Selasa, 18 Agustus 2009


Gagak Lumayung

Dangdanggula

1. Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit "dongeng Karuhun", nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saestu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan.

2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, reh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah eta teh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu perceka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat.

3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun saé. Hak hukumna bener Wujud, bebeneran purwaning Kawit, Kawit babatan Asal, Kama-Kami-Kamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka parawargi, nyanggakeun saterasna.

4. Kieu kawit ujar ki Musanip, nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu, nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah teu aya tandingna, Radén Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah Kiansantang.

5. Kakoncara harita sa-Jawi, Majapait sadérékna kalah ku Radén Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya nu wantun ngunghak, ka Radén Lumayung, malah danget harita mah, ku ramana dijenengkeun Sénapati, Pahlawan Pajajaran.

6. Waktos éta Radén runtik galih, tina margi keukeuh hoyong terang, getih salirana tulén, teu acan terang saumur, ti aalit gé can ningali, na kumaha rupina, weléh tacan weruh, gaduh raos panasaran, tina margi pakarang taya nu mahi, bakating ku gagahna.

7. Mangsa éta di sa-Pulo Jawi, tacan aya Islam nu sumebar, Agamana Hindu kénéh, nya kitu Gagak Lumayung, harita téh ujub sareng dir, raosna panggagahna, suwung anu pamuk, n-tung anjeunna anu gagah, anumawi can terang getih pribadi, dugi ka medal sumpah.

8. "Saumur gé moal rék rarabi, mun can nyaho ka getih sorangan." Éta kitu saurna téh, lami-lami teras ngangluh, gulangguling siang lan wengi, damelna gulinggasah, galih teu kaasuh, keukeuh manah panasaran, lajeng baé ngadeuheus ka rama Aji, ku rama dipariksa.

9. Ayeuna téh ama rék meredih, kudu walon anu sabenerna, kusabab béda pasemon, naon nu dianggo ngangluh, bilih hoyong Putri nu geulis, da moal matak susah. Pajajaran mamur, moal kurang mojang lenjang, nu gareulis kapan di dieu ngabaris, nu ginding gé gedongna.

10. Nu lalucu Putri nu maranis, kantun milih rék ka putra saha, lamun di dieu geus poos, geura milih putra Ratu, nu caraket anu tarebih, putra Raja talukan, kénging Radén tarung, pék pilih ka putra saha?" Kiansantang ka ramana nyembah tadim, kinanti nu balaka.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar