Senin, 06 Juli 2009

Ucing Hui

Jigana barudak ayeuna mah geus loba nu teu apal naon ari ucing hui teh. Da enya atuh kapan barudak ayeuna mah geus modern, geus loba nu mopohokeun kana kabiasaan budak baheula, barudak ayeuna mah geus kajongjonan teuing ku deungeun, jigana mah matut kana paribasa : jati ka silih ku junti " teh nyaan.
Geura yu urang teungeutan naon Ucing Hui teh.
ucing Hui mangrupa salah sahiji kaulinan barudak jaman baheula (kuring mah ngalaman keneh) nu sok di lakukeun ku barudak bari ulin di buruan....kieu prak-prakanana teh :
Mimitina barudak teh hompimpah heula,
" Hompimpah tahu atah...
di goreng ku jalantah
Ma iyah tumpak gajah
seurina...hahahahahhaaaaahhh.....

Nu meunang pangheulana baru cingogo nyekelan kana pager kalawan pageuh pisan. Tuluy nu kadua nangkeup kana awak nu kahiji. nu katilu nangkeup kana nu kadua jeung saterusna, ngantay. Nu pangpandeurina jadi ucing ; leuleumpangan bari ngurilingan antayan nu caringogo tea bari nunjukan dubarengan ku kakawihan :
Kulenang-kuleneng samping koneng
kerejat-kerejut samping kadut
kurusak-korosak samping rangsak
buruwak-berewek samping rawek
+ " toroktok-tok. Urang lembur. aya nini jeung aki ka dinya ?
- " euweuh "
+ " ari eta naon (saha) nu tingjarentul ?"
- " Nu rek ngala hui !"
+ " meunang uing ngasaan ?"
- " ke rek dikali heula ......"
Ucing ngawih deui bari nguriling tuluy nanya deui:
+ " Urang lembur geus asak hui teh ?
- " Ke rek dikulub heula,"
Ucing nguriling deui tuluy nanya deui :
+ " Urang lembur geus asak hui teh ?"
- " Enggeus tapi kudu diuyahan, cig geura neangan heula uyahna !"
Ucing lumpat heularada anggang, teu lila jol deui bari ngomong,
+"Yeuh uyah teh mawa, cing urang purulukan bari ngasaan nu pangluhurna !"
- "Pek"
Ucing ngebetot nu cingogo pangtukangna. Lamun lesot tina antayanna, nu sejen geuwat lumpat ting beretel nyingkahan ucing bari saruka bungah padajaringas ngaromong , " Lingasan euy ucingna, ulah di lindeukan !"
Sanggeus capeun kakara areureun. Bari ngareureuhkeun cape, tuluy dariuk bari ngong kakawihan minangka hiburannana.


Tina "warna-warna kaulinan"
Kenging akub Sumarna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar