Minggu, 27 September 2009

Hasan Mustapa
Haji Hasan Mustapa atawa kawentarna Panghulu Haji Hasan Mustapa (Cikajang, 3 Juni 1852 atawa 14 Sya'ban 1268 H - Bandung, 13 Januari 1930 atawa 12 Sya'ban 1348), ulama sakaligus sastrawan Sunda ahir abad ka-19/awal abad ka-20.

Babad salira

Bibit buit

Masarakat Sunda biasa nyebut Hasan Mustapa salaku Panghulu Haji Hasan Mustapa (salajengna dina ieu artikel disebut HM), sabab kalungguhanana di Bandung nyaéta salaku 'Panghulu Besar' (Hoofd Panghoeloe). Ngaran Hasan Mustapa téh paméré rama jeung akina; 'Hasan' ti bapana, sedengkeun 'Mustapa' ti akina. Ngaran bapana nyaéta Mas Sastramanggala (Haji Usman), camat kontrakan entéh Cikajang, Garut, turunan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ibuna, Nyi Mas Salpah (Éméh), téh putra Mas Kartapraja, sarua camat kontrakan entéh Cikajang, turunan Dalem Sunan Pagerjaya di Suci, Garut. Mun nilik pancakakina mah, boh ti pihak indung atawa ti ramana, HHM téh turunan priyayi. Malah mah, numutkeun silsilah bupati Sukapura, HHM téh jéntré tedak ménak, turunan bupati Sukapura.

Atikan

Kahirupan ménak Sukapura nu dalit jeung kaislaman (utamana jaman Subangmanggala putra Kangjeng Dalem Anggadipa nu diasuh ku Séh Abdul Muhyi), sigana mah mangaruhan kana diri HHM. Komo kolotna hayangeun pisan sangkan HM jadi ulama, nepi ka cenah ditirakatan puasa senén-kemis salila tilu taun. Dina umur tujuh taun, HM mimiti ancrub kana kahirupan pasantrén nalika dititipkeun ka Kiyai Hasan Basri ti Kiarakonéng, ahli Qiro’at, nu boga pamadegan yén pangajaran maca Qur’an téh mangrupakeun dasar atikan agama. Ti anjeunna, HM bisa maca Qur’an kalawan hadé.

Dina umur 8 taun, HM pernah diasupkeun ka Sakola Kabupatén ku Holle, tapi teu disatujuan ku bapana maké alesan rék dibawa ka Mekah. Tadina mah Holle keukeuh hayang HM sarua sakola jeung budak priyayi lianna, tapi antukna mah éléh da bapana keukeuh. Di Mekah anjeunna kungsi guguru ka Séh Mukri. Samulangna ka lemah cai, HM neruskeun masantrén ka Kiyai Hasan Basri, nepi ka ngolotok, hafid Qur'an. Ti dinya, HM neruskeun guguru dasar-dasar nahwu-sorop ka Rd. H. Yahya, pangsiunan panghulu Garut, teras ka Kiyai Abdul Hasan di Tanjungsari, Sumedang pikeun nyuprih élmu sorop, nahwu, jeung fiqh. Ti Sumedang, anjeunna balik deui ka Garut pikeun guguru ka Kiyai Muhammad jeung Kiyai Muhammad Ijrai. Lian ti éta, sigana mah HM ogé kungsi guguru ka Kiyai Abdul Kahar (Surabaya) jeung Kiayi Halil (Madura), ogé sababaraha kiyai asal Nusantara di Mekah, kayaning Séh Nawawi Al-Bantani, Abdullah Al-Zawawi, Hasbullah, Séh Abubakar Al-Satha.

Dina buku Aji Wiwitan, HM nyebutkeun yén anjeunna geus neuleuman genep welas rupa élmu, di antarana ushul, tasawuf, jeung tauhid. Ogé disebutkeun yén anjeunna geus neuleuman élmuna di Mekah, di antarana ka Séh Muhammad, Séh Abdulhamid, Séh Ali Rahbani, Séh Umar Sani, Séh Mustomal Apipi, Sayid Bakir, jeung Sayid Abdul Janawi. Tina kasang tukang atikanana, bisa dijinekkeun yén HHM digedékeun di lingkungan pasantrén, sarta disawawakeun di Mekah. Di Mekah téh anjeunna salila dalapan taun, sarta mulang nalika umur 30 (taun 1882). Salila di Mekah, anjeunna wawanohan jeung Snouck Hurgronje. Nalika mulang ka Garut, ramana téh geus pupus. Ti samulangna ti Mekah, anjeunna harita geus katelah kiyai/ajengan (ulama). Kusabab diajak Hurgronje, HHM lajeng ngumbara ka sababaraha tempat, nepi ka kungsi jadi panghulu di Acéh, saméméh mulang deui ka Bandung kalawan kalungguhan panghulu besar di Bandung nepi ka pangsiunna.

Karya-karyana

Lian ti kawentar ku kalungguhanana salaku Panghulu Besar, HHM téh pinter sarta luhung élmuna, boh ngeunaan agama atawa kabudayaan (hususna Sunda). Anjeunna ogé kawentar salaku pangarang nu karyana loba pisan. Ku sabab kitu, HHM téh kawentarna lain ukur di lingkungan pamaréntah, tapi ogé di masarakat jeung budayawan. Anjeunna dianggap salaku bujangga Sunda nu nepi ka kiwari can aya tandinganana. Sababaraha dangdingna dipikawanoh pisan ku masarakat, kitu ogé banyol-banyolna. Pamadegan hirupna ogé, pikeun nu resep mah, sok baé diteuleuman; sigana mah dumasar kana buku-buku nu kungsi sumebar, kayaning Balé Bandung jeung Syéh Nurjaman.

Loba nu nyangka yén HHM mimiti ngarang sanggeus balik ti Acéh, padahal Wangsaatmaja nyebutkeun yén HHM mah basa keur di Mekah gé geus kungsi nulis buku leutik dina basa Arab nu judulna Fathul Muin, medal di Mesir. Kern ogé nyebutkeun yén basa keur di Mekah téh HHM kungsi nulis buku-buku kaagamaan jeung puisi Arab nu medal di Kairo. Dumasar kana karya-karyana anu bisa kakumpulkeun, anjeunna leuwih getol nulis sanggeus jadi Panghulu Besar Bandung, sanggeus pangsiun. Malah ceuk Wangsaatmaja mah, 20 poé saméméh pupus gé HHM masih miwarang Wangsaatmaja nuliskeun pamikiranana dina buku poéanana. Karya munggaran HHM nu kanyahoan téh titimangsana taun 1899, nyaéta naskah nu judulna Aji Wiwitan Gelaran, buku jilid ka-3, sedengkeun nu panungtung judulna Aji Wiwitan Aji Saka II, buku jilid ka-14, nu numutkeun Wangsaatmaja mangrupakeun kumpulan kasauran HHM saméméh pupus. Dina mangsa 31 taun (1899 nepi ka 1930), HHM ngahasilkeun puluhan karya ngeunaan pamikiran, rarasaan, sarta pamendak anjeunna ngeunaan agama, tasawuf, filsafat, adat kabiasaan urang Sunda, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman ku anjeunna. Nu kacatet sarta bisa kakumpulkeun aya 49 buku. Ti sakabéh karya-karyana, nu matak hélok mah dangdingna nu jumlahna kira 10000 bait.

Salaku pangarang, gaya dangding HHM loba nu niron, utamana ku pangarang Sunda sanggeus perang. Sedengkeun karyana ngeunaan adat jeung kabudayaan Sunda, loba ditalungtik ku oriéntalis Walanda, malah ku Kern kungsi ditarjamahkeun kana basa Walanda. Salaku ulama nu sok nulis ngeunaan agama jeung tasawuf, HHM teu ukur dipikawanoh ku maasrakat Sunda, tapi ogé ku ulama jeung ahli tarékat Jawa, Madura, malah nepi ka Irak, Mesir, jeung Kualalumpur. Ku kituna, HHM diaku pisan jasana ku Pamaréntah, sahingga taun 1977 dileler Piagam Hadiah Seni jeung piagam panghargaan ti Pamaréntah Propinsi Daerah Tingkat I Jawa Barat taun 1965.

Sanggeus pangsiun, HHM kadang sok medar agama jeung tasawuf dina pasamoan-pasamoan informal, kadang di bumina, kadang di tempat séjén, di imah jalma nu hayang ngadéngékeun pamikiran-pamikiran anjeunna. Pasamoan ieu ku HHM sok disebut “ngawarung bandung”. Dina pasamoan éta, HHM teu kungsi ngarasa jeung teu kersa ngaguruan. Kitu ogé nu ngariung dina éta pasamoan, tara ieuh ngaku salaku murid HHM, sabab guguru mah cenah ngabalukarkeun pribadi jalma jadi teu mekar. HHM miharep sangkan unggal jalma bisa bébas neuleuman sarta ngedalkeun sagala pamanggihna, luyu jeung kamampuhna séwang-séwangan. Kusabab kitu, pedaran HHM pikeun jalma-jalma nu sok ngawarung bandung mah katampana téh sok béda-béda tapsirna. Hal ieu katiténan di antara para jamaahna, misalna antara Ajengan Bangkonol jeung Kiyai Kurdi ti Singaparna. Kasebutkeun yén sanggeus ngalenyepan ajaran agama jeung tasawuf ti HHM, Ajengan Bangkonol geuwat ngabubarkeun pasantrénna sarta nyoéhkeun bedug nu aya di masjidna, alatan ngarasa dosa geus ngajarkeun paham agama nu salah. Sedengkeun Kiyai Kurdi, sanggeus ngalenyepan pedaran nu sarua, pasantrénna kalah digedéan sahingga santrina leuwih loba.

Teu kanyahoan aliran tarékat naon anu diagem sarta diajarkeun ku anjeunna. Aya nu nyebutkeun yén anjeunna ngawasa sakabéh alirann tarékat, tapi teu milih salah sahiji ti antarana. Aya ogé nu nyebutkeun yén anjeunna ngagem aliran Satariah. Nu écés mah, karya-karya HHM mindeng nyabit-nyabit yén anjeunna resep ka al-Ghazali, misalna dina pustaka Aji Wiwitan Istilah, buku jilid ka-1 jeung Aji Wiwitan Aji saka, buku jilid ka-14.

Sacara umum, karya-karya HHM mangrupakeun kumpulan nu pajeulit ngeunaan naon-naon anu kalenyepan ku anjeunna, adu manis antara Islam, tasawuf, kabudayaan Sunda, otobiografi, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar