Rabu, 15 Juli 2009

Dongeng Sareupna

NYAI SEKAR ARUM

Aya randa geus kolot , beunghar the, imahna nya gede nya alus, bilikna oge ku gebyog ; sawahna lega , kebonna lega,mundingna rea.
Boga hayam boga meri, boga entog, boga soang, beunghar bae cenah nya, sagala rea. Eta randa boga anak awewe hiji-hijina ngaranna Nyi Sekar Arum, kakara umur tujuh taun. Kacida dipikameumeutna ku indungna da ngan hiji hijina pisan, turug – turug Nyi Sekar Arum rupana hade, budakna kayungyun, nya begeur nya singer, nya calakan.
Nyi sekar Arum mah unggal poe the, ngeletek wae ulin sorangan di pipir imahna, dadagangan atawa angeun-angeunan, tara jarambah ulin kanu jauh, Jeung teuing ku beresih deui, Nyi Sekar Arum mah. Isuk-isuk the ku emana geus dimandian, rap didangdanan sina make samping ; sarung leutik, make kabaya, tuluy bae sina ulin.
Dina hiji mangsa indung Nyi Sekar Arum gering payah, nepi ka maotna. Ayeuna mah imahna, kebonna dicekel ku pamanna, dulur indungna Nyi Sekar Arum, da Nyi Sekar Arum Leutik keneh.
Nyi Sekar Arum geus jadi budak pahatu lalis, unggal poe ngadingkut bae ceurik ingeuteun ka indungna. Ari ka bapana mah teu nyahoeun, da basa bapana hilang, manehna nyusu keneh, kakara ngorondang.
Mimitina mah ku pamanna, ari Nyi Sekar Arum ceurik the sok diupahan, pokna “ Enggeus Eulis, ulah nangis, d any nyaah mah aya Emang jeung Embi. Engke ku embi dipangmeulikeun samping alus, baju alus, suweng alus, geulang alus. Enggeus ulah sok nangis nya, da Eulis mah bageur.”
Nyi Sekar Arum ari dipapagahan ku pamanna, ku bibina the sok jep bae repeh, tuluy leos deui ulin ka pipir imahna.
Tapi ari geus lilamah pamanna jeung bibina, tara daek ngupahan, jadi barengis deui, sok ngarangketan, Ari Nyi Sekar Arum ceurik ingeuteun ka indungna, kalah sok disentak bari dicarekan.
“ Tah budak beuki ceurik the geus ngeng deui leweh. Halik nyingkah sia kaditu, gandeng !”
Mindeng Nyi Sekar Arum tara dibere dahar. Ari menta sangu ka bibina sok disentak. Atuh nepi ka dua poe luntah-lenteh, ngan sok dahar hui atah, atawa sampeu beunang ngorehan ti kebon.
Ku bibina mindeng di buburak ti pipir, kaleng-kaleng peranti ulinna dialung-alungkeun ka jarian.
Nyi Sekar Arum sieuneun, ari nenjo bbina ambek-ambekan bari ngamang-ngamangkeun gagang sapu the, sok leos bae nyingkah, ngadon ceurik di kuburan indungna. Gek diuk deukeut tutunggul, pek ngawih.
Ema-ema kuring milu,
Kuring ku Emang di satru,
Emang Embi sering bendu,
Teu kersa maparin sangu.

Ema-ema peurih peijit,
Emang teh ka kuring sengit,
Kanyaahna eunggeus leungit,
Embi mah tuing ku delit.

Ema-ema ieu kuring,
Nalangsa beurang jeung
Peuting,
Embi mah mindeng sok pusing.

Ema-ema cing tulungan,
Ieu kuring ngan sorangan,
Heunteu manggih dadaharan,
Ku Embi teu dipasihan.

Ema-ema peurih beuteung,
Ema ka dieu sakeudeung,
Da kuring ngarasa keueung,
Di imah kuirng teu ludeung.
Ngelak bae Nyi Sekar Arum ngawih. Ari geus burit kakara balik ka imahna. Ari katenjoeun kupamanna Nyi Sekar Arum kakara dating, gorowok di carekan.
“ Tah, budak epes meer the kakara puncengis, keun entong dibere nyatu, bongan mumul digawe !”
Nyi Sekar Arum teu meunang unggah ka imahna,sok dug wae sare dipipir, ngagoler dina taneuh. Isuk-isuk poek keneh oge geus korejat hudang, tuluy deui ka kuburan emana, pek deui ngawih.
Ema-ema tiris teuing,
Kuring heunteu boga samping,
Samping ku Embi
dikeumbeing,
buligir kuring sapeuting.

Ema-ema kuring tulung,
Ku Emang kuirng ditundung,
Teu meunang unggah ka imah
Emang teu aya kanyaah.

Sabot Nyi Sekar Arum keur ngelak ngawih, ujug-ujug podonghol bae aya jantung tina kuburan emana, harita keneh jantung the beukah, oerna geus marurag, geus jadi cau saturuy, geus koneng, teu lila asak cau the, cau emas malutiktrik bakeuneur naker.
Nyi Sekar Arum mimitina mah olohok bae, nenjo jantung geus jadi cau the, teu lila pok ngawih deui.Cag

1 komentar:

  1. beu...nurih pisan kana ati nun, na kumaha katerasan ieu teh sanaos sakur carita tetep ngancik beja pibekelen jaga, cing pasihan abdi obor pikeun rarampa, ngaringkang nuntas ken carita sangkan ka ala beja na, hatur nuhun saacanna nun ...

    BalasHapus