Jumat, 04 September 2009

Raden Machjar Angga Koesoemadinata
Raden Machjar Angga Koesoemadinata (sering ogé diseratkeun Kusumadinata, Kusumahdinata, kusumah dinata, Anggakusumadinata; langkung dikenal ku nami Pak Machjar atawa Pak Mahyar, lahir di Sumedang, 7 Désémber 1902, wafat di Bandung, 9 April 1979) téh seniman sinareng musikolog Sunda. Anjeunna dikenal sebagai pangarang lagu-lagu Sunda, pangatik nu ngakhususkeun anjeun kana ngamajukan pamgatikan seni-sowanten Sunda, panalungtik kalayan ahli téori musik Sunda, anu nyiptakeun kanayagan (sistim notasi nada) Sunda da mi na ti la sinareng nu pamendak sistem 17 tangga nada Sunda.

Biografi
Pa Machjar nu di masyarakat Jawa Barat langkung dikenal seniman pencipta lagu-lagu Sunda sayaktosna mah pangatik sinareng pakar musikologi, hususna etnomusikologi anu nitenan pelog sareng salendro. Pangaweruh anjeunna perkawis seni karawitan pelog sareng salendro téh kékéngingan ti waktos murangkalih kénéh dumeh guguru ka sabaraha urang juru tembang sinareng nayaga, di antawisna diajar rebab ka para nayaga ulung Pak Etjen Basara, Pak Sura sareng Pak Natadiredjo, diajar gamelan ka Pak Sai dan Pak Idi, kalayan diajar tembang ka Pak Oetje juru pantun kakoncara di Bandung.

Ngawitan Pak Machjar kenal kana metoda sains sinareng elmu fisika sinareng elmu musik barat ogé waktos ajeunna janten murid di sakola guru (Kweekschool sareng Hogere Kweekschool). Ku ngadasarkeun kana élmu musik barat sareng élmu fisika anu tos kalintang jero diteuleumanana, anjeunna ngayakeun pangukuran sareng panalungtikan frekuensi soanten-soanten nu aya dina rancatan gamelan sareng lagu-lagu anu dikawihkeun atanapi aun digentrakeun dina rebab. Dina tahun 1923 (masih kénéh di bangku sakola) anjeunna parantos nyiptakan serat kanayagan (notasi nada) da mi na ti la, kalayan nyerat buku teori seni soanten Sunda anu dijudulan ‘Elmuning Kawih Sunda’. Saparantosna namatkan HKS sareng ditempatkeun janten guru di HIS Sumedang (1924-1932), anjeunna neraskeun panalungtikanana perkawis téori seni raras.

Anu janten titik balik penting dina karierna ajeunna salaku panalungtik téh paamprokna sareng Mr. Jaap Kunst, ahli etnomusikologi Walanda, di antawis tahun 1927-1929, nu nuju ngayakeun panalungtikan seni soanten di sakuriling kapuloan Nusantara. Tah didieu téh kajantenan ayana saling nukeur élmu, antawis élmu musik ti Jaap Kunst sareng élmu gamelan atanapi pelog-salendro ti Pa Machjar. Tah dina danget ieu pisan anjeunna neuleuman langkung jero deui perkawis konsép keléter soanten sinareng cara ngukurna nganggo instrumén anu ngalibatkeun konvérsi matematikna kana sakala musik nu nganggo nilai logaritma, konsep interval cents ti Ellis (1884) sinareng Hornbostel (1920) kalayan music rule ti Reiner.

Tahun 1933,anjeunna ditugaskan ngawengku sisim pangatikan seni soanten di sadaya sakola-sakola pribumi di Jawa Kulon kalayan nganggo sistim da mi na ti la. Dina jaman pendudukan Jepang (1942-1945) anjeunna ngawulang di sakola guru, saterasna ti taun 1945 dugi ka 1947 anjeunna janten guru élmu alam, sajarah sareng basa Inggris di (SMP/SMA) Bandung. Saparantosna éta ajeunna diangkat janten kapala kantor Pendidikan (koordinator Pendidikan Rendah) di Sumedang (1947-1950) anu salajengna ditugaskeun kana pangatikan seni-soanten di sakola-sakola handap sareng menengah Jawa Kulon di Bandung (1950-1952). Salajengna anjeunna janten staf ahli di Jawatan Kebudayaan Jawa Kulon di Bandung. Salajengna deui di taun 1958 (dugi ka 1959), anjeunna diangkat janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung. Salian ti éta ajeunna téh oge janten dosen luar biasa kanggo ngawulang élmu akustik sareng gamelan Sunda di Konservatori Karawitan Surakarta (1953-1959).

Anjeunna téh nikah sareng Ibu Saminah salah sawios lulusan nu pangheulana di sakola guru isteri Van Deventer di Salatiga. Aranjeunna dikarunia ku 10 urang barudak, mung waé hanjakalna téh teu aya nu ngagugulung kasenian, nganging seseueurna icikibung dina bidang élmu pangaweruh alam; Machjeu Koesoemadinata (alm), Kama Kusumadinata (alm, ahli volkanologi di Diréktorat Vulkanologi, Departemén Pertambangan), Ny Karlina Sudarsono (alm), dr. Soetedja Koesoemadinata (alm), Prof. Dr. R. Prajatna Koesoemadinata (guru besar emiritus dina élmu geologi ITB), Dr. Santosa Koesoemadinata (pangsiunan panalungtiki biologi di Departemen Pertanian), dr. Rarasati Djajakusumah (alm), Prof. Dr. Roekmiati Tjokronegoro, (gurubesar dina élmu kimia di Universitas Padjadjaran), Muhamad Sabar Koesoemadinata (ahli Geologi Kwarter di Pusat Penelitian dan Pengembangan Geologi), sinareng Ir. Margana Koesoemadinata (alm, ahli akustik di LIPI nusalajengna di KLH). Nya aranjeunna teh sempat ngadegkeun Yayasan Daminatila usaha supados ngalestarikeunn karya-karya sareng pamendak hasil panalungtikan Pa Machjar.

Pamendak sinareng Hasil Karya

Salaku seniman pangarang lagu, Pa Machjar nyiptakan lagu-lagu Sunda sapertos Lemah Cai, Dewi Sartika, Sinom Puspasari, atanapi ngadangding lagu-lagu Sunda traditional kalayan nyeratkeunnana nganggo notasi da mi na ti la. Salaku seniman anjeunna oge ngadangding sandiwara kalayan ngamimitian Gending Karesmen (opera Sunda) nu disebat anjeunna Rinenggasari sinareng karya-karyana di antawisna Sarkam Sarkim (1926), Permana Permana Sari (1930), Sekar Mayang (1935), Trésnawati (1959) sareng Iblis Mindo Wahyu (1968).

Salaku ahli teori musik, hususna di bidang Pelog sareng Salendro, anjeunna ngaformulasikan sistim notasi da mi na ti la kanggo lagu-lagu Sunda, nalungtik kalayan nyerat perkawis téori seni raras dan gamelan di antawisna Ringkesan Pangawikan Rinengga Swara (1950), Ilmu Seni Raras (1969) sinareng oge buku lagu-lagu Sunda. Babarengan sareng Mr. Jaap Kunst anjeunna ogeh seueur ngahasilkeun tulisan (publikasi) perkawis téori musik gamelan. Dina antawis hasil panalungtikan sinareng pangciptaan dari Pa Machyar teh gamelan éksperimental nganggo 9-tangga nada (1937) kanggo pelog sareng gamelan 10-tangga nada kanggo salendro (1938), mung wae kaduana teh laleungitan waktu jaman (1942-45). Lian ti nyiptakeun gamelan monumental Ki Pembayun, anjeunna oge nyiptakeun gitar akustik 17 tangga nada.

Sumbangan anjeunna pangageungna téh ayana dina hasil panalungtikan anu saleres-leresna sifatna ilmiah anu nuju ka universalitas (unified theory) seni soanten nyaéta teori 17 tangga nada Sunda (1950) di mana hiji oktaf diwengku ku 17 interval nu sami di 70 10/17 cents, ti mana tiap nada setiap laras (tangga nada) Sunda téh tiasa dicandak. Ieu model téh sifatna universal kumargi ngagaduhan nada-nada anu lengkep pisan sareng tiasa digentrakeun kanggo ngiringkeun lagu-lagu dina mangrupi-rupi tangga nada.

Dina panalungtikanna anjeunna ngagunakan alat ukur keleter soanten monochord anu di damelna dibantu ku tukang kecapi sareng nayaga ulung Pak Idi. Ieu alat téh dijangkepan ku skala keleter (frekuensi) nu ku alpukahna Mr. Jaap Kunst kenging ti laboratorium musikologi di Europa. Unggal-unggal monochord téh badé dianggo sateu-acanna anjeunna ngakalibrasikeun heula kana garpuh soanten anu keleterna tos baku (660 hz). Ieu alat téh nyatana cekap akurat, dugi ka dianggo oge ku pakar-pakar musikologi sepertos Prof. Collin McPhee ti Amerika Serikat sareng C. Campagne, direktur sakola musik di Bandung. Alat monochord ieu téh mangrupi alat utami Pa Machjar nu dicacandak ka mana-mana waktos ajeunna ngayakeun panalungtikan perkawis Pelog Salendro dugi ka pupusna.



Ki Pembayun

Ku alpukahna kalayan bantuan ti Industri Pariwisata P.D. Provinsi Jawa Barat, anu disesepuhan ku R.A. Sjukur Dharma Kesuma, di taun 1969 Pa Machjar nyiptakan gamelan anu dinamian ‘Ki Pembayun’ (hartosna si cikal) sareng nu mangrupikeun gamelan pangageungna nu pernah aya di Indonesia. Ieu gamelan téh diwangun kanggo ngawujudkeun kependakna teorinya sistim 17 tangga nada. Sanés waé Laras Salendro, Madénda, degung, Kobongan Mataraman, waé anu tiasa digentrakeun dina ieu gamelan téh, nanging lagu-lagu nu tangga nada musik Barat ogé tiasa dimaénkan ngaggo ieu gamelan téh.

Peupeuriheun gamelan Ki Pembayun téh hésé dimaénkeunana kumargi mangrupi hal anu teu umum sareng meryogikeun waktos nu lami kanggo latihanana, nanging kanggo bahan kajian mah ku ayana ieu gamelan téh penting pisan. Na da teu sakedik para panalungtik ti nagara lain nu kagum ku munculna ieu gamelan téh. Nurutkeun ahli etnomusikologi Andrew Weintraub (2001), munculna gamelan sorog nu ayeuna ayeuna mekar, pada dasarna mah mangrupikeun pangaruh ti gamelan Ki Pembayun. Mung wae hanjakal pisan gamelan Ki Pembayun teh saterasna mah leungit raib. Hiji-hijina patilasan anu ayeuna aya keneh teh tiasa jantén mung potrét sareng gentra ieu gamelan anu masih tiasa kajeprét sareng direkam ku Dr. Margaret Kartomi, profesor musik di Monash University, Australia.

Panghargaan
Di antawis panghargaan-panghargaan anu ditampi ajeunna téh mangrupi penghargaan pang luhurna di bidang budaya; nyaéta Piagam Anugrah Seni, salaku ahli sareng pangweku teori Karawitan Sunda ti Menteri Pendidikan dan Kebudayaan (17 Agustus 1969), panghargaan pencipta lagu rampak sekar Ibu Dewi Sartika (4 Desember 1975), sinareng panghargaan ti Ikatan Seniman Sunda (9 Mei 1959).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar