Sabtu, 11 Juli 2009


PROSESI PELEPASAN SISWA KELAS IX
SMP NEGERI I RANCAEKEK
JUNI 2009




Adegan ka hiji :

Narator :
Sakapeung mah ayun ambing
Ukur timang jeung hariring
Nganteur buah ati
Rap sirep sare sing tibra

Tapi hiji naluri
Nembus dayaning insani
Dimana katineung kamelang jeung atikan
Antare sumare dina diri puputon
Sangkan jaga waluya santosa

Lagu Nimang :
Neleng nengkung neleng nengkung
Geura gede geura jangkung
Geura sakola di Bandung
Geura tungtut elmu luhung

Timang timang duh hariring
Ayun ambing mangka eling
Manteng muntang ka hyang agung
Nyangga sadaya pitulung

Narator :
Anaking regepkeun ieu dongeng
Mangka eusina jadi luang pieunteungeun
Conto conto tina lajuning carita
Moal boa kasorang ku hidep jaga
Titi rintih duduga peryoga
Sing ngabatin ngawaruga
Elmu luhung kasakti diri
Sing ngabatin dina tangtungan pribadi

Lagu Nimang :
Eling eling duh anaking
Do`a Indung beurang peuting
Hirup sing pinuh panjaring
Ajeg diri ajeg tangtung

Neleng nengkung neleng nengkung
Geura gede geura nanjung
Geura riksa lemah cai
Mangka nanjung sugih mukti

Adegan ka dua :
Narator :
Daun daun anu ting arulang
Ngait kana ati namper dina sanubari
Panyawang jauh kalandeuh
Titik batin nepungkeun geuter ka deudeuh
Gurat gurat duriat ting kolebat
Dina tanjakan dina pengkolan
Jadi gambar gambar kakelar nu lawas heunteu ka guar

Anaking tempat atikan jeung didikan
Eta teh muara asih
Antara diri jeung lemah cai
Antara hidep jeung guru
Antara abdi jeung gusti
Pangancikan panineungan
Kalang pakalangan hirup
Lalakon medal jeung surup

Anaking ka asih tinu jadi guru
Moal laas kapanasan
Moal unggut kalinduan
Moal gedag kaanginan
Estu salawasna manteng
Ngait kana ati namper dina sanubari

Lagu pupuden Ati

Adegan ka tilu :
Narator :
Anaking geus kawajiban nu janten guru
Dimana hidep salah lengkah
Anjeunna wajib ngabebenah
Sangkan hidep tumaninah
Sabab geuning kaduhung tara ti payun
Hanjakal tara ti heula
Kaduhung aya ditungtung
Hanjakal datangna jaga

Anaking anjeun kudu emut
Yen hirup teh teu sakadar ngaringkang leumpang
Mapay hambalan poe antara beurang jeung peuting
Aya galura nu ngahudang urang tandang
Mapay mangsa datang anu nanjung tur gumilang
Yu nyaring kuniang hudang

Lagu Kinanti :
Eling eling aduh enung
Putra ibu anu geulis
Hidep ulah salah lengkah
Komo pangawakan istri
Teu sae ameng di jalan
Anggeur mah uih ka bumi

Hawatos nu janten sepuh
Tuh di bumi nganti nganti
Apan kanyaah sepuh mah
Langkung ka diri pribadi
Melaan nu janten anak
Tandona raga jeung pati

Adegan ka opat :
Narator :
Anaking lamun urang boga udagan jeung cita cita
Lengkah teh kudu ajeg ti ayeuna
Ngaliwatan rawayan penddikan
Elmu jeung kaparigelan
Salawasna ngeusian tangtangan jaman
Antara ayeuna jeung jaga

Lagu Karatagan Pasundan

Adegan ka lima :
Narator :
Anaking tilu taun urang babarengan
Tilu taun urang gogonjakan
Aya suka aya duka
Aya senang aya sedih
Duanana awor ngajadi hiji
Marengan lengkah urang sarerea

Anaking kiwari geus cunduk waktu
Geus tepi kana mangsana
Hidep di atik
Hidep di didik
Hidep di asah
Hidep di asuh
Kalayan pinuh ku kaasih bari jeung teu menta pamrih

Ayeuna ……………….
Bray geura buka eta surat
Geura imeutan eusina
Mangka eusina sing jadi bahan tafakureun hidep sadayana
Bapa jeung Ibu mah ukur bisa ngadu`a ti kanggangan
Bapa miwah Ibu moal bisa nulungan
Da memang geus kitu katangtuannana
Hidep kudu apal hukum dunya
Yen didunya sarwa papasangan
Aya beurang aya peuting
Aya bulan aya bentang
Aya panggih tangtu bakal aya pisah
Aya hasil aya teu hasil
Hasil atawa teu hasil
Urang kudu bisa narimakeunnana

Kalayan dikawitan ku aosan Bismillah
Bray geura buka eta surat.....................

Adegan ka genep :
Narator :
Puji sukur kanu maha Agung
Nu maha jembar tur heman
Anu parantos maparinan mangpirang pirang nikmat
Ngalangkungan bumi alam sahiji
Nu maha wening tur suci

Musik ilustrasi kacapi suling




Adegan ka tujuh :

Narator :
Nitih wanci nu mustari
Tepung taun milangkala
Mangsa lawas geus karandapan
Pungkasan lulus banglus rahayu
Seuweu siwi harepan nagri
Geus tutas tolabul ilmi
Kiwari rek diistrenan

Uwa uwa Lengser....................
Geura bageakeun uwa ............
Geura papageun uwa...............
Oge urang wilujeungkeun

Gending gudril ( lengser midang )

Adegan ka dalapan :

Narator :
Asa cikeneh ………..
Hidep diayun dihariringan
Ditimang diujang ujang
Dinengne di eneng eneng

Asa karek kamari
Hidep diwuwuh elmu pangaweruh
Sangkan jaga bisa reujeung sayaga

Sakapeung.........
Hidep disentak, disintreuk
Diusap di asep asep
Di elus di eulis eulis
Taya lian……..
Eta teh tawis kanyaah, kaasih jeung
Kadeudeuh tinu jadi Indung jeung Bapa
Bapa teu suka lamun hidep salah lengkah
Ibu teu rido lamun hidep jadi bodo

Kiwari.......
Geuning hidep teh geus sakitu gedena
Pangarti geus kaeusian
Elmu geus kasakuan
Geus waktuna kasep, geulis
Hidep lumaku
Sok sanajan urang kudu papisah
Lagu ayun ambing :
Ari ari ayun
Ari ayun geulis ayun ambing
Diayun mah diayun ayun ku samping
Ibu ngahariring hariring pinuh pangjaring

Geulis anak ibu
Nu kasep puputon kalbu
Sing boga wibawa
Ngabela ka nagarana

Lamun jadi jalma
Kudu hade ka sasama
Ulah sok kumaki
Bisi cilaka nya diri

Adegan ka salapan :

Narator :
Kasep geulis anaking
Geus hiji kawajiban keur hidep sarerea
Ngahormat nu jadi indung jeung bapa
Kapan indung tunggul rahayu
Bapa tangkalna darajat
Saha wae jalmana nu teu ngahormat nu jadi Indung jeung Bapa
Hirupna moal panggih jeung karahayuan
Oge moal menang darajat

Kasep geulis anaking.....
Prak hidep geura sungkem ka nu janten bapak miwah ibu guru
Sabab hidep sadayana moal bisa jiga ayeuna lamun teu aya aranjeunna
Ku alatan jasa aranjeunna
Hidep kiwari jadi ngarti

Kasep geulis anaking.....
Pek geura neda pangampura ka aranjeunna....
Geura pundut pidu`ana.....

Ilustrasi musik kacapi suling




Kunosari :
Bismillah ngawitan ngidung
Sumalindung ka illahi
Ka Allah nu maha heman
Seja numutkeun talari
Budaya karuhun sunda
Neda ridoning Illahi

Kidung :
Kiwari cunduk di waktu
Wancining rido Illahi
Putra teh sumeja ngaras
Ngabakti lahir lan batin
Ngawasuh dampal sampean
Ibu Bapa wiwit lahir

Kinanti Layar :
Duh ibu abdi hapunten
Rumaos abdi tamelar ka ibu kirang sumujud
Nu heman ka diri abdi
Di asuh pinuh ka asih
Di jaga di dama-dama

Teja Mantri :
Sim abdi nyanggakeun sembah tawis
Panghormat pangbakti
Ka Bapa nu saleh soleh
Nu asih ti awit lahir
Ngarumat siang jeung wengi
Abdi teh seja sumujud
Mugi kersa ngahaksami
Ti lahir dugi ka batin
Neda widi bade ngaras
Mugi bapa ngawidian

Tidak ada komentar:

Posting Komentar