timor dan daerah-daerah lainnya, bentuk dan nama alatnya sendiri berbeda-beda, misalnya ada yang menyebut kasapi, kacaping, kutiapi, kacapi, dsbnya.
Kacapi sunda, bentuk dn teknik memetiknya lebih berkembang dan sudah maju bila dibandingkan dengan alat-alat petik lainnya yang terdapat pada suku-suku lain di Indonesia, bahkan sekarang dengan adanya kemajuan teknologi, maka dibikinlah kacapi elektronik (kacapi yang diperkeras bunyinya dengan menggunakan arus listrik)
1. Bentuk Kacapi Sunda
Berdasarkan pada bentuknya, kacapi sunda mempunyai dua macam bentuk, yaitu
a) Kacapi parahu atau kacapi lesung atau ada pula yang menyebut kacapi gelung,
terdiri dari kacapi indung (bentuknya besar) dan kacapi rincik (bentuknya
kecil)
b) Kacapi siter yang disebut juga kacapi peti atau kotak, lebih praktis untuk
dibawa seperti halnya apabila membawa instrument gitar yang digunakan dalam
musik.Dari kedua bentuk kacapi di atas, pada pergelarannya mempunyai
kekhususan, yaitu kacapi parahu digunakan pada pergelaran tembang Cianjuran,
sedangkan kacapi siter untuk mengiringi Kawih bentuk anggana sekar, rampak
sekar dan sekar-sekar lainnya
2. Fungsi dan kedudukannya
Fungsi permainan kacapi dalam seni karawitan, baik gendingan maupun mengiringi sekar dan sebagai kelengkapan seni pantun dalam membawakan kisah-kisah raja zaman pajajaran, berfungsi dalam memainkan lagu luas sekali, baik sebagai pembawa irama, melodi, rangka lagu, lilitan dan akhiran lagu, tercakup dalam teknik permainanya. Oleh karena itu, kacapi merupakan alat yang istimewa, dapat digunakan untuk sekar, gending dan sekar gending, mudah dirubah larasnya sesuai dengan lagu yang akan dimainkan juga praktis untuk dibawa.
Kedudukan waditra kacapi adalah rangkap sebab dapat dimainkan secara mandiri tanpa bantuan waditra lain dan bisa pula berperangkat dengan waditra lain baik sebagai instrument pokok maupun instrument tambahan, misalnya pada kacapi-suling, kiliningan, degung, angklung, calung dan lain-lain.

3. Motif Tabuhan
Seperti telah diuraikan di atas bahwa fungsi kacapi dalam memainkan lagu sangat luas. Maka pada perkembangan motif tabuh kacapi ada beberapa macam yaitu:
a) Diranggem dan dikemprang untuk: mengirngi lagu sehingga kacapi berfungsi
sebagai “panganti” (menanti jatuhnya suara yang akan jatuh, baik pada kenongan
maupun goongan).
b) Disintreuk untuk membuat melodi pendek atau melodi panjang baik sebagai intro
maupun sisipan/gelenyu, maupun mengiringi sekar irama merdeka.
c) Gabungan dari kedua motif tabuh di atas, digunakan untuk mengiringi sekar dan
atau membuat melodi.
Di dalam pergelarannya, motif tabuh kacapi berbeda-beda tergantung kepada materi yang dipergelarkan, misalnya motif tabuh kacapi pada tembang Sunda/Cianjuran akan berbeda dengan motif tabuh pada Celempungan juga dengan jenaka sunda.
Untuk lebih jelasnya, baiklah kita tinjau satu persatu.
(1). Kacapi pada Tembang Cianjuran
q Kebanyakan laras yang digunakan dalam Tembang Sunda/Cianjuran adalah laras
pelog/degung, disamping laras nyorog/madenda, mandalungan dan laras salendro
q Kacapi digunakan untuk:
q Memberi patetan untuk sekar/vocal
q Mengejar, melilit dan menunggu “rubuh-rubuh sora” dari melodi sekar;
q Gelenyu-gelenyu (melodi awal dan melodi sisipan)
q Mengiringi lagu panambih/extra
2). Kacapi pada Pantun
Tabuh kacapi dalam pantun sebenarnya banyak hal yang sama dengan tabuh kacapi pada tembang, hanya teknis tabuhnya digunakan untuk memberi suasana, adegan-adegan perang, antawacana tiap tokoh, rajah, mengiringi sekar dan sebagainya.
Contoh notasi tabuh kacapi pantun
(3). Kacapi pada Celempungan
Kacapi pada celempungan fungsinya kebanyakan untuk mengiringi sekar, dengan cara dirangggeum. Laras yang biasa banyak digunakan adalah laras salendro. Adapun sekar bisa mempergunakan laras-laras lainnya. Dengan tabuhan yang sama, bisa mengiringi sekar yang larasnya lain, misalnya kacapi laras salendro mengingi sekar laras madenda atau degung, bahkan kadangkala laras pelog.
Terasa sekali bahwa kacapi dalam hal ini merupakan waditra yang fleksibel.

PAPIRING-PIRING SADAPUR

Kaulinan anu meh sarua jeung pacublak-cublak suweng, nya eta Papiring-piring sadapur. Bedana teh dina prakprakannana, ari pacublak-cublak suweng mah unggal dampak leungeunna di keupeulkeun, sedengkeun ari Papiring-piring sadapur mah dampalleungeunna sina nangkub. Numetakeunana oge, paling saeutik kudu tiluan.
Sanggeus tiluan karumpul, prak dimimitian. Ramo leungeun anu geus dijeberkeun teh diusapan, dikuriling bari dikawihan :

papiring-piring Sadapur
si dapur si dawa-dawa
Sa udan sa edon
piring centik manona
manona manona
gendong tangan bawa apa ?

" mawa naon ?" nu ngaluluguan nanya ka salah saurang anu geus ngagandong leungunna.
" Mawa kele ," tembal nu ditanya.
" Keleketek........."" cek lulugu bari tuluy ngeleketek awak nu ditanya tea nepi kaunyan-inyen da getekeun.
Nu sejenna nyaleunseurikeun.

PUPUH

PUPUH KINANTI
Guguritan : Tono Hartono (Bagus Rangin )
Laras : Pe;og
Surupan : 1 = Tugu

2 1 1 1 1 1 1 1
Ka nya ah nu ja di In dung

2 1 1 1 1 1 1 1
Ti ka wit mi mi ti la hir

5 5 4 5- 1 2 2 1 2 1
Du gi ka u rang de wa sa

4 5 2 2 2 2 2 2
Te rus ngan teng di na a ti

2 2 2 2 2 2 1 2- 3
Mo al pe gat mo al sir na

4 3 2 2 2 1 5 1 2 2
Es tu ka nya ah teh ma tri


2. Kapungkur waktos dikandung
Lamina salapan sasih
Indung teu kendat ngadu`a
Heunteu beurang heunteu peuting
Neda rahmating Pangeran
Salamet si jabang bayi

Senin, 06 Juli 2009

Ucing Hui

Jigana barudak ayeuna mah geus loba nu teu apal naon ari ucing hui teh. Da enya atuh kapan barudak ayeuna mah geus modern, geus loba nu mopohokeun kana kabiasaan budak baheula, barudak ayeuna mah geus kajongjonan teuing ku deungeun, jigana mah matut kana paribasa : jati ka silih ku junti " teh nyaan.
Geura yu urang teungeutan naon Ucing Hui teh.
ucing Hui mangrupa salah sahiji kaulinan barudak jaman baheula (kuring mah ngalaman keneh) nu sok di lakukeun ku barudak bari ulin di buruan....kieu prak-prakanana teh :
Mimitina barudak teh hompimpah heula,
" Hompimpah tahu atah...
di goreng ku jalantah
Ma iyah tumpak gajah
seurina...hahahahahhaaaaahhh.....

Nu meunang pangheulana baru cingogo nyekelan kana pager kalawan pageuh pisan. Tuluy nu kadua nangkeup kana awak nu kahiji. nu katilu nangkeup kana nu kadua jeung saterusna, ngantay. Nu pangpandeurina jadi ucing ; leuleumpangan bari ngurilingan antayan nu caringogo tea bari nunjukan dubarengan ku kakawihan :
Kulenang-kuleneng samping koneng
kerejat-kerejut samping kadut
kurusak-korosak samping rangsak
buruwak-berewek samping rawek
+ " toroktok-tok. Urang lembur. aya nini jeung aki ka dinya ?
- " euweuh "
+ " ari eta naon (saha) nu tingjarentul ?"
- " Nu rek ngala hui !"
+ " meunang uing ngasaan ?"
- " ke rek dikali heula ......"
Ucing ngawih deui bari nguriling tuluy nanya deui:
+ " Urang lembur geus asak hui teh ?
- " Ke rek dikulub heula,"
Ucing nguriling deui tuluy nanya deui :
+ " Urang lembur geus asak hui teh ?"
- " Enggeus tapi kudu diuyahan, cig geura neangan heula uyahna !"
Ucing lumpat heularada anggang, teu lila jol deui bari ngomong,
+"Yeuh uyah teh mawa, cing urang purulukan bari ngasaan nu pangluhurna !"
- "Pek"
Ucing ngebetot nu cingogo pangtukangna. Lamun lesot tina antayanna, nu sejen geuwat lumpat ting beretel nyingkahan ucing bari saruka bungah padajaringas ngaromong , " Lingasan euy ucingna, ulah di lindeukan !"
Sanggeus capeun kakara areureun. Bari ngareureuhkeun cape, tuluy dariuk bari ngong kakawihan minangka hiburannana.


Tina "warna-warna kaulinan"
Kenging akub Sumarna

Minggu, 05 Juli 2009

Hoby Anaku

Dari pada nonton sinetron........mending nonton film kartun.....ayo ajak temannya..!!!!


GONDANG


GONDANG

Rajah : Ampun sampurasun
Pun ampun paralun
Teudeun di handeuleum sieum
Tunda di hanjuan siang
Sampeureun cokoteun
Na mangsa nu ninggang dating

Sampurasun nu di manggung
Di buana bale puhun
Indung aing sri ranghyang, ranghyang…….
Nu dangiangan.....
Neda sanghyang dangiang......
Neda rahayuning ambu...

Pun ampun paralun
Kabatara ka batari
Kabatara jagat nata
Ka batari danghyang sri
Neda pangjaring apsari
Panjaring wibawa mukti

Lagu Ninun : Dina iuh iuh tanjung
Dina kalangkang katapang, deuh....
Mojang karumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Heunteu eureun sukan-sukan
Di pirig kacapi suling

Gentrung lisung nu ngagondang
Sada ketuk sada kendang , deuh ...
Trang tring trung tarutunggulan
Sora lisung nu ngagondang
Tolokprang tolokprang torolok lor kolomprang

Duh seuyang seuyang duh seuyang 2X
Duh seuyang seuyang duh seuyang

BARUDAK JAJAKA DARATANG BARI KARAKAWIHAN
Jajaka : durirang duraring hahariringan 2X
Gandang ngalengkahna
Ginding ngagedigna
Siga menak pajajaran

Caang bulan narawangan
Alam padang lenglang taya aling-aling
Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Moa boal para mojang keur ngagondang
Hayu batur urang pada sukan-sukan
Rang cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Urang ngintip mojang lenjang
Nu garinding keut ngagondang

Mojang : deungkleung dengdek-deungkleung dengdek
Buah kopi buah kopi raranggeuyan
Jajaka : - tah nu eta anu pendek anu dewek
- nu kuring mah tuh nu itu anu jangkung
- nu uingmah tuh nu itu anu lenjang
- pang sisina etamah bagean kuring
- kuring mah kajen sesana nu ceutik bulu socana

Mojang : malan ini malati ligar di taman
Aduh sayang keumbangnya tak kunjung datang

Jajaka : oh rembulan jangan risau jangan bimbang
Ada madu pasti si kumbang datang

Mojang : bukan rindu ya tuan bukannya bimbang
Rindu dinda tak karuan
Bukan tuan yang kuharap kan menjelang
Satria dari kahyangan aduh lita hiraukan

Jajaka : daek milih ka kakang perjaka desa
Duh banyak hartanya tak terkira

Mojang : Tak percaya rayuan pemuda
Pemuda jaman sekarang bicara sembarang gampang
Katanya abang cinta bersumpah abang sayang
Padahal nyatanya mata keranjang

Jajala : Duh teungteuingeun nampik teh sapajodogan
Kalau dinda tidak cinta di hati masih terkenang

M + J : solali-lali solali-lali solali solali
Wau wau waeng

Jajaka : asana mah ka uing mustahil nampik
Duh dapat garansi tak beristri

Mojang : Tak percaya mulut laki-laki
Biasa mulut berjanji di rumah beranak istri
Katanya anak muda gaya masih jajaka
Padahal cucunya sudah lima

Jajaka : Duh bukan cucu itu mah anaknya anak
Abang sumpah berani mati belum kawin dua kali

M + J : Solali lali 2 x solali solali wau wau waeng

Jajaka : Dinda kan ku puja spanjang masa
Mojang : Tidak !
Jajaka : Ka ku sunting bak sekuntum bunga
Mojang : Jangan !
Jajaka : Mari dinda
Mojang : Tidak !
Jajaka : Oh mari rembulan
Mojang : Jangan !
Jajaka : Mari.....mari
Mojang : Tidak !
Jajaka : Mari kita pulang
Mojang : Jangan!

Mojang : Kami bernyanyi 2x walaupun di rantau orang
Kandaku selalu dalam kenangan

Jajaka : Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan

Mojang : Ulah sok arancin teuing
Bisi engke ngabegengan
Lalaki ulah cunihin
Bisi engke di baeudan

Jajaka : kaliki daun caringin
Tangkal suren baruahan
Lalaki pantes cunihin
Ngarah balik babawaan

Jajaka : Yu batur urang ulin ka nanggorek
Mojang : Ah embung sieun balik muru poek
J : Keun bae ambeh seubeh ngeleketek
M : Leketek embung sieun bareh kelek

J : Yu batur urang ulin kananggerang
M : Ah embung sieun balik muru beurang
J : keun atuh ambeh umur urang panjang
M : Nu panjang Nini Aki balangantrang

M : Yu Batur urang reureuh bari ulin
J : Ah embung balikna sok menta samping
M : Keun atuh didinya mah daberehan
J : Leuh eulueh aya mojang pangarahan

J : Yu batur urang reureuh bari ngopi
M : ah embung didinya geus aki-aki
J : Piraku pan sakieu jagjag keneh
M : ah bohong pan nu bungsu nyusu keneh

Karatagan Paguyuban Pasundan









KARATAGAN PAGUYUBAN PASUNDAN

Laras : Pelog
Surupan : 1 = T
Gerakan : Gandang


Tandang jiwa Ki Sunda
Daweung ludeung sawawa
Gurat kalang satangtungan
Tatandang panceg udagan

Paguyuban Pasundan.....
Mulasara basa budaya jeung bangsa
Paguyuban Pasundan ....
Jadi puser perjuangan Ki Sunda

Hayu rambati rata
Satitis ti Siliwangi
Sajajar ti Pajajaran
Hayu jungjung wibawa
Jembar daya Ki Sunda wawangi Nusantara

Paguyuban Pasundan
Paguyuban Pasundan
Paguyuban Pasundan

Gunung Geulis

GUNUNG GEULIS
Asmarandana

Kateulahna gunung geulis
Wetaneun gunung Manglayang
Ti cipelah ngeser ngulon
Tatar wilayah Sumedang
Geus lila hayang midang
Hayang ditudung halimun
Disinjang leuweung larangan

Di puncakna tegal eurih
Taya kakayon nyimbutan
Saincak-incak ngan kebon
Di sawang ti kaanggangan
Ruhay beureum burahay
Ciibun lapur teu nyangkrung
Ci hujan teu bisa muntang

Bihari jadi pinuji
Jadi gunung pananggeuhan
Cinyusu pating golontor
Jadi sumber kahirupan
Sumber cikahuripan
Sabudeurna juuh subur
Taya nu anga4r ngalahgar

Kiwari bangun prihatin
Mun jalma meureun midangdam
Wantu geus taya pangajen
Geus teu bisa neundeun jasa
Asa diteungteuinganeun
Da puguh cinyusu surud
Saraat di unggal tempat

Gunung geulis lir ngageuri
Nginghak kawas dirangsadan
Karerab ku panon poe
Beurang hareudang bayeungyang
Mun peuting kabulusan
Kulitna susud karurud
Dirangsadan ku ci hujan

Pamarentah kungsi singkil
Gunung geulis dibajuan
Ditanceban ku kakayon
Geus rek miang tandang midang
Kapegat ku karaman
Reformasi salah sulap
Diranjah di karebonan

Kiwari buligir deui
Teu nyangsang beunang salambar
Ka pulah kadalon-dalon
Teu karaksa teu kariksa
Sabar ngadago mangsa
Ngajentul nunggu pangagung
Nu toweksa wijaksana

Di tulis ku :
H. Samud.