GUNUNG GEULIS
Asmarandana
Kateulahna gunung geulis
Wetaneun gunung Manglayang
Ti cipelah ngeser ngulon
Tatar wilayah Sumedang
Geus lila hayang midang
Hayang ditudung halimun
Disinjang leuweung larangan
Di puncakna tegal eurih
Taya kakayon nyimbutan
Saincak-incak ngan kebon
Di sawang ti kaanggangan
Ruhay beureum burahay
Ciibun lapur teu nyangkrung
Ci hujan teu bisa muntang
Bihari jadi pinuji
Jadi gunung pananggeuhan
Cinyusu pating golontor
Jadi sumber kahirupan
Sumber cikahuripan
Sabudeurna juuh subur
Taya nu anga4r ngalahgar
Kiwari bangun prihatin
Mun jalma meureun midangdam
Wantu geus taya pangajen
Geus teu bisa neundeun jasa
Asa diteungteuinganeun
Da puguh cinyusu surud
Saraat di unggal tempat
Gunung geulis lir ngageuri
Nginghak kawas dirangsadan
Karerab ku panon poe
Beurang hareudang bayeungyang
Mun peuting kabulusan
Kulitna susud karurud
Dirangsadan ku ci hujan
Pamarentah kungsi singkil
Gunung geulis dibajuan
Ditanceban ku kakayon
Geus rek miang tandang midang
Kapegat ku karaman
Reformasi salah sulap
Diranjah di karebonan
Kiwari buligir deui
Teu nyangsang beunang salambar
Ka pulah kadalon-dalon
Teu karaksa teu kariksa
Sabar ngadago mangsa
Ngajentul nunggu pangagung
Nu toweksa wijaksana
Di tulis ku :
H. Samud.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar