Sabtu, 11 Juli 2009

MANG KOKO

Kasohorna mah Mang Koko.
Kolot budak nyarebut Mang Koko.
Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara.
Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917.
Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985.
Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti
Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang.

Pendidikanna HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu di ulik ti bubudak.
Padamelanna ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaeta ngawitan di Bale Pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan,
De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu salajengna janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung (1961-1973), Dosen Luar Biasa di Asti Bandung.

Bakat senina ngocor ti ramana nu akhli mamaos Ciawian & Cianjuran, diajar nyalira ti seniman akhli karawitan Sunda nu kondang sareng ngulik tina buku-buku karangan R. Mahyar Anggakusumadinata/musicoloog. Anjeuna nu ngadegkeun sareng janten pupuhu perkumpulan seni Jenaka Sunda "Kanca Indihiang" (1946), Taman Murangkalih (1948), Taman Cangkurileung (1950), Taman Setiaputra (1950), Kliningan Ganda Mekar (1950), Gamelan Mundinglaya (1951) sareng Taman Bincarung (1958).

Nu ngadegkeun sareng Ketua Umum Yayasan Cangkurileung/Pusat (1959), Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI) Bandung (1971), Oge kantos nerbitkeun majalah Kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Lagu-lagu sanggian Mang Koko tetela dipikaresep ku sarerea. Nepi ka ayeuna lagu-laguna masih keneh dihaleuangkeun, ti mimiti lagu-lagu jaman "Kanca Indihiang" nepi ka lagu-lagu sanggian ka ayeunakeun.

Mang Koko lain semet ngahaleuangkeun wungkul, tapi karya-karyana dibukukeun, nu sumebar ka sakuliah Tatar Sunda, malah ka sakuliah Indonesia. Buku-buku karyana diantawisna nyaeta Resep Mamaos (Ganaco 1948), Cangkurileung (3 jilid /Mitra Buana 1952), Ganda Mekar (Tarate 1970), Bincarung (Tarate 1970), Pangajaran Kacapi (Balebat 1973), Seni Swara Sunda (MB 1984), Sekar Mayang (MB 1984), Layeutan Swara (YCP 1984), Bentang Sulintang (MB 1989), jrrd.

Sajaba ti eta Mang Koko geus nyusun drama swara jeung gending karesmen, diantawisna : Gondang Pangwangunan, Bapa Satar, Adu Asih, Pahlawan Samudra, Gondang Samagaha, Pilih Kanda, Berekat Katitih Mahal, Sekar Catur, Sempal Guyon, Saha ?, Ngatrok, Kareta Api, Istri Tampikan, Si Kabayan, Si Kabayan Jeung Raja Jimbul, Aki Nini Balangantrang, Pangeran Jayakarta, Nyai Dasimah, jrrd.

Pikeun jasa-jasana Mang Koko dileler piagam "Anugerah Seni" Wijayakusumah ku Pamarentah Pusat/ Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Jakarta taun 1971, minangka panghargaan kana usahana salaku "Pembaharu Dalam Bidang Seni Karawitan Sunda".

Upami palay terang langkung paos sareng leres mah, panginten tiasa ditaroskeun ka Kang Tatang Benyamin putrana Mang Koko mantan kelas III Pal SMA Negeri No.1 Dago-Bdg, mun teu lepat mah sobat saalmamater Kang Djatnika sareng Kang Arofah Bachtiar sami-sami ahli seni Sunda.

Salah sahiji yasana Mang Koko/Wahyu Wibisana, petikan tina Drama Swara "Aki Nini Balangantrang",

Bray Siang

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Ti dieu nya pangapungan
Ka dieu nya pangeunteupan
Ku rayat kuring diatik
Keur rayat kuring nya jurit
Geus mangsana gulung tangan
Nagih nagara titipan ........

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Rek nangtung dina tangtungan
Rek napak 'na tatapakan
Nya asih tanpa wangenan
Ka bumi kembang katresna'an
Tanah mulya tuturunan
Pasti dibela tohtohan ...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar