Minggu, 27 September 2009

Gendig Karesmen

Gending Karesmén mangrupa salah sahiji kasenian Sunda anu nepi ka kiwari masih kénéh kapiara kalumangsunganna. Bisa dititénan dina sababaraha pintonan anu mindeng diayakeun di gedong-gedong kasenian, atawa di tempat séjénna. Saperti anu digelar di Taman Budaya Jawa Barat sawatara waktu katukang, Gending karesmén Pangéran Jaya Karta, Aki Nini Balangantrang, Pangéran Samudra, Ngabungbang, Si Kabayan jeung Raja Jimbul, jeung sajabana. Iraha jeung kumaha atuh sajarahna Gending Karesmén téh? SB ngahaja midangkeun sausap-saulas catetan ngeunaan Gending karesmén, dumasar kana katerangan Wahyu Wibisana, jeung sumber-sumber séjénna.



Sajarah

LAHIRNA Gending Karesmén teu leupas tina pangaruh Belanda, mangsa keur jaman penjajahan. Malah nurutkeun Wahyu Wibisana, wangunan Gending Karesmén téh kailhaman ku wanda kasenian anu jol-na ti Barat: Opera. Harita para seniman Sunda, ngayakeun torobosan anyar pikeun nyioeun kasenian anu luyu jeung kabudayaan Sunda. Nepi ka ahirna kurang leuwih 1902, aya istilah anu disebut Tunil Tembang. Ari istilah Tunil, asal kecapna tina basa Walanda. Pihartieunna téh taya lian Tunil anu ditembangkeun. Pangna nyokot tina basa Walanda, asup akal pisan, sabab anu harita jadi luluguna téh taya lian Menir Saleh, hiji guru anu percéka dina widang kasenian. Wahyu teu pati apal, lalakon naon anu harita dipintonkeun ku Menir Saléh. Tapi lamun dianalisis mah wangunanna téh nya kaasup kana wangunan tembang. Lirikna mangrupa pupuh, anu saterusna diluyukeun jeung lalakon. Sebut baé sandiwara anu ditembangkeun.

Kira taun 1924, istilah Tunil Tembang téh diganti jadi Dogér Tembang. Pang kitu téh ku sabab istilah Tunil téa, anu lain basa Sunda asli. Nya harita mimiti pisan mintonkeun Dogér Tunil Ciung Wanara, dina acara Kongres Bahasa Sunda I. Saterusna taun 1926, dina Kongrés Bahasa Sunda ka-II, dipintonkeun deui Gending Karesmén anu lalakonna Sarkam-Sarkim, karya Raden Mahyar Angga Kusumadinata jeung Dalem Cikundul, karya Raden Méméd Sastrahadiprawira.

Istilah Gending Karesmén jolna ti Raden Mahyar Angga Kusumadinata (musicoloog Sunda), anu dipaké tug nepi ka kiwari. Tapi saméméhna mah, nurutkeun Tatang Benyamin Koswara, Radén Machyar Angga Kusumadinata boga pamanggih mun yén istilah anu loyog téh nyaéta “Rinéngga Sari”, nyaéta gabungan sakur rupa-rupa kesenian, saperti Seni Karawitan (Boh karawitan Vokal, atawa karawitan Instruméntal), seni gerak, seni sastra, seni rupa ,tata lampu, tata suara, tata rias / busana, seni peran, jeung sajabana. Ti baheula sok disebut téater naskah. Hartina téater anu ngagunakeun naskah. Naskahna heula ditéangan. Laju néangan laguna. Puguh baé ari téater naskah mah, kaasup kana téater modérn, ku sabab ngagunakeun naskah téa. Béda jeung téater tradisi, anu ngandelkeun improvisasi ti sakur pamaén.

Dina taun 1930-an, aya pagelaran Gending Karesmén anu nyokot lalakon Lutung Kasarung, karya Raden Karta Brata. Nya mémang dina taun 30-an pisan, mimitina katelah pagelaran Gending Karesmén.

Nyaritakeun perkara Gending Karesmén Dalem Cikundul, ceuk Wahyu Wibisana, wangun naskahna tembang atawa pupuh. Jadi prak-prakanana, Nangtukeun heula pupuh naon nu rék dipaké, satuluyna dilaguan. Atawa sebut baé ngarumpakaan lagu. Kacida bédana jeung Gending Karesmén Sarkam-Sarkim, karya Raden Mahyar Angga Kusumadinata, anu wangunanna téh lain mangrupa tembang atawa pupuh, tapi mangrupa kawih. Béda pisan oriéntasi antara Radén Méméd sareng radén mahyar téh. Ari Radén Méméd mah nuluykeun tradisi Menir Saléh. Sabalikna Radén Mahyar nyokot lagu nu geuis nyampak dina sinden.

Kabéhdieunakeun, RTH Sunarya ogé kungsi ngagarap Gending karesmén. Tapi eusina téh Henteu ngan saukur lagu. RTA Sunarya mah nyempalkeun dialohg. Da puguh ceuk pamanggihna ogé, lamun Gending Karesmén hayoh baé maké lagu, tinangtu bakal bosen.

Wahyu Wibisana kakara taun 1960-an mimitina ngagarap Gending Karesmén. Ecésna taun 1962, Wahyu mintonkeun Gending Karesmén Mundinglaya Saba Langit di Bandung. Disusul taun 1964, ngagarap deui Gending Karesmén anu lalakonna Inten Déwata di Garut. Tuluy ngagelar Gending Karesmén dina lalakon Galunggung Ngadeg Tumenggung di Tasik Malaya. Saméméhna mah boga karep rék mintonkeun Gending Karesmén Aki Nini Balangantrang di Ciamis dina taun 1965. Hanjakal pisan, harita téh keur mahabuna G 30 S/PKI. Dina taun éta, Mang Koko ngagarap Gending karesmén Mang Koko menyebut Gending Karesmen, kalayan istilahna dirobah jadi Drama Swara. Anu nilik kana prinsipna mah sarua pisan jeung Gending Karesmen, nyaéta pintonan Drama anu dialogna dinyanyikan/dilagukeun

Dina taun 1967, Wahyu Wibisana nyieun naskah Gending Karesmén anu lalakonna Aki Nini Balangantrang. Satuluyna dipasrahkeun ka Mang Koko, pikeun dipigawé laguna, sarta dilagukeun ku para pamaénna. Ari naskahna Aki Nini Balangantrang, loba nyokot tradisi baheula, winangun pupuh. Aya bagian nu lebet kawih, atawa lebet ruimpaka nu kedah dilagukeun.

Basa dipentaskeun di Taman Budaya Jawa Barat sawatara waktu katukang, Aki Nini Balangantrang henteu sagemblengna digelar. Lalakon dipintonkeun téh sebut baé dibobok tengah. Ti mimiti nalika Ciung wanara dipalidkeun kana kandaga, teras kapendak ku Aki Nini balangantrang. Ceuk Wahyu, naskah Aki Nini Balangantrang henteu mangrupa winangun pupuh. Estuning mangrupa sajak, anu saterasna disanggi ku Mang Koko.

Upama Wahyu nitenan lagu-lagu Mang koko anu henteu lebet kana Gending Karesmén, katingali aya wanda anu has dina unggal lagu. Saperti lagu Reumis Beureum Dina Eurih, kacida bédana jeung lagu Samoja. Boga wanda séwang-séwangan. Teu béda jeung Ismail Marzuki. Saperti lagu ‘Sepasang mata bola’, kacida bédana jeung lagu ‘Melati di Tapal batas’. Lebah dinya diantara kaistiméwaan Mang Koko. Ceuk Wahyu kénéh, Mang Koko mah lamun nyanggi lagu téh sok diluyukeun jeung teks rumpakana. Saperti upama nyaritakeun Bulan Purnama, Mang Koko mah bisa pisan mawa suasana laguna, nepi ka bisa katingali jeung karasa. Hartina, ceuk Wahyu, Mang Koko mah nyieun lagu téh, henteu pararadu, komo dapon henteu mah. Tapi sok neuleuman heula eusining rumpakana. Dilenyepan heula kalayan daria. Malah aya kalana sok ngahajakeun konsultasi heula jeung Wahyu, lamun rék nyanggi rumpaka meunang Wahyu Wibisana. Teu anéh upama nepi ka kiwari, karya Mang Koko tetep bisa ngakar di masarakat. Boh karya Gending Karesmén atawa lagu-lagu lepasna. Sebut baé ‘Kembang Tanjung Panineungan’. Upama téa mah éta rumpaka sajak henteu disanggi ku Mang Koko, can tangtu bisa ngakar nepi ka kiwari. Puguh baé antara nu ngarang rumpaka jeung nu nyanggi, sarua pentingna. Pada-pada nangtukeun kana kualitas hiji karya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar