Minggu, 26 Desember 2010

Sajarah Basa Sunda

Basa Sunda ti mangsa ka mangsa ngalaman kamekaran jeung parobahan boh dina pungsina kitu deui dina wanguna. Di handap ieu mangrupakeun pedaran ngeunaan kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa:
Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa.
Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna) saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti atawa nu aya dina karya sastrana:
• Transkripsi prasasti Ciaruteun titinggal Purnawarman
Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam
nu hartina: ieu (tapak) dua sampéan airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan.

• Transkripsi prasasti Pasirmuara di Cibungbulang, titinggal karajaan Sunda
ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda
nu hartina: ieu téh ucapan Rakeyan Juru Pengambat dina taun saka 458 nu nétélakeun yén pamaréntahan daérah dipulihkeun ku Raja Sunda.

• Transkripsi prasasti Astana Gede titinggal karajaan Sunda di Kawali
nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul
nu hartina: ieu nu tapa di Kawali téh nyaéta tapana nu mulya lir déwa. Gusti nu bagja, Raja Wastu nu ngéréh di kota Kawali, nu parantos mapaés Karaton Surawisésa nu ngadamel kakalén sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayunna aya nu kersa midamel kasaéan sangkan punjul sajagat.


Mangsa II (1600-1800 Maséhi)
Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa, basa Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar Sunda geus jlug jleg pasantrén, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna "undak usuk basa" kana basa Sunda téh, nu mangrupa pangaruh tina basa Jawa (contono dina naskah Wawacan Sulanjana).

Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).
Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).

Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).

PRASASTI KAWALI

PRASASTI KAWALI I

Nihan tapak walar nu siya mulia
Tapak inya Prabu Raja Wastu
Mangadeg di Kuta Kawali
Nu mahayu na kadatuan Surawisesa
Nu marigi sakuliling dayeuh
Nu najur sakala desa

Aya ma nu pandeuri
Pakena gawe rahayu
Pakeun heubeul jaya dina buana


PRASASTI KAWALI II

Aya ma
Nu ngeusi inya Kawali ini
Pakena kerta raharja
Pakeun nanjejur nu juritan

PRASASTI BATUTULIS

Wang na pun
Iti sakakala Prabu Ratu
Purane pun
Diwasti diya wingaran
Prebu Guru Dewata Prana
Diwastu diya dingaran
Sri Baduga Maharaja Ratu Haji
Di Pakwan Pajajaran
Sri sang Ratu Dewatu pun
Nya nu nyusuk na Pakwan
Diya anak Rahiyang Dewa Niskala
Sang sida mokta di Guna Tiga
Incu Rahiyang Niskala Wastu Kancana
Sang sada mokta ka Nusa Larang
Y siya nu nyiyan sakakala gugunungan
Ngabalay nyiyan samida
Nyiyan Sang Hiyang Talaga Rna Mahawijaya
Ya siya pun
I Saka panca pandawa ngeban bumi

(Transkripsi Hasan Djafar,1991

Rabu, 14 April 2010

TUGAS SISWA

Hidep nu rumaos teu acan lulus dina ujian praktek kamari, cobi ngadamel hiji tugas ngenaan
teater tradisional nu aya di wewengkon jawa barat, tiasa mangrupi naskah teater atanapi ulasan ngenaan sajarah atanapi perkembangannana.
materi sareng bahan kangge tugas mangga teu langkung, bade milari dina internet atanapi bade ngempelkeun bukuna (ngenaan teater nu aya di jawa barat) karangan saha bae. Tugas kedah tos rengse dinten senen ping 19 April 2010. Saupami bahanna kenging dina internet mangga di print sareng dijilid sing rapih. Hatur Nuhun

Minggu, 21 Februari 2010

Raja-raja Sunda

Raja-raja Sunda

Daftar raja-raja di Jawa Barat jeung mangsa pamaréntahanana numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta


A. Raja-raja Salakanagara
Déwawarman I (130 – 168 )
Déwawarman II (168 – 195)
Déwawarman III (195 – 238 )
Déwawarman IV (minantu A.3, 238 – 252)
Déwawarman V (minantu A.4, 252 – 276)
Spatikarnawa Warmandéwi (istri A.5, 276 – 289)
Déwawarman VI (289 – 308 )
Déwawarman VII (308 – 340)
Déwawarman VIII (minantu A.7, 340 – 362)


B. Raja-raja Tarumanagara
Jayasingawarman Rajadiraja Guru (minantu A.8, 358 – 382)
Rajaresi Darmayawarman (382 – 395)
Purnawarman (395 – 434)
Wisnuwarman (434 – 455)
Indrawarman (455 – 515)
Candrawarman (515 – 535)
Suryawarman (535 – 561
Kertawarman (561 – 628 )
Sudawarman (adik B.8, 628 – 639)
Déwamurtyatma Hariwangsawarman (639 – 640)
Nagajayawarman (minantu B.10. 640 – 666)
Linggawarman (666 – 669)


C. Raja-raja Kendan
Resiguru Manikmaya (minantu B.7, 536 – 568 )
Suraliman Sakti (568 – 597)
Kandiawan Déwaraja (597 – 612)


D. Raja-raja Galuh
Wrétikandayun (612 – 702)
Mandiminyak (702 – 709)
Bratasénawa (709 – 716)
Purbasora (pernah suan D.2, 716 – 723)
Sanjaya (putera D.3, 723 – 732)
Tampéran Darmawijaya (732 – 739)
Manarah (Surotama, buyut D.4, 739 – 783)
Manisri (minantu D.7, 783 – 799)
Tariwulan (799 – 806)
Wéléngan (806 – 813)
Linggabumi (813 – 852)


É. Raja-raja Sunda

1. Tarusbawa (minantu B.12, 669 – 723)

2. Harisdarma (incu minantu E.1 = D5, 723 – 732)

3. Tamperan Barmawijaya ( = D.6) (732- 739)

4. Rakéyan Banga (739 – 766)

5. Rakéyan Medang Prabu Hulukujang (766 – 783)

6. Prabu Gilingwesi (minantu E.5, 783 – 795)

7. Pucukbumi Darméswara (minantu E.6, 795 – 819)

8. Rakéyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 – 891)

9. Prabu Darmaraksa (adibeuteung E.8 )

10. Windusakti Prabu Déwageng (895 – 913)

11. Rakéyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 – 916)

12. Rakéyan Jayagiri (minantu E.11, 916 – 942)

13. Atmayadarma Hariwangsa (942 – 954)

14. Limbur Kancana (putra E.11, 954 – 964)

15. Munding Ganawirya (964 – 973)

16. Rakéyan Wulung Gadung (973 – 989)

17. Brajawisésa (989 – 1012)

18. Déwa Sanghiyang (1012 – 1019)

19. Sanghiyang Ageng (1019 – 1030)

20. Sri Jauabupati ( Détya Maharaja) (1030 – 1042)

21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja) (1042 – 1065)

22. Langlangbumi ( Sang Mokténg Kerta) (1065 – 1155)

23. Rakéyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (11 55 – 1157)

24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja) (1157 – 1175)

25. Darmasiksa Prabu Sanghiyang Wisnu (1175 – 1297)

26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman) ( 1297 – 1303)

27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung) (1303 – 1311)


F. Raja-raja Kawali
Linggadéwata (Sang Mokténg Kikis) (1311 – 1333)
Linggawisésa (minantu F.1, 1333 – 1340)
Ragamulya (Aki Kolot) (1340 – 1350)
Linggabuana (Sang Mokténg Bubat) (1350 – 1357)
Bunisora Suradipati (adi F.4) (1357 – 1371)
Niskala Wastukancana (Sang Mokténg Nusalarang) (1371 – 1475)
Ningratkancana (Déwa Niskala) (1475 – 1482)


G. Raja-raja Pakuan Pajajaran
Susuktunggal (putra F.6, 1382 – 1482)
Sri Baduga Maharaja (1482 -1521)
Surawisésa (Ratu Sangiang) (1521 – 1535)
Ratu Déwatabuana (1535 – 1543)
Ratu Sakti (1543 – 1551)
Nilakéndra (Tohaan di Majaya) (1551 – 1567)
Ragamulya Suryakancana (1567 – 1579)

Raja-raja Sunda

Raja-raja Sunda

Daftar raja-raja di Jawa Barat jeung mangsa pamaréntahanana numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta


A. Raja-raja Salakanagara
Déwawarman I (130 – 168 )
Déwawarman II (168 – 195)
Déwawarman III (195 – 238 )
Déwawarman IV (minantu A.3, 238 – 252)
Déwawarman V (minantu A.4, 252 – 276)
Spatikarnawa Warmandéwi (istri A.5, 276 – 289)
Déwawarman VI (289 – 308 )
Déwawarman VII (308 – 340)
Déwawarman VIII (minantu A.7, 340 – 362)


B. Raja-raja Tarumanagara
Jayasingawarman Rajadiraja Guru (minantu A.8, 358 – 382)
Rajaresi Darmayawarman (382 – 395)
Purnawarman (395 – 434)
Wisnuwarman (434 – 455)
Indrawarman (455 – 515)
Candrawarman (515 – 535)
Suryawarman (535 – 561
Kertawarman (561 – 628 )
Sudawarman (adik B.8, 628 – 639)
Déwamurtyatma Hariwangsawarman (639 – 640)
Nagajayawarman (minantu B.10. 640 – 666)
Linggawarman (666 – 669)


C. Raja-raja Kendan
Resiguru Manikmaya (minantu B.7, 536 – 568 )
Suraliman Sakti (568 – 597)
Kandiawan Déwaraja (597 – 612)


D. Raja-raja Galuh
Wrétikandayun (612 – 702)
Mandiminyak (702 – 709)
Bratasénawa (709 – 716)
Purbasora (pernah suan D.2, 716 – 723)
Sanjaya (putera D.3, 723 – 732)
Tampéran Darmawijaya (732 – 739)
Manarah (Surotama, buyut D.4, 739 – 783)
Manisri (minantu D.7, 783 – 799)
Tariwulan (799 – 806)
Wéléngan (806 – 813)
Linggabumi (813 – 852)


É. Raja-raja Sunda

1. Tarusbawa (minantu B.12, 669 – 723)

2. Harisdarma (incu minantu E.1 = D5, 723 – 732)

3. Tamperan Barmawijaya ( = D.6) (732- 739)

4. Rakéyan Banga (739 – 766)

5. Rakéyan Medang Prabu Hulukujang (766 – 783)

6. Prabu Gilingwesi (minantu E.5, 783 – 795)

7. Pucukbumi Darméswara (minantu E.6, 795 – 819)

8. Rakéyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 – 891)

9. Prabu Darmaraksa (adibeuteung E.8 )

10. Windusakti Prabu Déwageng (895 – 913)

11. Rakéyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 – 916)

12. Rakéyan Jayagiri (minantu E.11, 916 – 942)

13. Atmayadarma Hariwangsa (942 – 954)

14. Limbur Kancana (putra E.11, 954 – 964)

15. Munding Ganawirya (964 – 973)

16. Rakéyan Wulung Gadung (973 – 989)

17. Brajawisésa (989 – 1012)

18. Déwa Sanghiyang (1012 – 1019)

19. Sanghiyang Ageng (1019 – 1030)

20. Sri Jauabupati ( Détya Maharaja) (1030 – 1042)

21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja) (1042 – 1065)

22. Langlangbumi ( Sang Mokténg Kerta) (1065 – 1155)

23. Rakéyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (11 55 – 1157)

24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja) (1157 – 1175)

25. Darmasiksa Prabu Sanghiyang Wisnu (1175 – 1297)

26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman) ( 1297 – 1303)

27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung) (1303 – 1311)


F. Raja-raja Kawali
Linggadéwata (Sang Mokténg Kikis) (1311 – 1333)
Linggawisésa (minantu F.1, 1333 – 1340)
Ragamulya (Aki Kolot) (1340 – 1350)
Linggabuana (Sang Mokténg Bubat) (1350 – 1357)
Bunisora Suradipati (adi F.4) (1357 – 1371)
Niskala Wastukancana (Sang Mokténg Nusalarang) (1371 – 1475)
Ningratkancana (Déwa Niskala) (1475 – 1482)


G. Raja-raja Pakuan Pajajaran
Susuktunggal (putra F.6, 1382 – 1482)
Sri Baduga Maharaja (1482 -1521)
Surawisésa (Ratu Sangiang) (1521 – 1535)
Ratu Déwatabuana (1535 – 1543)
Ratu Sakti (1543 – 1551)
Nilakéndra (Tohaan di Majaya) (1551 – 1567)
Ragamulya Suryakancana (1567 – 1579)

Budak Pahatu Lalis

Jaman baheula aya dua budak—adi lanceuk—geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun.

Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.

Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mites-miteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.

Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasup-asupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:



Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!


Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:



Usap baé Nyai, meureun sierum!



Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:



Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!


Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:



Usap baé Nyai, meureun sireum!



Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:



Kang tulungan, Kang tulungan

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!


Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:



“Usap baé Nyai, meureun sireum!”


Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:



Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman, kana…


Lanceukna turun, pohara kagéteunana, lantaran adina euweuh dina tempatna. Eurih urut diuk adina busik. Nu barusik téh ngabulungbung manjang, ku lanceukna tuluy dipapay. Dina tungtungna nu busik téa, katingal ku manéhna, oray sanca sagedé gulungan kasur…nangkarak beungkang paéh, beuteungna bungkiang. Sigana paéh kamerekaan. Keur kitu kadéngé ku éta budak lalaki, sora manuk di luhur kiara, “Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih. Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih!”

Ti dinya lanceukna téh niruk pucuk eurih nu garing, nu seukeut, tuluy beuteung oray téh diturih. …Ana boréngkal téh adina, hirup teu sakara-kara. Regeyeng nu lalaki manggul beungkeutan pangpung, ngiringkeun adina, baralik bari ngadalaharan buah loa anu arasak.

Dua taun ti harita.

Dina musim katiga, cai walungan tiba ngérélék. Hiji mangsa ménak-ménak ti dayeuh ngersakeun munday di Leuwi Sipatahunan.

Dina waktuna, barudak pahatu ogé milu tarurun ka leuwi. Mimitina mah nu lalaki nyairan beunteur jeung hurang nu marabok, adina nu ngundangan. Lila-lia budak lalaki téh kabitaeun ku palika nu teuleum mareunang lauk galedé. Manéhna milu teuleum. Enya baé, manéhna ogé meunang nilem. Sumangetna beuki gedé, tuluy teuleum ka nu jero. Tapi aya jamna manéhna teu mumbul-mumbul. Adina jejeritan ménta tulung. Teu lila hiji palika mumbul bari nangkeup Si Ujang pahatu geus…maot. Adina ceurik auk-aukan, akang-akangan.

Ku palika duaan, mayit téh dianteurkeun ka imahna, digolérkeun dina babaléan, diruruban ku samak butut. Cék salah saurang nu nganteurkeun, “Dikuburna mah isukan. Ayeuna mah kapalang, kami keur munday,” tuluy maranéhna ka leuwi deui.

Budak awéwé ingeteun kana omongan indungan basa rék maot. Kieu, “Ieu jimat ti karuhun, simpen sugan aya maunatna.” Nu disebut jimat téh mangrupa hihid. Ku budak awéwé harita dicokot, tuluy dipaké ngageberan mayit lanceukna bari ngawih, kieu:



Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Anéh mayit téh ngerenyed.

Ngawih kadua kali:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit
panawa anu cilaka.

Mayit téh beunta, panonna gular-giler.

Ngawih katilu kali:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Jarangkang lanceukna hudang, waluya teu sakara-kara.

Kacaritakeun raja di éta nagara kagungan putra hiji-hijina pameget, nunggal. Éta putra ku ibu ramana pohara didama-damana. Keur kasép jeung calakan téh, handap asor jeung hadé basa deuih.
Hiji mangsa éta kakasih ibu ramana téh teu damang wales. Dukun lepus dikelun, paraji sakti dikerid; tapi saurang ogé boh jampéna boh ubarna taya nu mental. Nu teu damang dengdeng baé, malah wuwuh répot. Cindekna, dukun lepus ilang lepusna; paraji sakti leungit saktina. Nu nyoba ngalandongan munggah ka ngantay. Tapi teu aya nu hasil.
Kangjeng Raja jeung praméswari siang wengi teu tebih ti pajuaran nu teu damang. Pamaréntahan mah kumaha Patih baé.
Di imah barudak pahatu. Nu lalaki ka adina nyaritakeun putra Raja nu teu damang wales, teu aya nu bisa ngalandongan, “Kumaha upami Nyai nyobaan ngageberan ku hihid jimat?”

“Asal diidinan asup ka karaton,” témbalna.

Lanceukna ngadeuheus ka Juragan Patih, neda widi yén adina badé nyobi ngalandongan nu teu damang.

“Saha baé boh kolot boh ngora, boh lalaki boh awéwé, meunang nyobaan. Ngantay baé!”

Isukna dianteur ku lanceukna, Si Nyai milu ngantay ngalandongan. Gancangna bagéan Si Nyai asup. Kusiwel tina jero bajuna, Si Nyai ngaluarkeun hihid jimatna, tuluy ngageberan nu teu damang bari ngawih:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang, anu tadina peureum baé téh bray beunta.

Ngawih kadua kali:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisanti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang socana gular-giler, rurat-rérét ka ibu ramana, nyéh imut.

Ngawih katilu kalina:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.


Jarangkang nu teu damang téh gugah. Sang Raja ngarangkul putrana. Ari praméswari ngarangkul Si Nyai, digaléntor diciuman. Boh Sang Raja boh Praméswari rarambay socana. Cisoca kabingah.

Ti harita Si Nyai teu meunang balik deui, kudu tetep di karaton, diasih pisan ku Praméswari jeung ku Sang Raja. Beuki lila beuki geulis, beuki apal tata-titi kaménakan.

Barang Pangéran jeung Si Nyai pada sawawa, tuluy ku Sang Raja ditikahkeun. Péstana ramé pisan. Lanceuk Si Nyai diangkat jadi mantri

Kamis, 28 Januari 2010

Pupuh

KINANTI

Ka Rama sareng ka Ibu
Anu ngurus ti leuleutik
Nu miara ti bubudak
Siang sinarengan wengi
Abdi teu weleh di jiad
Jadi jalmi nu utami

Ibu teh tunggul rahayu
Urang kudu wanti-wanti
Tong nganyenyeri manahna
Ke dibendon ku hyang widi
Dosa ka Ibu kia Rama
Hirup pinanggih balai

Ka sadaya dulur-dulur
Anu sami-sami hadir
Hayu urang sasarengan
Neneda ka hyang widi
Mugi-mugi sepuh urang
Di tebihkeun ti balai

Ulah hilap dulur-dulur
Nu pameget anu istri
Mun hayang hirup lugina
Kenging pahala ti gusti
Hormat ka Ibu ka Rama
Di puja jeung di pupusti